Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Hosea 2 >> 

1Ku sabab kitu, sasama maraneh urang Israil kudu disebut "Umat Allah" jeung "Dipikawelas".

2Barudak, pepelingan indung maraneh, sanajan geus henteu jadi pamajikan Kami deui sarta Kami geus lain salakina deui. Pepelingan, ulah ngaranyed deui, ulah ngalacurkeun diri deui.

3Mun teu euih-euih, ku Kami rek dirangsadan, sina sataranjang bulucun cara keur barang dijurukeunana. Rek disina jadi saperti tanah anu nya keeng jeung angar, sina paeh kahalabhaban.

4(2:4-5) Kami moal mikarunya ka anak-anakna, anak-anak awewe palacuran anu teu boga kaera. Manehna sorangan anu nyebutkeun, "Ah, rek manggihan kabogoh-kabogoh, anu ka aing mere dahareun, inumeun, bulu domba jeung lawon linen, minyak jetun jeung anggur."

5(2:4)

6Ku sabab kitu manehanana ku Kami arek dikurung ku rungkun cucuk, jalanna arek dipager ku tembok.

7Manehna bakal ngudag kabogoh-kabogohna, tapi moal kaudag. Hayang papanggih, tapi moal papanggih. Geus kitu manehna tangtu ngomong, "Mending balik deui ka salaki aing nu ti heula; bareto mah aing leuwih senang ti batan ayeuna."

8Manehanana pamohalan ngaku, yen boga gandum, anggur jeung minyak jetun soteh, kitu deui perak jeung emas anu ku manehanana dipake ngabakti ka Baal, pamere Kami.

9Ku sabab kitu, gandum jeung anggurna, anu baris dipanen ti lahan pamere Kami, dina usumna ku Kami rek dicokotan deui. Kitu deui bulu domba jeung lawon linen keur bahan pakeeunana, eta ge rek dicokotan deui.

10Ku Kami rek ditaranjangan di hareupeun kabogoh-kabogohna, moal aya nu bisaeun nulungan manehna tina kakawasaan Kami.

11Sagala pepestaan, anu taunan, anu bulanan, poe-poe Sabatna, sagala rupa upacara kaagamaanana ku Kami arek dieureunkeun sama sakali.

12Tangkal-tangkal anggurna, tangkal-tangkal kondangna, anu carekna mah pamere kabogoh-kabogohna upah ngalayanan maranehna, ku Kami arek dibasmi. Kebon anggurna jeung kebon bubuahanana rek dijieun leuweung, sina beak diruksak ku sato alas.

13Manehna baris dihukum, ku Kami, lantaran sering neler-neler Kami saban meuleum menyan pikeun Baal, jeung saban make perhiasan sarta neang kabogoh-kabogohna. Kitu pangandika PANGERAN.

14Manehna ku Kami rek dibawa deui ka gurun keusik. Di ditu rek dilelemu ku omongan anu nandakeun kaasih.

15Kebon anggurna rek dibikeun deui, sarta Lebak Kasusahan rek dijadikeun lawang pangharepan. Di dinya manehna tangtu nurut deui ka Kami cara keur ngorana, basa manehna kakara datang ti Mesir tea.

16Manehna baris ngaku deui salaki ka Kami, moal nganggap deui Kami teh Baal, brahala manehanana.

17Ku Kami moal diidinan nyebut-nyebut deui ngaran Baal.

18Dina waktu eta Kami arek nyieun jangji jeung sato-sato alas jeung manuk-manuk, sangkan teu ngagaranggu ka umat Kami. Malah sakabeh parabot perang, sakabeh pedang jeung gondewa, ku Kami rek disingkirkeun ti eta tanah, sangkan umat Kami tengtrem-tingtrim santosa hirupna.

19Israil! Maneh ku Kami rek dipigarwa. Kami seja satuhu satia. Mikawelas mikaasih mo aya laasna, seja mihukum salalanggengna.

20Kami moal jalir jangji, maneh teh pupujan Kami. Maneh oge nya kitu baris ngaku yen Kami teh PANGERAN.

21(2:21-22) Dina waktu eta Kami rek ngabulkeun paneda umat Kami Israil. Hujan rek diturunkeun ka bumi, sarta bumi bakal ngahasilkeun gandum, buah anggur jeung buah jetun.

22(2:21)

23Umat Kami baris tetep maratuh di lemah caina, sina marukti hirupna. Maranehna, anu tadina disebut "Teu Dipikawelas", rek dipikawelas. Anu tadina disebut "Lain Umat Kami", rek disebut "Maraneh teh umat Kami". Sarta jawab maranehna: "Gusti teh Allah sim abdi."



 <<  Hosea 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel