Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Samuel 20 >> 

1Harita di Gilgal aya hiji jelema bangkawarah, ngaranna Seba bin Bikri ti kaom Binyamin. Manehna niup tarompet, tuluy ceceluk pokna, "Geus, Daud teh taringgalkeun! Tong ditaluturkeun! Hayu urang Israil urang baralik!"

2Urang Israil ngaburiak naringgalkeun Daud, tuluy naluturkeun ka Seba. Sabalikna urang Yuda mah tetep satia ngiring ka Daud ti Walungan Yordan ka Yerusalem.

3Sanggeus Daud aya deui di karaton di Yerusalem, parekanana anu sapuluh urang, anu dipiwarang nunggu karaton tea, ku anjeunna dipernahkeun di hiji imah anu tuluy dijaga ku pangawal. Sagala kaperluanana dicukup ku anjeunna, tapi tara dikuleman deui. Jadi harirupna teh dipingit sarta jaradi randa saumur-umur.

4Geus kitu raja nimbalan ka Amasa, "Urang Yuda kumpulkeun, pageto bawa ka dieu."

5Amasa iang rek ngumpulkeun urang Yuda, tapi dina tempona kudu datang teu datang bae.

6Ku sabab kitu raja nimbalan ka Abisai, "Seba bakal leuwih nyusahkeun ti batan Absalom. Bereskeun, bawa balad kami, bisi manehna kaburu mubus ka kota anu aya bentengna, moal bisa dibeunangkeun."

7Abisai ngumpulkeun prajurit bawahan Yoab, para pangawal raja, jeung prajurit salianna, tuluy kaluar ti Yerusalem rek ngudag Seba.

8Barang narepi ka hiji batu karang gede di Gibon, pasanggrog jeung Amasa. Ku Yoab dideukeutan. Yoab harita nganggo dangdanan perang, dina angkengna nyolegreng pedang. Sabot ngadeukeutan Amasa, pedangna murag.

9Yoab uluk salam ka Amasa, pokna, "Haturan, kumaha Adi damang?" saurna bari newak janggot Amasa ku panangan katuhu siga rek nyium,

10ari panangan kenca nyepeng pedang. Amasa teu aya curiga, jadi henteu iyatna. Bles beuteungna ku Yoab ditubles nepi ka peujitna amburadul kana taneuh. Ku Yoab teu kungsi dipindo, kaburu lastari. Geus kitu Yoab jeung Abisai rayina kebat rek ngudag Seba.

11Aya jalma bawahan Yoab anu nangtung gigireun mayit Amasa bari ceceluk, "Sakur anu misuka ka Yoab, sakur anu satuju ka Daud, tuturkeun Yoab!"

12Mayit Amasa burah-bareh ku getih, ngajoprak di tengah jalan. Jalma-jalma anu rek naluturkeun Yoab ngararandeg heula lalajo eta mayit. Ti dinya mayit Amasa ku jalmana Yoab diangkat, dipindahkeun ka jero kebon, tuluy dirimbunan ku simbut.

13Sanggeus mayit diangkat ti jalan, kakara jalma-jalma teh kebat naluturkeun Yoab rek ngudag Seba.

14Ari Seba liwatna ngambah wewengkon kaom-kaom Israil, tuluy asup ka kota Abel Bet Maaka, bareng jeung sakabeh jelema ahli-ahli Bikri.

15Yoab geus uningaeun yen Seba aya di dinya, seug eta kota dikepung. Balad Yoab ngunggul-ngunggul taneuh sina ngadingding nyanghareupan kuta ti luar, ari kutana dikali sina rugrug.

16Aya hiji awewe binangkit ngagero ti luhur kuta, pokna. "Dengekeun! Dengekeun! Unjukkeun ka Yoab, kuring rek aya pihatur!"

17Yoab nyampeurkeun. "Bapa teh Bapa Yoab tea?" ceuk eta awewe, nanya ka Yoab. "Enya," waler Yoab. "Dangukeun ieu pihatur abdi," ceuk eta awewe. "Heug ku kami didengekeun," waler Yoab.

18Ceuk eta awewe, "Jaman kapungkur jalmi-jalmi teh sok biasa nyanggem kieu, ‘Lamun butuh pituduh, indit we ka kota Abel’ — sareng leres eta kitu teh dijalankeun.

19Ieu kota abdi-abdi teh ageung. Di Israil mah pangamanna, jalmi-jalmina pangsatiana. Ayeuna nu mawi bade ditumpur teh ku naon? Leres Bapa teh bade ngaburak-barik ieu kota milik PANGERAN?"

20Waler Yoab, "Paliyas! Paliyas! Kami teu niat ngaruksakkeun atawa ngabasmi.

21Lain kitu maksud kami. Di dinya aya jelema anu ngaranna Seba bin Bikri, asal ti hiji kota di pagunungan Epraim. Eta jelema ngalawan ka Raja Daud. Serenkeun ka dieu eta saurang, engke ieu kota ku kami ditinggalkeun." "Mangga! Engke sirahna dialungkeun ti luhur kuta!" Ceuk eta awewe.

22Geus kitu eta awewe teh barempug jeung nu sejen metakeun akalna. Seba dipaehan, sirahna dialungkeun ka Yoab ti luhur kuta. Yoab tuluy niup tarompet, ngajak baladna ninggalkeun eta kota, tuluy mulang ngadeuheus ka raja di Yerusalem.

23Ieu jalma-jalma anu parek ka Daud: Yoab panglima perang, Benaya bin Yoyada kapetengan,

24Adoram kapala rodi, Yosapat bin Ahilud bendahara nagara.

25Sewa sekretaris nagara, Sadok jeung Abyatar imam,

26Ira urang Yair imam Raja Daud.



 <<  2 Samuel 20 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel