Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Tawarikh 24 >> 

1Yoas mimiti jumeneng raja dina yuswa tujuh taun, ngarajaanana opat puluh taun, calikna di Yerusalem. Jenengan ibuna Sibya asal ti Bersyeba.

2Lampahna sapanjang Yoyada aya keneh sapagodos jeung manah PANGERAN.

3Ku Imam Yoyada dipangmilihkeun dua garwa, tuluy puputra istri pameget.

4Sanggeus ngarajaanana sawatara taun lilana, Yoas aya kersana seja ngadangdanan Bait Allah.

5Seug nimbalan ka para imam jeung urang Lewi, kudu ngider ka sakuliah karajaan, ngumpulkeun duit ti rahayat pikeun ongkos ngomean Bait Allah, anu geus biasa saban sataun sakali diomean. Saurna kudu diburu-burukeun. Tapi urang Lewi teh kaleked.

6Nu matak anjeunna mariksa ka Imam Yoyada pamingpin maranehna, saurna, "Ku naon urang Lewi ku Bapa henteu dipiwarang mulung pajeg ti Yuda sareng Yerusalem? Sanes parantos diwajibkeun ti jaman Musa abdi Allah tea, yen rahayat kedah mayar cuke keur ngomean Kemah Tepangan PANGERAN?"

7(Harita Bait Allah teh geus ruksak ku jelema-jelema piwarangan Atalya wanita jahat tea, jeung parabot-parabotna beunang nyucikeun tea loba anu dicarokotan dipake ngabakti ka Baal.)

8Urang Lewi ku raja dipiwarang nyieun peti wadah duit anu kudu disimpen di gapura Bait Allah.

9Raja miwarang nguaran rahayat Yerusalem jeung Yuda sina malayar cuke ka PANGERAN cara keur jaman Musa abdi PANGERAN di tanah gurun bareto.

10Rahayat jeung para pamingpinna barungah nampa eta uaran, tuluy ngarasupkeun duitna kana eta peti.

11Unggal poe eta peti ku urang Lewi diserenkeun ka hiji pagawe raja sina dipariksa. Lamun eta peti geus pinuh, duitna dikaluarkeun ku sekretaris nagara jeung wakil Imam Agung, peti kosongna disimpen deui dina parantina. Kitu bae saterusna nepi ka duit anu geus kumpul kacida lobana.

12Duitna ku raja jeung Yoyada diserenkeun ka nu ngapalaan digarawe ngomean Bait Allah. Ku maranehna dipake mayar tukang-tukang batu, tukang-tukang kayu, jeung tukang-tukang beusi.

13Anu digarawe soson-soson pisan ngomean Bait Allah nepi ka anggeus, kaayaan Bait Allah geus pulih ka asal.

14Sanggeus anggeus, emas jeung perak sesana diserenkeun ka raja jeung Yoyada, tuluy dijieunan bokor jeung paparabotan lianna pikeun kaperluan Bait Allah. Kurban-kurban di Bait Allah teu petot-petot dilampahkeun. Tapi kituna teh ngan sapanjang Yoyada jumeneng keneh.

15Ari Yoyada geus kacida sepuhna, sarta sanggeus yuswana saratus tilu puluh taun pupus,

16dikurebkeun di makam karajaan di Kota Daud, ngajenan kana sagala ihtiar anjeunna pikeun rahayat Israil, pikeun Allah jeung pikeun Bait Allah.

17Sanggeus Yoyada teu aya, raja kabawa ku pangwujuk para pamingpin Yuda.

18Jalma-jalma mimiti nyarembah ka brahala jeung ka arca Asera, tara ngabarakti deui di Bait Allah PANGERAN, Allah karuhunna. Temahna tina eta dosa PANGERAN bendu ka urang Yuda jeung Yerusalem.

19PANGERAN ngutus nabi-nabi sina ngageuing supaya baralik deui ka Mantenna, tapi maranehna teu narurut.

20Jakaria, putra Imam Yoyada katerap Roh PANGERAN, nangtung di tempat luhur katembong ku sarerea, tuluy micatur bedas, kieu, "Aya pamariksa ti GUSTI Allah, ku naon aranjeun baraha kana timbalan Mantenna, nyilakakeun diri sorangan? Aranjeun geus belot ti Mantenna. Ku sabab kitu Mantenna nilarkeun ka aranjeun!"

21Raja Yoas kaangsonan ku nu sejen, bendu ka Jakaria. Jakaria pada ngabenturan ku batu di dinya keneh di buruan Bait Allah, ditimbalan ku raja.

22Raja geus henteu nolih kana pangabdian Yoyada, ramana Jakaria, anu satia ka anjeunna, luas maehan ka Jakaria. Memeh lastari Jakaria ngagero, "Kalakuan aranjeun sing katingali ku PANGERAN, sing dibales!"

23Dina taun eta waktu ganti musim, Yuda jeung Yerusalem dirurug ku balad Siria. Para pamingpinna tariwas, harta bandana dijarah, diakut ka Damsik, kacida lobana.

24Balad Siria anu ngarurug teh ngan saeutik, tapi ku PANGERAN dihaja sina ngelehkeun balad Yuda anu leuwih gede, sabab urang Yuda geus belot ti Mantenna, GUSTI Allah karuhunna. Nya harita terapna hukuman ka Raja Yoas.

25Anjeunna tatu ku musuh parna pisan. Sanggeus musuh undur anjeunna ditelasan dina pajuaran ku dua ponggawana anu males pati lantaran anjeunna maehan putra Imam Yoyada. Anjeunna dikurebkeun di Kota Daud, tapi lain di makam karajaan.

26(Jelema anu maehan anjeunna nya eta Sabad, anak Simat awewe bangsa Amon, jeung Yosabad, anak Simrit awewe bangsa Moab.)

27Ari hal putra-putra Yoas, hal ucapan-ucapan ilahi ngeunaan Yoas, jeung hal anjeunna ngomean Bait Allah, caritana aya dina Tapsir Kitab Raja-raja. Putrana anu jenengan Amasia ngagentos jadi raja.



 <<  2 Tawarikh 24 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel