Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 7 >> 

1Anaking, ingetkeun papatah Bapa. Piwuruk nu enggeus-enggeus ulah poho.

2Jalankeun sangkan jamuga. Lampahkeun sakumaha ceuk Bapa. Jaga eta teh sing ati-ati sakumaha kana siki panon.

3Mumule sapapanjangna, tulis dina ati.

4Anggap hikmah teh dulur awewe, pangarti jieun sobat dalit,

5anu baris ngajaring hidep sangkan teu kagoda ku pamajikan batur, ku awewe pangoloan.

6Hiji mangsa Bapa di imah ngalong tina jandela.

7Katenjo aya barudak ngora, can baroga luang. Aya saurang anu sologoto pisan,

8leumpang ngaliwat pengkolan palebah imah hiji awewe. Ari ka dinyana

9wanci sareupna.

10Awewe teh nyampeurkeun, meunang dangdan kumaha biasa awewe bangor, arek ngeret.

11Nyampeurkeunana teu asa-asa, euweuh kaera, kawantu kembang jalan,

12geus tuman megat di pengkolan-pengkolan, di sisi jalan, di pasar.

13Budak ngora tea jol-jol ditangkeup jeung digalemoh, bari diteuteup beungeutna. Pok diolo, pokna,

14"Euceu teh wajib mere kurban kasalametan, ari poe ieu eta nadar teh geus kabayar.

15Sukur encep aya di dieu, memang keur diteangan.

16Ranjang geus beunang euceu ngamparan ku sepre kembang-kembang ti Mesir,

17malah meunang nyeungitan ku emur, candana jeung kayu manis.

18Yap geura urang ka rorompok, urang sosonoan masing wareg sawewengi, urang silih keukeupan.

19Keun bae akangna mah da keur teu aya, keur nyaba jauh.

20Saurna mah bade dua minggu, da nyandak artos seueur pisan."

21Kitu ngolona ka budak ngora teh, paromanna marahmay, atuh budak ngora teh teu bisa nampik.

22Ngiclik budak ngora teh nuturkeun, lir sapi nu ditungtun rek dipeuncit, lir uncal nyampeurkeun burang.

23Henteu engeuh yen awakna baris kapanggang ruruhit. Teu beda ti manuk anu sologoto asup kana jaring, henteu engeuh yen rek manggih bahya pati.

24Ku sabab eta, barudak, darengekeun, perhatikeun ieu papatah Bapa.

25Kade ulah nepi ka ngiclik eleh ku awewe kitu.

26Geus loba lalaki anu ancur ku nu kitu nepi ka naremahan pati. Geus meh teu kaitung.

27Datang ka imah awewe kitu teh sarua jeung asup ka tempat nu maraot, ibarat jalan torobosan nu brasna kana paeh.



 <<  Amsal 7 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel