Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Hakim-hakim 16 >> 

1Dina hiji poe Simson angkat ka kota Gasa. Di ditu tepang jeung hiji dayang, anjeunna kulem di dinya.

2Urang Gasa nyarahoeun Simson aya di dinya, seug ngepung eta tempat bari ngadarago di lawang kota, ngadedempes sapeupeuting. Ceuk angkeuhanana masing-masing, "Rek didago tepi ka isuk, tuluy dipaehan."

3Tapi Simson mondokna di dinya teu nepi ka isuk. Tengah peuting anjeunna hudang, tuluy angkat ka gapura kota. Eta gapura terus dirabut, panto-pantona, tihang-tihangna, tulak-tulakna jeung sagala nu nempel ka dinya kabawa. Dipundak, dicandak nanjak ka luhur pasir anu paeunteung-eunteung jeung Hebron.

4Sanggeus eta, Simson mikacinta Delila, awewe urang Lebak Sorek.

5Ti dinya lima raja urang Pelisti daratang ka eta awewe, ngaromong kieu, "Olo Simson ku maneh sina buka rusiah, ti mana boga tanaga rongkah kitu. Akalan sangkan ku kami bisa dikawasaan. Tuluy barogod sina ulah bisa hojah. Engke maneh dibere uang perak sarebu saratus sewang ti kami masing-masing."

6Carek Delila ka Simson, "Cobi wartoskeun, naon anu ngalantarankeun Akang bedas kitu. Upami aya nu hayang nalikung nepi ka Akang teu tiasa nanaon, kedah kumaha?"

7Waler Simson, "Talian Akang ku tujuh lambar tali gondewa anu anyar jeung baseuh keneh, tangtu Akang leuleus moal beda ti nu sejen."

8Delila ku raja-raja Pelisti dibere tujuh lambar tali gondewa anu anyar jeung baseuh keneh, tuluy dipake ngabarogod Simson.

9Di kamar sejen Delila geus nyumputkeun jelema sababaraha urang. Geus kitu manehna ngagero, "Simson! Urang Pelisti daratang!" Jemprung tali gondewa teh tujuh lambaranana dipegatkeun ku Simson, lir benang kaantelan seuneu. Rusiah kabedasanana tetep ku maranehanana henteu kabuka.

10Carek Delila ka Simson, "Akang mah! Kalah ka ngabobodo, sanes nyarios anu leres. Cobi ayeuna wartoskeun kedah ku naon dibarogodna?"

11Ari walerna, "Ku tambang weuteuh anu acan pisan dipake. Tangtu Akang leuleus moal beda ti nu sejen."

12Delila nyokot sababaraha tambang weuteuh tuluy dibarogodkeun ka anjeunna. Delila ngagero, "Simson! Urang Pelisti daratang!" Harita di kamar sejen geus aya sababaraha jelema. Tapi tambang anu ngabarogod pananganana teh ku anjeunna dipegatkeun, kawas megatkeun benang bae.

13Carek Delila ka Simson, "Akang mah ngaheureuykeun keneh bae, henteu leres-leres. Kedah dibarogod ku naon Akang teh?" Ari walerna, "Lamun ieu buuk Akang anu tujuh untun digubed ku benang tuluy dibeulitkeun kana pakan tinun sarta dipaseuk masing pageuh, tangtu Akang leuleus moal beda ti nu sejen."

14Simson ku Delila disina kulem, dihariringan. Tuluy rambutna anu tujuh untun digubed-gubedkeun kana pakan tinun, terus dipaseuk pageuh pisan. Delila ngagero, "Simson! Urang Pelisti daratang!" Gurinjal Simson tanghi, rambutna lesot tina pakan.

15Ku sabab eta ceuk Delila, "Mana majar mikacinta ka abdi teh? Geuning henteu! Parantos tilu kali Akang ngabobodo ka abdi, teu kersa nerangkeun anu sayaktosna nu mawi Akang sakitu bedasna."

16Eta awewe ngarenghik bae terus unggal-unggal poe. Simson jadi jengkel lantaran haben bae ditalek.

17Tungtungna anjeunna waleh, saurna, "Ieu buuk Akang acan pisan dicukur. Ti barang dijurukeun Akang geus diabdikeun ka Allah, jadi Nasir. Lamun dicukuran, kabedasan Akang tangtu musna, jadi leuleus moal beda ti nu sejen."

18Ku Delila karasa yen ayeuna mah nyariosna enyaan. Seug ngutusan ka raja-raja Pelisti tea, talatahna, "Mangga sarumping sakali deui wae. Manehna parantos buka rusiah." Tuluy raja-raja teh daratang bari marawa duit.

19Simson ku Delila dihariringan, reup kulem dina lahunanana. Delila nyalukan jelema sina motong rambut Simson anu tujuh untun. Ti dinya Delila mimiti nyiksa ka anjeunna, kawantu anjeunna geus teu aya kabedasanana.

20Eta awewe tuluy ngagero, "Simson! Urang Pelisti daratang!" Korejat anjeunna tanghi bari nyaur sajeroning manah, "Ayeuna ge aing leupas cara anu enggeus-enggeus." Can karaoseun yen geus dikantunkeun ku PANGERAN.

21Ku urang Pelisti terus direjeng, socana dicokel duanana. Tuluy dibawa ka Gasa, dirante ku rante tambaga, dilebetkeun ka jero panjara, dijieun purah ngagiling.

22Ari rambutna geus manjangan deui.

23Raja-raja urang Pelisti kumpul, nyieun pesta jeung mere kurban gede ka Dagon, dewana. Maranehna ngararawih, "Batara urang enggeus ngersakeun, Simson musuh urang geus ditalukkeun."

24(16:24-25) Pohara galumbirana, pok ngaromong, "Calukan si Simson, sina ngabodor ngarah resep!" Sanggeus Simson diala ti jero panjara, ku maranehanana diparentah ngabodor, jeung sina ngadeg di antara dua tihang anu gede. Barang jalma-jalma narenjoeun ka anjeunna tuluy ngarawih, muji dewana, "Dewa urang geus mere kaunggulan ka urang ti musuh, anu geus ngaruksak nagri urang sarta maehan jalma-jalma urang sakitu lobana."

25(16:24)

26Misaur Simson ka budak anu nungtun, "Kami tungtun, arek nyabak tihang ieu gedong, arek nyarande ka dinya."

27Eta gedong keur pinuh ku jelema, lalaki, awewe. Raja-raja Pelisti limaanana kumpul di dinya. Nu di loteng oge aya kira-kira tilu rebu urang, lalaki, awewe, harayang lalajo Simson ngabodor.

28Simson neneda, kieu panedana, "Nun PANGERAN Nu Maha Agung mugi sing emut ka abdi. Nun Allah, mugi abdi paparin deui kakiatan sakali ieu deui bae, supados sakali naur, abdi tiasa nebus dua siki panon anu dicokel ku urang Pelisti."

29Geus kitu Simson nyepeng kana dua tihang anu nyangga eta gedong, sabeulah ku panangan kiwa, sabeulah ku panangan tengen, tuluy didonca,

30bari anjeunna ngagero, "Kajeun aing paeh bareng jeung urang Pelisti!" Anjeunna terus ngadonca sataker tanaga. Gedong teh ambrug pisan, ninggang ka lima raja, ka sakabeh anu di darinya. Urang Pelisti anu paraeh jeung Simson harita, leuwih loba ti batan anu dipaehan ku anjeunna waktu keur jumenengna.

31Layon Simson dirawat ku saderek-saderek saibu saramana jeung ku wargi-wargi anu lianna. Dibawa mulang tuluy dikurebkeun di hiji tempat antara Sora jeung Estaol, di makam Manoah ramana. Ari lilana Simson jadi hakim di Israil teh dua puluh taun.



 <<  Hakim-hakim 16 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel