Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Galatia 1 >> 

1Ieu surat ti sim kuring, Paulus, anu jadi rasul lain ku karana dipanggil atawa diangkat ku manusa, tapi ku lantaran disaur ku Yesus Kristus, jeung ku Allah Rama anu ngahirupkeun deui Anjeunna tina pupus-Na.

2Ieu aya salam ti dulur-dulur anu babarengan jeung sim kuring, ka aranjeun di jamaah-jamaah di Galata.

3Mugi-mugi Allah Rama urang jeung Gusti Yesus Kristus maparin berkah jeung kasantosaan ka aranjeun.

4Kristus teh bawaning ku hawatoseun ka urang anu dosa, jeung bawaning ku tumut kana pangersa Allah Rama urang, nepi ka ngurbankeun salira-Na, supaya urang bisa leupas tina ieu jaman anu jahat.

5Sanggakeun puji ka Allah, salalanggengna! Amin.

6Kaget sim kuring mah ku aranjeun! Tacan ge lila geus malundur deui ti anu nyaur aranjeun ku karana asihna Kristus. Aranjeun geus bariluk kana pangajaran injil sejen.

7Saenyana "injil sejen" teh teu aya. Aya soteh jelema-jelema anu ngalilieur aranjeun, muter balik pangajaran hal Kristus.

8Mugia anu ngajarkeun "injil" anu beda ti Injil Kasalametan anu geus diwawarkeun ku sim kuring teh, saha bae, dalah sim kuring sorangan atawa malaikat ti sawarga, sing meunang hukuman ti Allah!

9Bareto sim kuring kungsi nyebutkeun kitu. Ayeuna ge kitu, saha bae, anu ngajarkeun injil anu beda ti nu geus katampa ku aranjeun, mugia sing meunang hukuman!

10Sim kuring nyebutkeun kitu teh naha pedah hayang meunang pangaku ti pada manusa? Teu pisan-pisan! Sim kuring mah hayang meunang pangaku ti Allah! Atawa ngarah kapake ku manusa? Atuh arek kikituan keneh mah sim kuring teh lain ge abdina Kristus.

11Aranjeun perlu terang, yen Injil Kasalametan anu diwawarkeun ku sim kuring teh lain asal ti manusa.

12Sim kuring narimana lain ti manusa, lain beunang guguru ti pada jalma. Terang kana hal eta teh ti Yesus Kristus ku anjeun.

13Aranjeun tangtu geus meunang carita hal kahirupan sim kuring waktu nyekel keneh agama Yahudi, kumaha telengesna sim kuring ka jamaah Allah, enyaan hayang ngabasmi teh.

14Waktu nyekel keneh agama Yahudi, di antara urang Yahudi anu sapantar mah sim kuring teh pangnyongcolangna, jeung pangkukuhna kana adat tali paranti karuhun.

15Tapi sihoreng ti samemeh dijurukeun oge sim kuring ku Allah nu sipat murah geus ditangtukeun kudu ngabdi ka Mantenna. Sanggeus ditangtukeun kitu,

16sim kuring ku Mantenna diwanohkeun ka Putra-Na, supaya warta hal Putra-Na, nya eta Injil Kasalametan tea, diteruskeun ka bangsa-bangsa nu lain Yahudi. Harita sim kuring henteu tatanya ka saha-saha.

17Ka anu geus jaradi rasul heulaeun sim kuring oge henteu, da sim kuring teu kungsi ka Yerusalem heula. Indit teh malah ka nagri Arab, ti dinya balik deui ka Damsik.

18Indit-indit ka Yerusalem tilu taun ti harita, manggihan Petrus. Di anjeunna meunang dua minggu.

19Jeung rasul-rasul sejenna mah teu kungsi tepung, salian ti jeung Yakobus saderek Gusti Yesus.

20Ieu anu ditulis teh saenyana. Allah saksina lamun sim kuring bohong!

21Geus kitu sim kuring indit ka sababaraha tempat di Siria jeung Kilikia.

22Nepi ka waktu eta, anggota jamaah-jamaah nu aya di Yudea tacan tarerangeun kana rupa sim kuring.

23Kakara meunang caritana ti anu ngaromongkeun. Kieu cenah, "Jelema anu bareto nganiaya urang teh ayeuna malah ngawawarkeun kapercayaan anu tadina ku manehna rek ditumpes!"

24Maranehna maruji sukur ka Allah ku hal sim kuring kitu.



 <<  Galatia 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel