Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Galatia 5 >> 

1Urang geus bebas, merdeka, geus dibebaskeun ku Kristus! Sing tetep jadi jelema bebas, ulah daraek dibudakkeun deui.

2Inget, lamun aranjeun daraek disunat, Kristus moal aya hartina deui pikeun aranjeun. Ieu mah ceuk sim kuring, Paulus.

3Sakali deui: Saha-saha anu mikeun dirina disunat, wajib ngalakonan sagemblengna Hukum Agama Yahudi!

4Lamun aranjeun harayang diangken bener ku Allah ku jalan ngalakonan Hukum Agama, hartina aranjeun megatkeun maneh ti Kristus, pegat ti sih kurnia Allah.

5Padahal pang urang bisa diangken bener ku Allah teh ngan ku karana pitulung Roh Mantenna, lamun urang percaya ka Mantenna.

6Pikeun anu hirupna ngahiji jeung Kristus Yesus, disunat jeung teu disunat teu jadi sual. Nu perlu mah nya eta percaya, ari percaya bisa ditembongkeunana teh ku silih pikanyaah.

7Nu bareto dijalankeun ku aranjeun teh geus sakitu alusna. Ku naon eta anu bener teh henteu terus dituturkeun? Saha anu ngawujuk?

8Tangtu lain Allah, anu geus nyaur aranjeun.

9Ceuk paribasa, "Ragi saeutik matak beukah saadonan."

10Tapi sim kuring percaya keneh aranjeun moal nepi ka robah pamadegan, moal udar tina hirup ngahiji jeung Gusti. Jeung sim kuring yakin, jelema anu ngusutkeun kapercayaan aranjeun, saha bae, tangtu dihukum ku Allah.

11Sabalikna, lamun sim kuring ngajar yen sunat teh perlu, ku naon terus dimusuhan? Lamun bener sim kuring ngajar kitu, meureun ngawawarkeun hal salib Kristus teh moal hese.

12Jelema-jelema anu ngicuk-ngicuk aranjeun teh mending sina aringkah, kaluar ti jamaah!

13Dulur-dulur! Aranjeun geus disalaur supaya bebas merdeka. Eta kabebasan ulah dipake ngumbar kahayang, kudu dipake silih pikanyaah, silih bantu.

14Kapan parentah-parentah Hukum Agama oge karagum ku hiji timbalan kieu, "Kudu masing nyaah ka batur saperti ka diri sorangan."

15Lamun silih segag silih cakar, ahirna sarerea bakal binasa. Kahade, sing ati-ati.

16Anu dipimaksud ku sim kuring teh nya eta, sing narurut kana panuyun Roh Allah, ulah nurut kana kahayang napsu.

17Kahayang napsu papalingpang jeung pangersa Roh Allah, pangersa Roh Allah papalingpang jeung kahayang napsu jelema. Duanana silih lawan, temahna aranjeun moal bisa ngalampahkeun naon-naon.

18Lamun nurutkeun panuyun Roh Allah, hirup aranjeun geus henteu kabawah ku Hukum Agama Yahudi.

19Napsu badan ngajakna kana rucah, aeb, teu uni,

20muja brahala, sihir, ngamusuh, gelut, dengki, ngumbar amarah, mentingkeun sorangan, papecah,

21sirik-pidik, beuki kana mabok, ria-ria, jeung salian ti eta. Sim kuring rek ngingetan deui cara nu enggeus-enggeus yen anu kalakuanana kitu moal meunang tempat di Karajaan Allah.

22Sabalikna anu hirupna dituyun ku Roh Allah mah sipatna teh nyaahan, galumbira, resep rapih, tengtrem hate, sabar, hade ka batur, leuleuy, satia,

23handap asor, nahan napsu. Ieu kabeh teu aya anu patukang tonggong jeung hukum.

24Napsu badan jeung sagala pangajakna teh ku jelema anu geus jadi kagungan Kristus Yesus mah geus dipaehkeun.

25Ku sabab urang hirup teh ku Roh Allah, tangtu kudu nurut kana panuyunna.

26Ulah adigung, ulah silih nyenyeri, jeung ulah silih dengkian.



 <<  Galatia 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel