Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ester 8 >> 

1Dina poe eta keneh, sagala harta kakayaan Haman, musuh urang Yahudi tea, ku raja dipaparinkeun ka Ester. Ester miunjuk ka raja, nguningakeun yen anjeunna teh kapiputra Mordekai. Atuh ti semet harita Mordekai diwidian marek ka payuneun raja.

2Raja nyandak lelepen cap anu bareto diserenkeun ka Haman tea, tuluy dipasrahkeun ka Mordekai. Ari Mordekai ku Ester dikawasakeun ngurus harta kakayaan Haman.

3Ester ngadeuheus deui ka raja, bari nangis ngarawu sampeanana, maksadna mundut ihtiar, sangkan usaha jahatna Haman bangsa Agag rek numpes urang Yahudi teh ulah kajadian.

4Raja nyodorkeun teteken emas. Ester cengkat, pok miunjuk,

5"Manawi sapuk, sareng manawi Kangjeng Raja kagungan hawatos ka diri abdi, sareng manawi kagalih, mugi Kangjeng Raja ngaluarkeun parentah ngabatalkeun embaran Haman, anu parantos dikaluarkeun ku eta putra Hamedata bangsa Agag, anu ungelna kedah numpes sakumna urang Yahudi di sakuliah karajaan.

6Diri abdi kumaha nya pikiateun, saupami eta bahla dugi ka tumiba ka bangsa abdi, saupami dulur-dulur abdi gusti dugi ka tumpes?"

7Dawuhan Raja Ahasweros ka Ratu Ester jeung ka Mordekai, "Sakumaha anu kauninga, Haman, anu boga niat numpes urang Yahudi, ku kami geus digantung. Harta kakayaanana geus diselehkeun ka Ester.

8Ngan, surat parentah anu dikaluarkeun kalawan asma raja tur dicap ku lelepen karajaan, eta mah henteu wenang dibatalkeun. Tapi coba bae ngadamel surat ka sakumna urang Yahudi, kecap-kecapna mah kumaha aranjeun. Tanda kalayan asma kami, sarta cap ku cingcin karajaan."

9Harita geus tanggal dua puluh tilu bulan anu katilu, bulan Siwan, Mordekai nyaur para juruserat karaton, ngadiktekeun surat keur bangsa Yahudi, keur para gupernur, para bupati jeung pajabat-pajabat ti saratus dua puluh tujuh propinsi ti India nepi ka Sudan. Dikarangna dina basa jeung tulisan masing-masing propinsi. Anu keur urang Yahudi, nya dina basa jeung tulisan Yahudi.

10Tret ditanda kalayan asma Raja Ahasweros sarta dicap ku lelepen karajaan. Geus kitu diiang-iangkeun, dibarawa ku iber-iber nu tarumpak kuda balap petingan ti istal karajaan.

11Ungelna surat, kalayan restu sang raja, urang Yahudi kudu taki-taki, sabilulungan ngabela diri. Lamun didatangan ku jelema-jelema anu marawa pakarang, ti bangsa mana bae, di propinsi mana bae, kudu diayonan sakuat tanaga, tumpes katut saanak pamajikanana. Enggeus meunang idin raja, basmi ulah aya nu kari, sarta harta kakayaanana rampas.

12Ieu parentah jalankeun di sakuliah karajaan Persia, dina tanggal tilu belas bulan Adar, bulan nu kadua belas, poe nu tadina rek dipake numpes urang Yahudi.

13Eta maklumat diundangkeun jadi undang-undang, diumumkeun ka satiap jalma di unggal kota jeung propinsi, sangkan urang Yahudi sayaga mapag ngayonan musuh, ngayakeun pangbales ana geus cunduk waktuna.

14Raja marentahkeun sangkan eta maklumat dibarawa ku satria-satria anu tingbelesat negarkeun kuda karajaan sagancang-gancangna. Di Susan oge, di ibukota, eta maklumat teh diumumkeun ka bala rea.

15Geus kitu Mordekai kaluar ti jero karaton, nganggo anggoan karajaan, warna biru jeung bodas, harudumna lenen wungu sarta nganggo makuta kancana. Ger jalma-jalma urang Susan sarurak ayeuh-ayeuhan sapaparat jalan.

16Urang Yahudi galumbira, ngarasa longsong, pulih ati pulang bagja, nyeuseup hawa kaunggulan.

17Di unggal kota jeung propinsi, sakur anu geus kahontal ku eta maklumat raja, poe eta teh ku urang Yahudi dijieun poe sukan-sukan, harajat bawaning ku ngarasa bagja. Manahoreng, loba pisan jalma-jalma ti bangsa sejen anu buru-buru arasup jadi bangsa Yahudi, lantaran ngarasa gimir.



 <<  Ester 8 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel