Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Tawarikh 18 >> 

1Sanggeus Raja Yosapat, raja nagara Yuda, jadi mukti jeung kaajen, anjeunna bebesanan jeung Raja Ahab, raja Israil.

2Sawatara taun ti harita anjeunna angkat ka kota Samaria, natamu ka Ahab. Yosapat sapangiringna ku Ahab dihormat-hormat, dipangmeuncitkeun domba jeung sapi loba pisan, tuluy curak-curak. Ti dinya Ahab ka Yosapat nyoba-nyoba mundut dibantuan ngarurug Ramot di Gilad.

3Saurna, "Kumaha anjeun kersa mantuan kaula merangan Ramot?" Waler Yosapat, "Mangga, kaula sareng balad seja ngabantu, sawaktos-waktos tangtos sayagi."

4Saurna deui, "Nanging saena mah urang tumaros heula ka PANGERAN."

5Raja Ahab nyaur nabi-nabina sina kumpul, aya opat ratus urang. Anjeunna mariksa, "Meunang kami indit merangan Ramot? Mangga rurug bae," jawabna, "ku Allah tangtos diunggulkeun."

6Tapi saur Yosapat, "Kumaha aya keneh nabi sanesna anu baris mangnaroskeun ka PANGERAN?"

7Waler Ahab, "Aya saurang deui, Mika bin Imla. Mung kaula teh ngewa, da eta mah ka kaula tara ngawejangkeun anu baris pisaeeun, mung anu arawon bae." "Ah teu sae sasauran kitu," waler Yosapat.

8Raja Ahab miwarang hiji ponggawa sina ngangkir Mika sarta kudu kabawa harita.

9Eta dua raja ngaranggo dangdanan karajaan, tuluy caralik dina korsi karajaan deukeut hiji pangirikan luareun lawang Samaria. Ari nabi-nabi tea ngawarejang di payuneunana.

10Nu saurang, nu ngaran Sidkia bin Kenaana nyieun tatandukan tina beusi, tuluy unjukan ka Ahab, "Kieu timbalan PANGERAN, ‘Gempur ku maneh urang Siria ku ieu, tangtu tumpur!’"

11Nabi-nabi sejen oge ucapanana kawas kitu. Ceuk maranehna, "Rurug Ramot, tangtos Kangjeng Raja kenging, diunggulkeun ku PANGERAN."

12Ponggawa nu ngangkir Mika tea miunjuk kieu ka Mika, "Nabi-nabi sadayana parantos sami ngaramalkeunana, raja bakal unggul. Bapa oge saena mah kitu."

13Saur Mika, "Demi PANGERAN anu jumeneng, anu bakal diucapkeun ku kami ngan anu diandikakeun ku Allah kami!"

14Sanggeus aya di payuneun raja, Mika ku raja dipariksa, "Mika, meunang kami jeung Raja Yosapat ngarurug ka Ramot?" Piunjuk Mika, "Mangga rurug! Tangtos Gusti anu kenging, diunggulkeun ku PANGERAN."

15Tapi saur Ahab, "Lamun enya nyarita ka kami mawa pajenengan PANGERAN, bejakeun satarabasna bae. Lain geus sering kami nitah kitu ka maneh?"

16Piunjuk Mika, "Ku abdi katingal balad Israil paburisat di pasir-pasir sapertos domba teu aya nu ngurus. Dupi timbalan PANGERAN, ‘Eta jelema-jelema teh geus teu barogaeun pamingpin, sina baralik bae sangkan saralamet.’"

17Saur Ahab ka Yosapat, "Tuh, ceuk kaula ge ieu mah tara ngucapkeun pibagjaeun kaula, ngan ngucapkeun picilakaeun bae!"

18Mika miunjuk deui, "Dangukeun ieu timbalan PANGERAN! Katingal ku abdi PANGERAN keur linggih dina singgasana di sawarga, dibanding ku para malaikat-Na.

19PANGERAN mariksa, ‘Saha anu bisa ngawujuk ka Ahab, sina indit ngadon tiwas di Ramot?’ Malaikat aya anu ngawarangsul, nanging sanggem sawareh kieu, sanggem sawarehna deui kitu.

20Aya hiji roh marek ka payuneun PANGERAN, unjukan kieu, ‘Abdi tiasa ngawujukna.’ Dawuhan PANGERAN, ‘Cik, kumaha?’

21Sanggem eta roh, ‘Nabi-nabi Ahab bade disina ngabarohong.’ Dawuhan PANGERAN, ‘Jung wujuk ka ditu. Ku maneh tangtu beunang.’"

22Piunjuk Mika deui, "Kitu pibakaleunana. Nabi-nabi Gusti ku PANGERAN parantos disina ngabarohong ka Gusti, sarta Mantenna ku manten parantos nangtoskeun yen Gusti bakal bobor karahayuan!"

23Nabi Sidkia nyampeurkeun ka Mika, tuluy nyabok bari ngomong kieu, "Ti iraha Roh PANGERAN undur ti kami sarta ngandika ka maneh?"

24Waler Mika, "Engke oge maneh nyaho lamun geus asup kamar bijil kamar neangan panyumputan."

25Raja Ahab nimbalan hiji tamtama, saurna, "Tangkep Mika, bawa ka kota, serenkeun ka gupernur Amon jeung ka Yoas putra raja,

26sina dijebloskeun ka jero panjara, jeung sungkeret dahar nginumna nepi ka kami mulang deui salamet!"

27Piunjuk Mika, "Upama Gusti iasa mulih salamet, eta tandaning PANGERAN henteu ngandika ku jalan abdi!" Saurna deui, "Kitu omongan kaula. Bandungan ku sarerea!"

28Ahab raja Israil jeung Yosapat raja Yuda arangkat rek ngarurug ka Ramot di Gilad.

29Saur Ahab ka Yosapat, "Kaula mah perang teh rek nyamar. Anjeun mah resmi bae nganggo anggoan karajaan." Nya tuluy raja Israil teh tarungna nyamar.

30Raja Siria geus marentahkeun ka kapala-kapala pasukan kareta, yen anu kudu ditarajang teh ngan raja Israil, nu sejenna ulah.

31Barang maranehna narenjoeun ka Raja Yosapat samarukna anjeunna teh raja Israil, tuluy bae ditarajang. Tapi Yosapat sasambat ngagero ka GUSTI Allah, seug ku Mantenna dirahayukeun, anu muru disina malundur deui.

32Sanggeus kanyahoan yen anjeunna lain raja Israil, kapala-kapala pasukan kareta ngarudagna henteu dituluykeun.

33Aya hiji serdadu Siria anu ngalepas jamparing sambarangan bae, tapi bet keuna ka Ahab pisan, nanceb kana sela-sela baju kerena. Raja Ahab ngagorowok ka kusir karetana, "Kami tatu! Balikkeun kareta urang bijil ti nu campuh!"

34Sabot perang ragot keneh Raja Ahab tetep nagen dina karetana bari nyarande ngayonan urang Siria. Wanci surup panonpoe anjeunna lastari, pupus.



 <<  2 Tawarikh 18 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel