Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ezra 4 >> 

1Musuh-musuh urang Yuda jeung Binyamin geus mareunang beja, yen anu marulang ti pangbuangan teh keur ngadegkeun deui Bait Allah, Allahna Israil.

2Tuluy narepungan ka Serubabel jeung ka kapala-kapala kaom, pok ngaromong, "Kuring rek milu digawe mantuan ngadegkeun Bait Allah. Kuring oge ngabakti teh ka Allah anu ku aranjeun disembah. Ti barang diinditkeun ku Esar Hadon raja Asur marukim di tanah ieu, kuring geus biasa nyanggakeun kurban-kurban ka Allah."

3Diwalon ku Serubabel, Yesua jeung kapala-kapala kaom, "Pikeun ngawangun hiji gedong pikeun PANGERAN Allah kuring, kuring nu perlu dibantuan ku aranjeun, rek ku sorangan bae, sakumaha timbalan Kores raja Persia."

4Seug jelema-jelema urang dinya teh nyingsieunan ka urang Yahudi, ngarerentag sangkan eta gedong ulah jadi.

5Malah nyarogok ka gegeden-gegeden pamarentah Persia sangkan ngahalang-halang. Kitu bae kaayaanana sapanjang Kores jumeneng raja nepi ka digentosna ku Darius.

6Keur mangsa Ahasweros anyaran jumeneng raja, eta musuh nyuratan ka raja, ngagogoreng urang Yahudi di Yuda jeung di Yerusalem.

7Ari keur mangsa Artahsasta jumeneng raja Persia, anu ngirim surat ka raja teh Bislam, Mitredat, Tabeel sapara kanca. Suratna make basa Aram, lamun rek dibaca kudu disalin heula.

8Oge Gupernur Rehum jeung Simsai sekretaris propinsi, ngirim surat ka Artahsasta tina hal kaayaan Yerusalem, suratna kieu:

9"Serat abdi Gusti pun Rehum, gupernur, pun Simsai, sekretaris propinsi sapara kanca, para hakim sareng gegeden-gegeden anu kawit ti Ereh, Babul, ti Susan tanah Elam,

10sareng ti bangsa-bangsa sanesna anu ku Asur Banipal anu agung tur kawasa dialihkeun ka Samaria sareng ka tempat-tempat di Eprat Kulon."

11Eusina: "Kaunjuk hing pangersa Raja Artahsasta, ti abdi-abdi di Eprat Kulon.

12Unjuk uninga, bangsa Yahudi anu marulang ti jajahan Gusti anu sanesna deui, parantos maratuh di Yerusalem. Ayeuna nuju ngadegkeun deui kota anu kapungkur kaceluk jahat sareng bantahan. Parantos ngawitan ngadegkeun kuta-kutana, moal lami deui oge parantos.

13Kangjeng Raja, upami eta kota ngadeg deui sareng kuta-kutana parantos jadi, maranehna moal daek malayar pajeg, matak rugel ka salira Gusti.

14Sarehing abdi-abdi teh kumawula ka salira, moal rido ningal kajadian sarupi kitu. Kitu purwana kumawantun ngunjukkeun ieu pirempag.

15Mugi Jeng Raja nimbalan marios serat-serat titilar karuhun. Tangtos ku Gusti baris kauninga yen eta kota teh tukang barontak. Ti jaman karuhun-karuhunna keneh eta teh mung wungkul nyesahkeun raja-raja sareng para gupernur. Rahayatna sesah diatur. Kitu margina eta kota kapungkur dibasmi.

16Abdi-abdi yakin saupami eta kota ngadeg deui sareng kuta-kutana parantos jadi, tangtos propinsi-propinsi di Eprat Kulon leupas ti panalingaan Jeng Raja."

17Serat waleran ti raja: "Salam, Surat kami ka gupernur Rehum, ka Simsai, sekretaris propinsi jeung kanca-kancana nu marukim di Samaria jeung Eprat Kulon.

18Surat maraneh geus disalin sarta dibacakeun ka kami.

19Kami geus marentahkeun mariksa surat-surat titinggal. Memang bener, ti baheulana keneh Yerusalem sok barontak bae ngalawan kana kakawasaan, pinuh ku jelema-jelema tukang rusuh, tukang nyieun kaributan.

20Raja-raja anu nyarekel kawasa marentah sakuliah jajahan Eprat Kulon, geus biasa narik pajeg jeung upeti.

21Ku sabab eta maraneh kudu ngaluarkeun parentah, yen eta kota teu meunang diteruskeun, nepi ka aya parentah deui ti kami.

22Gancang jalankeun, sangkan kapentingan kami ulah kaancam."

23Satarimana eta serat ti Artahsasta, Rehum, Simsai jeung sakancana buru-buru ka Yerusalem, ngalarang ka urang Yahudi neruskeun nyieun eta kota.

24Bait Allah geus teu dipigawe deui, katunda nepi ka taun kadua Darius jumeneng raja di nagara Persia.



 <<  Ezra 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel