Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ezra 10 >> 

1Sabot Esra sideku neneda di buruan Bait Allah ngakukeun dosa-dosa bangsana bari nangis, urang Israil ngagimbung ka anjeunna loba pisan, lalaki, awewe, jeung barudak, marilu ceurik.

2Pok Sekanya bin Yehiel ti warga Elam mihatur ka Esra, pihaturna, "Sim kuring sadaya parantos henteu iman ka Allah, ngawin awewe bangsa sanes. Nanging aya keneh harepan kangge Israil.

3Urang kedah ikrar ka Allah panutan yen seja mulangkeun eta sadaya awewe sareng anak-anakna. Sakur nasehat Bapa sareng anu alajrih kana timbalan-timbalan Allah sumeja ditumutkeun. Naon bae anu dipundut ku Hukum Allah sumeja diestokeun.

4Ngalereskeunana teu bade ngalangkungan, Bapa anu kagungan hak ngalereskeunana, sim kuring sadaya sumeja ngiringan. Mangga jalankeun kumaha saena."

5Jung Esra ngadeg, sarta imam-imam kapala, lulugu-lulugu kaom Lewi jeung sakabeh urang Israil disina sumpah, sangkan ngajalankeun pirempug anu disodorkeun ku Sekanya.

6Ti dinya anjeunna ngantunkeun palataran Bait Allah, lebet ka pondok Yohanan bin Elyasib, ngawengi di dinya, teu tuang teu leueut awahing ku prihatin ku kadorakaan jelema-jelema anu marulang ti pangbuangan.

7Ti dinya diembarkeun ka sakuliah Yerusalem jeung Yuda, yen anu marulang ti pangbuangan kudu kumpul kabeh di Yerusalem.

8Kitu parentah para kapalana. Sing saha anu teu datang di jero wates tilu poe, sakabeh hartana baris dijabel sarta baris dicabut hakna jadi anggota jamaah.

9Di jero tilu poe eta, dina tanggal dua puluh bulan ka salapan, urang Yuda jeung urang Binyamin kabeh geus aya di Yerusalem, tuluy karumpul di buruan Bait Allah. Karumpul bari marurungkut teu kuat ku tiisna hawa, kawantu harita keur hujan gede pisan, turug-turug bari mangsar-mingsir paur ku gempungan anu sakitu pentingna.

10Jung Imam Esra ngadeg sasauran. Kieu saurna, "Maraneh geus nyieun kasalahan jeung mawa kadorakaan ka Israil, karawin ka awewe bangsa batur.

11Geura araku eta dosa teh ka PANGERAN, Allah karuhun maraneh, tembongkeun kalakuan anu matak raos kana manah Mantenna. Kudu ngajarauhkeun maneh ti jelema-jelema deungeun di nagri ieu anu henteu sabangsa jeung urang, jeung singkahkeun awewe-awewe pamajikan maraneh anu lain bangsa urang teh."

12Jelema-jelema bareng ngajawab, "Sumeja diestokeun!"

13Tapi pokna deui, "Ieu kempelan sakieu ageungna, sareng hujan sakieu ageungna. Abdi-abdi parantos teu kiat di laluar. Tur ieu perkawis teh moal rengse ku sadinten dua dinten ku seueurna anu kabeulit ku ieu dosa.

14Kitu nu mawi nyuhunkeun dipanglereskeun bae ku pangurus masing-masing. Aranjeunna sina ngarantosan di dieu di Yerusalem. Salajengna, anu garaduh bojo ka awewe bangsa batur sina ngadareuheus ka dieu dina waktos anu ditangtoskeun, disarengan ku pangurus sareng hakim ti tempatna masing-masing. Mugi-mugi ieu jalan jadi lantaran sirepna bebendu Allah tina ieu perkara."

15Anu karumpul teu aya anu ngabantah kana ieu usul, iwal ti Yonatan bin Asahel jeung Yahsea bin Tikwa anu disokong ku dua urang Lewi, Mesulam jeung Sabetai.

16Ku sabab ieu usul geus kasatujuan ku anu marulang ti pangbuangan, seug Imam Esra nangtoskeun jelema-jelema ti para pamingpin golongan pikeun nguruskeun, sarta ngaran-ngaranna dicatet. Dina tanggal hiji bulan sapuluh papariksaan geus dimimitian.

17Nguruskeun perkara jelema-jelema anu rarabi ka awewe bangsa sejen teh lilana nepi ka tilu bulan.

18Ieu daptar ngaran anu karawin ka awewe bangsa deungeun: Ti kalangan imam: Ti golongan Yesua sadudulur, anak-anak Yosadak: Maaseya, Elieser, Yarib jeung Gedalya.

19Geus jarangji sanggup nyerahkeun bojo masing-masing, tuluy ngurbankeun hiji domba jalu keur nebus dosa.

20Ti golongan Imer: Hanani jeung Sebaya.

21Ti golongan Harim: Maaseya, Elias, Semaya, Yehiel jeung Usia.

22Ti golongan Pashur: Elyuenai, Maaseya, Ismail, Netanel, Yosabad jeung Elasa.

23Urang Lewi: Yosabad, Simei, Kelaya (katelahna Kelita), Petahya, Yuda jeung Elieser.

24Pamaen musik: Elyasib. Ti tukang jaga Bait Allah: Salum, Telem jeung Uri.

25Nu lianna: Ti golongan Paros: Ramya, Yisia, Malkia, Miyamin, Elasar, Malkia jeung Benaya.

26Ti golongan Elam: Matanya, Jakaria, Yehiel, Abdi, Yeremot jeung Elias.

27Ti golongan Satu: Elyuenai, Elyasib, Matanya, Yeremot, Sabad jeung Asisa.

28Ti golongan Bebai: Yohanan, Hananya, Sabai jeung Atlai.

29Ti golongan Bani: Mesulam, Maluk, Adaya, Yasub, Saal jeung Yeremot.

30Ti golongan Pahat Moab: Adna, Kelal, Benaya, Maaseya, Matanya, Besalel, Binui jeung Menase.

31(10:31-32) Ti golongan Harim: Elieser, Yisea, Malkia, Semaya, Simeon, Binyamin, Maluk jeung Semarya.

32(10:31)

33Ti golongan Hashum: Matenai, Matata, Sabad, Elipelet, Yeremai, Menase jeung Simei.

34(10:34-37) Ti golongan Bani: Maadai, Amram, Uel, Benaya, Bedeya, Keluhi, Pania, Meremot, Elyasib, Matanya, Matenai, jeung Yaasai.

35(10:34)

36(10:34)

37(10:34)

38(10:38-42) Ti golongan Binui: Simei, Selemya, Natan, Adaya, Mahnadbai, Sasai, Sarai, Asarel, Selemya, Semarya, Salum, Amarya jeung Yusup.

39(10:38)

40(10:38)

41(10:38)

42(10:38)

43Ti golongan Nebo: Yiel, Matica, Sabad, Sebina, Yadai, Yoel jeung Benaya.

44Sakitu kabehna anu baroga pamajikan ka awewe bangsa deungeun. Pamajikan-pamajikanana kabeh geus diserahkeun, sina baralik ka asalna katut anak-anakna.



 <<  Ezra 10 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel