Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ester 1 >> 

1(1:1-2) Raja Ahasweros, anu ngaraton di Susan, ibukota Persia, ngasta pamarentahan. Karajaanana ngawengku 127 propinsi, mimiti ti India nepi ka Sudan.

2(1:1)

3Dina katilu taunna jumeneng raja, anjeunna ngayakeun pesta keur para pajabat jeung gegeden-gegeden pamarentah. Para panglima Persia jeung Media, kitu deui para gupernur jeung para bangsawan ti saban propinsi, araya dina eta pesta.

4Pesta nepi ka genep bulan, bari nembongkeun kakayaan eusining karaton, arendah, marulya, taya tandingna.

5Sarengsena eta, raja ngayakeun deui pesta keur pangeusi kota Susan, nu baleunghar, nu mariskin. Pestana campleng saminggu di patamanan karaton.

6Palataran dihias ku hordeng-hordeng warna bulao jeung bodas, make tali-tali tina kaen lenen wungu, ditalikeun kana ali-ali perak anu dipasang dina tihang-tihang marmer. Katil emas jeung katil perak ditagenkeun di palataran anu lantena ku ubin marmer bodas, ubin beureum, giwang anu gilap jeung batu pirus bulas.

7Inuman diidangkeun dina cangkir emas warna-warni taya anu sarupa, turug-turug raja teu lebar ku anggur tina sisimpenan pikeun karaton.

8Ngarinumna teu diwates, sakumaha parentah raja ka gandek-gandek karaton, supaya anu paresta teh ngaraleueutna sasukana.

9Satengahing kitu prameswari ge, Ratu Wasti, di lebet ngayakeun pesta. Ieu mah keur kaom wanita.

10Dina poe katujuhna pesta, ku perbawa cianggur sang raja ngaraos gerah. Seug nyaur gandek kadeuheus, tujuh lalaki kabiri, ngaranna Mahuman, Bista, Harbona, Bigta, Abagta, Setar jeung Karkas.

11Ditimbalan ngangkir Ratu Wasti kalawan saged nganggo makuta ratuna. Sang raja palay nembongkeun prameswarina ka para gegeden jeung tamu-tamu lianna, kawantu geulisna kawanti-wanti.

12Tapi ratu nolak pamundut raja. Atuh raja bendu, manahna ngentab.

13Sang raja geus biasa sok mundut bongbolongan ka ahli-ahli tina perkara undang-undang jeung tata cara. Ti dinya anjeunna manggil juru-juru nasehatna nu nyaho kudu kumaha nya pilampaheun.

14Juru-juru nasehat anu pangseringna disaur ku raja nya eta: Karsena, Setar, Admata, Tarsis, Meres, Marsena jeung Memukan, anu jaradi pajabat pangluhurna di karajaan Persia jeung Media.

15Lahiran raja ka aranjeunna, "Kula, Raja Ahasweros, nitah gandek-gandek sangkan Ratu sina marek, Ratu teu nurut. Kumaha eta ceuk undang-undang?"

16Memukan miunjuk ka raja jeung para pajabat, saurna, "Ratu Wasti sanes mung baha ka kersa Sang Raja, nanging ka para pajabat ongkoh, malah ka sadaya lalaki di ieu karajaan.

17Margi saupami eta peta Ratu kauar-aer, tangtos unggal wanita nyapirakeun salakina. Margi tangtos bakal kieu nyaranggemna, ‘Raja Ahasweros geuning timbalanana ku Ratu Wasti henteu didangu.’

18Perkawis eta, dinten ieu keneh oge tangtos ku bojo-bojo para pajabat Persia sareng Media dicarioskeun ka salakina masing-masing. Ahirna di mana-mana bojo-bojo baris moal hormat ka salaki, salaki-salaki baris ambek-ambekan ka bojo.

19Manawi sapuk, Sang Raja sae ngadamel pangumuman karajaan, ngumumkeun yen Wasti teu meunang tembong deui di payuneun Raja. Hal eta utamina diserat dina undang-undang Persia sareng Media, tawis hamo barobah. Salajengna Ratu kedah dicopot tina karatuanana, gentos ku istri nu langkung utami.

20Saparantos ieu pangumuman nyebar di sakuliah karajaan anu lega upluk-aplak, tangtos kaom wanita teh baris ngesto ka salaki, boh beunghar, boh miskin."

21Eta pihatur kaluyuan ku raja jeung ku pajabat-pajabat. Pituah Memukan ku raja dijalankeun.

22Ngintunkeun serat-serat ka unggal propinsi sakarajaanana nurutkeun tulisan jeung basana masing-masing, unina: Nu jadi kapala kulawarga teh nya eta salaki. Saucap-ucapna kudu diestokeun.



 <<  Ester 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel