Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Hosea 3 >> 

1PANGERAN ngandika ka kaula, "Maneh kudu indit deui, sarta tembongkeun kacintaan ka hiji awewe nu keur jinah jeung kabogohna. Eta awewe pikanyaah ku maneh, saperti Kami tetep mikanyaah ka urang Israil sanajan maranehna geus malik ka allah-allah sejen jeung sok ngabaktikeun kismis ka brahala-brahala."

2Tuluy eta awewe ku kaula dibeuli. Hargana lima belas uang perak, ditambah ku saratus lima puluh kilo gandum.

3Ku kaula eta awewe diomongan yen kudu ngadagoan kaula dina waktu anu lila, sarta ulah lacur atawa jinah deui. Salila eta sim kuring oge baris ngadagoan.

4Nya kawas kitu kaayaan bangsa Israil; lila pisan maranehna kudu hirup tanpa raja atawa pamingpin, tanpa kurban atawa tugu-tugu karamat, tanpa arca-arca atawa brahala paragi ngaramal.

5Tapi bakal datang mangsa, urang Israil tarobat deui ka PANGERAN Allahna, sarta baris satia ka rajana ti turunan Daud. Harita maranehanana bakal sarieun ku PANGERAN, sarta baris nampa berkah-berkah Mantenna.



 <<  Hosea 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel