Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Imamat 17 >> 

1PANGERAN nimbalan ka Musa,

2nepikeun ieu pikukuh anu kudu dilakonan ku Harun jeung putra-putrana jeung ku bangsa Israil.

3(17:3-4) Urang Israil anu meuncit sapi atawa domba atawa embe kurbankeuneun ka PANGERAN di mana bae, lain di hareupeun lawang Kemah Tepangan, eta ngarempak Hukum. Peta kitu kaasup maehan, ngocorkeun getih, teu meunang diaku deui umat Allah.

4(17:3)

5Maksud ieu pikukuh sangkan urang Israil anu biasana meuncit pikurbaneun di luar, ayeuna mah satona kudu disanggakeun heula ka PANGERAN. Jadi ayeuna mah sato kurban teh kudu dibawa ka imam di lawang Kemah Tepangan, dipeuncit di dinya keur kurban panarima ka PANGERAN.

6Getihna ku imam kudu dikepret-kepret kana sakuriling altar nu di lawang Kemah Tepangan, sarta gajihna dibeuleum, sangkan seungitna kaangseu ku PANGERAN.

7Urang Israil teu meunang peupeuncitan deui di tegalan pikeun kurban ka jurig-jurig, sabab peta kitu teh hartina teu satia ka PANGERAN. Ieu pikukuh ku urang Israil kudu digumatikeun sapapanjangna.

8Lamun urang Israil atawa urang asing anu numpang di urang Israil rek nyieun kurban beuleuman, atawa kurban naon bae haturan PANGERAN, ngahaturkeunana kudu di hareupeun lawang Kemah PANGERAN.

9Lamun ngahaturkeunana di tempat sejen, teu meunang diaku deui umat Allah.

10Urang Israil atawa urang luar nu maratuh di Israil, lamun ngadahar daging anu getihna aya keneh bakal diancam ku PANGERAN tur moal diaku deui jadi umat Mantenna.

11Sabab hirupna sakabeh mahluk aya dina getihna. Nu matak saur PANGERAN getih teh kudu dikucurkeun kana altar, pikeun ngaleungitkeun dosa Israil sajamaah. Anu ngaleungitkeun dosa teh nya eta getih, nyawa tea.

12Eta sababna nu matak PANGERAN nimbalan ka urang Israil yen boh maranehna boh urang luarna, teu meunang ngadahar daging anu aya keneh getihna.

13Urang Israil atawa urang luar anu ngarancik di Israil, lamun moro sato atawa manuk anu halal, getihna kudu dikucurkeun tuluy rimbunan ku taneuh.

14Nyawa tiap mahluk aya dina getihna. Eta sababna PANGERAN ngalarang urang Israil ngadahar daging anu getihan keneh. Sing saha nu kitu moal diaku deui umat Mantenna.

15Unggal jelema, urang Israil atawa lain, lamun ngadahar daging sato anu paeh bangkar atawa paeh ku sato galak, kudu nyeuseuh pakean terus mandi. Dirina bisa beresih deui lamun geus burit.

16Lamun teu kitu bakal narima balukarna.



 <<  Imamat 17 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel