Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Bilangan 15 >> 

1PANGERAN ka Musa maparinkeun

2ieu pikukuh pikeun urang Israil, anu kudu dilakonan ari geus araya di tanah anu bakal dipaparinkeun tea:

3Lamun maraneh arek ngurban ka PANGERAN, kurban beuleuman, kurban pikeun nekanan panadaran, kurban ku karana suka rela, atawa kurban-kurban anu dimistikeun dina pesta-pesta kaagamaan, sato kurbanna meunang ku sapi jalu, domba jalu, domba atawa embe, jieun kurban kadaharan. Seungitna kurban-kurban kadaharan tea bakal kagalih ku PANGERAN.

4(15:4-5) Sing saha anu nyanggakeun domba atawa embe ka PANGERAN pikeun kurban beuleuman, sarta pikeun tiap-tiap sato kudu dilengkepan ku tipung sakilo anu diadonan ku saliter minyak jetun keur kurban kadaharan, jeung cianggur saliter.

5(15:4)

6Lamun anu dikurbankeunana domba jalu, kudu oge ngahaturkeun kurban kadaharan tina tipung dua kilo anu diadonan ku saliter satengah minyak jetun,

7jeung cianggur saliter satengah. Seungitna kurban bakal kagalih ku PANGERAN.

8Lamun anu dihaturkeun ka PANGERAN teh sapi jalu, boh keur kurban beuleuman boh keur kurban pikeun nekanan panadaran atawa keur kurban panarima,

9kudu oge ngahaturkeun kurban kadaharan tina tipung tilu kilo anu diadonan ku dua liter minyak jetun,

10jeung cianggur dua liter. Seungitna kurban bakal kagalih ku PANGERAN.

11Kitu patokan kurban-kurban pangiring pikeun satiap kurban sapi jalu, satiap domba jalu, satiap domba, satiap embe.

12Sakumaha bae lobana sato anu dikurbankeun, lobana kurban pangiring oge kudu disaluyukeun kana patokan eta.

13Unggal warga Israil asli, saban ngahaturkeun kurban kadaharan anu angseuna hayang kagalih ku PANGERAN, kudu kitu.

14Urang asing anu aya di maraneh, boh anu sawatara waktu, boh anu tetep matuh, lamun rek nyieun kurban kadaharan, supaya angseuna kagalih ku PANGERAN, aturanana kudu sarua cara kitu.

15Eta aturan teh diwajibkeun pikeun saterusna, boh ka maraneh boh ka urang asing anu aya di maraneh. Sabab dina soca PANGERAN mah maraneh jeung itu teh sarua,

16jadi pikukuh jeung aturan kitu teh nya pikeun maraneh nya pikeun itu.

17PANGERAN ka Musa maparinkeun deui

18aturan pikeun urang Israil anu kudu dilakonan ari geus araya di tanah anu rek dipaparinkeun tea:

19Bahan dahareun tina hasil eta tanah, sabagian wajib disanggakeun ka PANGERAN.

20Lamun nyieun roti tina gandum anu diala pangheulana, roti nu kahiji kudu husus dibaktikeun ka PANGERAN. Cara ngabaktikeunana sarua jeung cara ngabaktikeun roti tina gandum anu digiling pangheulana.

21Pikukuh kudu nyanggakeun roti saperti kitu saban-saban nyieun, kudu dilakonan salawasna.

22Tapi bisa jadi aya nu teu kahaja henteu ngalakonan salah sarupa pikukuh anu ku PANGERAN diandikakeun ka Musa.

23Atawa bisa jadi engke sakumna masarakat henteu ngalakonan sagala pikukuh anu ku PANGERAN geus diandikakeun ka Musa.

24Saupama kasalahanana teh lantaran lalawora, maranehna kudu ngahaturkeun sapi jalu keur kurban beuleuman, anu angseuna matak sedep ka PANGERAN, diiring ku kurban kadaharan jeung kurban anggur sakumaha tali parantina. Kurban pangiring sejenna kudu ngahaturkeun embe badot keur kurban pamupus dosa.

25Ku imam kudu dikurbankeun pikeun nebus dosa masarakat, tangtu bakal dihampura, sabab kasalahanana lain dihaja. Kurban pamupus dosa tea dijieun kurban kadaharan haturan PANGERAN.

26Sakumna bangsa Israil tangtu bakal dihampura, kitu deui urang asing, sabab eta kasalahan teh mawa ka sarerea.

27Upama anu dosa teu kahaja teh ngan saurang, jelemana kudu ngahaturkeun anak embe bikang umur sataun keur kurban dosa.

28Embena kudu dikurbankeun ku imam dina altar pikeun nebus dosa eta jelema, tangtu ku Mantenna dihampura.

29Ieu pikukuh pikeun saha bae sakur anu nyieun dosa teu kahaja, boh urang Israil boh urang asing.

30Tapi lamun kasalahan tea dihaja, boh urang Israil boh lain, eta teges salah, lantaran mandang enteng ka PANGERAN, kudu dipaehan,

31sabab nyapelekeun timbalan PANGERAN, ngahaja ngarempak salah sahiji pikukuh-Na, anu matak kudu dipaehan ku karana kasalahanana.

32Hiji mangsa waktu urang Israil di tanah gurun keneh, aya hiji jelema kanyahoan ngala suluh dina poe Sabat.

33Tuluy dideuheuskeun ka Musa jeung Harun jeung ka sakumna bangsa Israil,

34sarta dijaga lantaran tacan terang kudu dikumahakeun.

35PANGERAN nimbalan ka Musa, "Eta kudu dipaehan. Paehan di luareun pasanggrahan, baledogan ku batu ku sarerea."

36Seug eta jelema teh dibawa ka luareun pasanggrahan tuluy dipaehan, dibaledogan ku batu ku sarerea sakumaha piwarangan PANGERAN.

37PANGERAN ngandika deui ka Musa

38pikeun urang Israil, "Maraneh kudu nyieun rarawis dina tungtung baju. Unggal rarawis kudu diberean benang biru salambar. Gumatikeun kitu salalawasna.

39Gawena pikeun ngingetan sangkan saban maraneh nenjo eta rarawis aringet sarta narurut kana sagala timbalan Kami, moal bengkok sembah, moal ngajujur napsu ngencar kahayang sorangan.

40Jadi gawena eta rarawis teh sangkan maraneh gumati kana sagala timbalan Kami, sangkan gembleng jadi kagungan Kami.

41Kami teh PANGERAN Allah maraneh. Kami ngaluarkeun maraneh ti Mesir teh supaya jadi Allah maraneh. Kami teh PANGERAN."



 <<  Bilangan 15 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel