Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amos 8 >> 

1Kaula meunang deui titingalan ti PANGERAN Nu Maha Agung. Kaula ningal karanjang dieusi bubuahan.

2PANGERAN mariksa ka kaula, dawuhana-Na, "Nenjo naon, Amos?" Piunjuk kaula, "Ningal bubuahan sakaranjang." Dawuhana-Na deui, "Umat Kami Israil geus nepi ka panungtunganana. Kami moal robah deui niat, maranehna kudu dihukum.

3Dina mangsa eta kawih di karaton bakal ganti ku ceurik jeung midangdam. Bangke jalma di mana-mana, dipiceunan rerencepan."

4Darengekeun ieu, eh jalma-jalma tukang ngaleyek jalma walurat, anu usaha ngabasmi kaom miskin ti jero nagri.

5Ceuk maraneh, ngomong sorangan, "Geus teu sabar ngadago lekasanana poe-poe suci, hayang buru-buru ngajual gandum. Iraha rek anggeusna poe Sabat teh? Hayang buru-buru barang jual deui. Rek nyatut harga, malsu takeran jeung ngulinkeun timbangan, nipu langganan.

6Tarigu murah ge bisa dijual mahal. Terus rek neangan jalma miskin nu teu bisaeun mayar hutang, najan hutangna ngan saharga sendal sapasang; eta jalma rek dibeuli keur pibadegaeun."

7PANGERAN, Allahna urang Israil geus sumpah, "Kami moal bisa poho kana kalakuan maranehna anu sakitu jahatna.

8Ku sabab kitu bumi bakal inggeung ku lini, jalma-jalma bakal tunggara. Sakuliah nagri bakal genjlong jeung naek turun kawas umpalan Walungan Nil.

9Bakal datang mangsa panonpoe ku Kami rek disina surup wanci tengah poe, bumi sina poek beurang keneh. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung.

10Pesta-pesta maraneh rek dibalik jadi poe nguburkeun, nyanyian-nyanyian gumbira maraneh rek diganti ku midangdam. Maraneh ku kami rek dipaksa ngagarundulan sirah jeung marake baju karung. Maraneh bakal careurik lir kolot anu ditinggalkeun paeh ku anak hiji-hijina. Dina ahirna eta mangsa teh kacida matak balangsakna.

11Tangtu cunduk kana waktu, Kami rek ngadatangkeun bahla kalaparan ka ieu nagri. Jalma-jalma bakal kalaparan, tapi lain ku sabab teu manggih dahar, bakal halabhab lain ku sabab teu manggih cai, tapi ku sabab kangen kana pangandika PANGERAN. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung.

12Jalma-jalma bakal ngalantur ti Laut Paeh ka Laut Tengah, terus nguriling ti kaler ka wetan, nareangan pesen ti PANGERAN ka ditu ka dieu, tapi taya nu hasil.

13Perjaka jeung parawan nu jagjag waringkas ge harita mah bakal kapariuhan henteu kuat ku halabhab.

14Anu sok sarumpah nyebut brahala-brahala Samaria, nyebut, ‘Demi Dewa Dan’ atawa ‘Demi Dewa Bersyeba’ — bakal tinglenggerek tur moal menyat deui."



 <<  Amos 8 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel