Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Tawarikh 8 >> 

1Lilana Suleman ngadamel Bait Allah jeung karaton anjeunna teh dua puluh taun.

2Sarta anjeunna ngomean deui kota-kota anu asalna paparin ti Raja Hiram, tuluy sina diareusian ku urang Israil.

3Wewengkon Hamat jeung Soba ku anjeunna dijabel,

4kota Palmira di gurun keusik dibentengan. Kota-kota di Hamat anu jadi puseur gudang-gudang bekel diomean deui.

5Aya deui kota-kota sejenna anu diomean ku anjeunna nya eta: Bet Horon Girang, Bet Horon Hilir (duanana aya bentengna, lawangna bisa ditulakan),

6Baalat, jeung kota-kota anu ku anjeunna didamel tempat gudang-gudang bekel, gudang-gudang kareta jeung tempat kuda. Sagala pangreka manahna hal ngawangun di Yerusalem, di Libanon jeung di sakuliah wewengkon karajaanana ku anjeunna dilaksanakeun.

7(8:7-8) Urang Kanaan anu salamet tina panggempur urang Israil waktu tanah maranehna dijabel, ku Suleman diwajibkeun gawe paksa, nya eta urang Het, urang Emor, urang Pares, urang Hiwi jeung urang Yebus. Turunan maranehna nepi ka ayeuna tetep jaradi abid.

8(8:7)

9Urang Israil mah henteu disina gawe kitu, tapi dijadikeun prajurit, satria, senapati kareta jeung prajurit kuda.

10Aya dua ratus lima puluh urang anu dijadikeun kapala purah ngatur anu digarawekeun dina rupa-rupa wawangunan.

11Prameswarina, putra raja Mesir tea ku Suleman dipangdamelkeun bumi sarta terus dialihkeun ka dinya ti Kota Daud, sabab saur Suleman, "Prameswari calikna ulah di karaton Daud raja Israil, lantaran tiap tempat anu dicicingan ku Peti Perjangjian teh suci."

12Suleman ngadamel kurban haturan PANGERAN dina altar damelanana tea di hareupeun Bait Allah.

13Nyanggakeun kurban-kurban beuleuman nurutkeun kamistian anu kaungel dina Hukum Musa, anu kudu dilampahkeun dina saban poe anu dimulyakeun, dina poe Sabat, dina poe Pesta Bulan Anyar, jeung dina poe pesta taunan anu tilu rupa: Pesta Roti Teu Make Ragi, Pesta Panen, jeung Pesta Saung Daun.

14Anjeunna ngatur kawajiban para imam sapopoena, ngatur kawajiban urang Lewi dina ngabantu papancen para imam tea jeung ngawihkeun kidung-kidung, nurutkeun aturan beunang Daud ramana. Ngatur para pangawal Bait Allah, ngatur rombongan-rombongan jagaan sapopoena di unggal gapura, sakumaha anu diparentahkeun ku Daud, abdi Allah tea.

15Sagala aturan ti Daud pikeun para imam jeung urang Lewi ngeunaan tempat-tempat panyimpenan rajabrana jeung hal-hal lianna, kabeh dijalankeun taya anu kaliwat.

16Sagala padamelan Suleman geus anggeus kalawan samakta, ti mimiti masang pademen Bait PANGERAN nepi ka kabeh lengkep sapuratina geus anggeus tur beres-roes.

17Sanggeus kitu Suleman angkat ka Esion Geber jeung Elat, dua palabuan di basisir Teluk Akaba di tanah Edom.

18Ku Raja Hiram dikintunan kapal-kapal katut para nangkodana jeung matros-matrosna anu geus rea pangalamanana. Ti dinya eta kapal-kapal teh balayar ka tanah Opir jeung nangkoda-nangkoda Suleman. Ana daratang deui ka Suleman nyerenkeun emas leuwih ti lima welas rebu kilo lobana.



 <<  2 Tawarikh 8 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel