Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Efesus 1 >> 

1(1:1-2) Dumateng sakumna umat Allah di Epesus anu pengkuh satunggal jeung Kristus Yesus. Sim kuring, Paulus, anu ku Allah dijadikeun rasulna Kristus Yesus nyuratan, mugia aranjeun ginanjar rahmat rahayu ti Allah Rama urang jeung ti Gusti urang Yesus Kristus.

2(1:1)

3Urang ngahaturkeun nuhun ka Allah Ramana Gusti urang Yesus Kristus! Sabab urang anu geus jadi hiji jeung Kristus dipaparin sagala berkah rohani ti sawarga.

4Malah ti memeh dunya gumelar, urang geus dipilih baris dijadikeun milik kagungan Mantenna ku disatunggalkeun jeung Kristus, supaya suci jeung mulus di payuneuna-Na. Ku karana asih-Na,

5Allah geus nangtukeun yen urang baris diangkat jadi putra-putra-Na, ku jalan Yesus Kristus. Kitu pangersa jeung tujuan Mantenna.

6Haturkeun nuhun ka Allah. Kurnia-Na anu dipaparinkeun ka urang ku jalan Putra kaasih-Na teh kacida agungna.

7Sabab ku pupusna Kristus teh urang jadi leupas tina dosa, tegesna dosa-dosa urang dihampura. Maha agung rahmat Allah

8anu dipasihkeun ka urang, sakitu jembarna! Kalawan bijaksana sarta pinuh ku ma’lum,

9Allah ngajalankeun tujuana-Na, sarta urang ku Mantenna dibere terang rasiah rarancang-Na. Mantenna geus mutus yen eta rarancang-Na teh ku Mantenna bakal direngsekeun ku jalan Kristus.

10Eta rarancang, anu ku Allah baris dilaksanakeun dina waktuna teh nya eta: Sakumna mahluk, saniskara nu di sawarga jeung nu di bumi, baris dihijikeun jeung Kristus, sarta Kristus anu jadi kapalana.

11Saniskara kabeh jadina teh nurutkeun rarancang jeung pangersa Allah. Urang pangna dipilih supaya jadi umat-Na anu ngahiji jeung Kristus teh nya ku karana geus kitu tujuan Mantenna, anu geus dipastikeun ti asal mimiti pisan.

12Ku sabab kitu, urang anu pangheulana ngaharep ka Kristus, wajib muji kaagungan Allah.

13Ti barang mimiti narima amanat-Na anu ngandung kayaktian, nya eta Injil Kasalametan anu bakal nyalametkeun, aranjeun teh geus jadi umat Allah, percaya ka Kristus, ku Allah diterapan cap tanda kagungana-Na nya eta Roh Suci, numutkeun jangji-Na.

14Nya Roh Suci anu nanggung yen jangji Allah ka umat-Na teh tangtu katarima ku urang. Ku hal eta urang yakin yen Allah bakal ngamerdekakeun umat-Na. Mulyakeun kaagungan Mantenna!

15Barang terang aranjeun geus percaya ka Gusti Yesus jeung mikanyaah ka sakumna umat Allah,

16sim kuring teu kendat nganuhunkeun ka Allah. Unggal neneda aranjeun teh kaingetkeun,

17dipangnyuhunkeun sing dipaparin Roh Allahna Gusti urang Yesus Kristus, Rama nu agung. Sabab Roh Mantenna teh bakal minterkeun aranjeun, bakal nerangkeun hal Allah nepi ka aranjeun terang ka Mantenna.

18Dipangnyuhunkeun sing dicaangkeun pikiran, supaya ngarti kana maksad Mantenna, supaya terang kana eusi harepan anu dipaparinkeun ku Mantenna pangna nyaur urang. Jeung supaya terang yen berkah-berkah anu dijangjikeun ka umat-Na teh jembar jeung mulya.

19Oge supaya terang rongkahna kakawasaan Mantenna anu dianggo barangdamel di urang anu percaya, nya eta kakawasaan

20anu geus dianggo ngahirupkeun deui Kristus ti nu maraot jeung ngalinggihkeun Anjeunna di tengeneun Allah di sawarga.

21Kristus dipunjulkeun ti sakabeh raja, ti nu nyarekel kawasa, ti nu malurba, ti nu nyarekel paparentahan, dipaparin gelaran anu pangpunjulna dina jaman kiwari jeung jaman aherat engke.

22Saniskara ku Allah ditalukkeun ka Kristus anu jadi sirah gareja, jadi Gustina saniskara.

23Jadi gareja teh salirana Kristus anu mepekan kasampurnaana-Na, ari kasampurnaan Anjeunna nyampurnakeun saniskara.



 <<  Efesus 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel