Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Efesus 2 >> 

1Bareto, mungguh rohani mah aranjeun teh paeh ku karana dosa, baha ka Allah.

2Waktu eta aranjeun teh nuturkeun kabiasaan-kabiasaan dunya anu jahat, tunduk ka kapala lelembut-lelembut di awang-awang, anu nepi ka ayeuna murba kana batin manusa anu ngalawan ka Allah.

3Urang sarerea oge tadina mah kitu, ngabdi kana kahayang jasmani, ngajujur napsu jeung angen-angen, teu beda ti anu rea anu nandangan bebendu Allah.

4Tapi Allah teh jembar ku piwelas, sakitu asih-Na ka urang.

5Urang anu keur paeh rohani lantaran baha, ku Mantenna dihirupkeun deui bareng jeung Kristus. Jadi pang urang salamet teh ku karana sih kurnia Allah.

6Urang nu satunggal jeung Kristus Yesus bareng dihudangkeun tina maot supaya milu marentah di sawarga jeung Kristus Yesus.

7Pang Allah midamel kitu teh supaya manusa di jaman engke nyaraho kana sih kurnia-Na anu sakitu luar biasana ka anu satunggal jeung Kristus.

8(2:8-9) Aranjeun oge pang salamet teh ku karana sih kurnia Allah lantaran percaya ka Yesus, nugraha ti Allah, lain beunang ihtiar sorangan. Moal aya jelema anu salamet ku ihtiarna sorangan, jadi ulah nyombong ku hal eta.

9(2:8)

10Urang teh dadamelan Allah, diwangun dina kasatunggalan jeung Kristus Yesus pikeun ngalampahkeun kahadean-kahadean anu diparentahkeun ku Allah.

11Aranjeun nu lain bangsa Yahudi, tangtu aringet kumaha kaayaan aranjeun bareto. "Jelema teu disunat" disebutna ku urang Yahudi, anu nyebut dirina sorangan umat anu disunat (nu make tanda beunang jelema dina dirina).

12Harita mah aranjeun teh pisah ti Kristus, teu kaasup umat pilihan Allah, teu kasebut dina perjangjian-perjangjian ti Allah ka umat-Na, tuna harepan jeung teu baroga Allah.

13Tapi ayeuna sanggeus ngahiji jeung Kristus, nu asal jauh ti urang Yahudi teh jadi raket, diraketkeun ku pupusna Kristus.

14Kristus geus ngarapihkeun urang Yahudi jeung nu lain Yahudi, disahijikeun. Tembok mumusuhan anu misahkeunana geus rugrug ku pupusna Kristus.

15Hukum Agama Yahudi jeung rukun-rukunna ku Kristus geus dipupus, supaya bangsa Yahudi jeung nu lain Yahudi bisa dihijikeun jadi hiji bangsa anyar anu ngahiji jeung Anjeunna. Ku jalan kitu maranehna dirapihkeun,

16mumusuhanana ku Kristus disirnakeun ku pupusna dina kayu salib. Ku jalan Anjeunna disalib, dua bangsa anu mumusuhan teh dijadikeun sabadan, disanggakeun deui ka Allah.

17Kristus sumping ngawulangkeun eta sual karapihan anu dibawa ku Injil Kasalametan, ka aranjeun anu lain bangsa Yahudi, anu jauh ti Allah jeung ka urang Yahudi anu deukeut ka Allah.

18Nya ku jalan Kristus urang kabeh, nu bangsa Yahudi jeung nu lain Yahudi gumulung dina hiji Roh, datang ka payuneun anu jumeneng Rama.

19Ayeuna mah aranjeun anu lain bangsa Yahudi teh lain bangsa sejen deui, geus papada jadi warga umat Allah, jadi anggota-anggota kulawarga Allah,

20nangtung dina pademen anu dipasang ku rasul-rasul jeung nabi-nabi, dikukuhkeun ku Kristus anu jadi batu juruna.

21Nya Anjeunna anu jadi pangukuh adeganana ngajadi hiji adegan suci anu diabdikeun ka Allah.

22Ku jalan ngahiji jeung Kristus, aranjeun oge milu ngadeg jeung nu sejen-sejen ngajadi hiji tempat panglinggihan Allah katut Roh-Na.



 <<  Efesus 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel