Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kejadian 30 >> 

1Ku sabab henteu bae kagungan putra ti Yakub, Rahel jadi sirik ka nu jadi raka. Ti dinya unjukan ka Yakub, "Abdi menta anak! Kieu bae mah langkung sae pondok umur!"

2Bawaning jengkel ka Rahel, Yakub ngawalon, "Na Akang teh gaganti Allah? Nyai teu boga anak teh kapan ku pangersa-Na!"

3Walon Rahel, "Kapan abdi gaduh inang, Bilha. Kawin ku Akang sina ngandung, anakna jang abdi, sarta abdi jadi indung ku jalan kitu."

4Seug Bilha, inangna, diserenkeun sina salulut jeung carogena.

5Ti dinya Bilha nyiram, terus ngalahirkeun pikeun Yakub.

6Saur Rahel, "Allah geus midamel kaadilan ka aing, ngamakbul paneda aing, maparin anak." Seug orok teh dingaranan Dan.

7Bilha inang Rahel nyiram deui, terus ngalahirkeun putra pameget ti Yakub.

8Saur Rahel, "Aing tas tarung jeung lanceuk. Aing anu meunang." Seug orok teh dingaranan Naptali.

9Ari Lea, sanggeus pet teu putraan deui, seug nyerenkeun Silpa inangna, sina ditikah ku Yakub.

10Ti dinya Silpa ngalahirkeun putra pameget ti Yakub,

11terus dingaranan Gad. "Sabab mawa untung!" saur Lea.

12Silpa inang Lea ngalahirkeun deui putra pameget ti Yakub.

13Saur Lea, "Bagja temen ieu aing! Aing bakal disebut jelema bagja ku sakabeh awewe." Ku sabab kitu eta putrana teh dingaranan Aser.

14Hiji mangsa keur usum panen gandum, Rubin ka huma, beh manggih buah, ngaranna buah asihan. Seug diserenkeun ka Lea, ibuna. Rahel menta, "Cik abdi menta eta buah asihan panimu anak aceuk."

15Lea ngawalon, "Acan puas ngarebut salaki aceuk? Ayeuna prak deui, menta buah asihan panimu anak aceuk!" Ari walon Rahel, "Engke wengi, aceuk kenging kulem sareng Kang Yakub, asal abdi dipasihan eta buah."

16Pasosore Yakub sumping tas ti huma, Lea mapagkeun sarta saurna, "Engke wengi Akang kulem di abdi, margi parantos disewa ku abdi ku buah asihan panimu anak abdi." Peutingna Yakub kulem di Lea sarta salulut.

17Allah ngamakbul paneda Lea. Lea nyiram deui, tuluy ngalahirkeun putra anu kalima ti Yakub.

18Saur Lea, "Allah ngaganjar ka aing, lantaran aing ngabaktikeun inang aing ka salaki." Seug putrana dingaranan Isaskar.

19Ti dinya nyiram deui, terus ngalahirkeun putra anu kagenep ti Yakub.

20Saurna, "Allah ka aing maparin nugraha. Ayeuna mah salaki teh tangtu daekeun deui ka aing, da aing geus genep ngajurukeun anakna anu lalaki." Ku sabab kitu eta budak teh ku Lea dingaranan Sebulun.

21Ti dinya ngalahirkeun deui, istri, dingaranan Dinah.

22Geus kitu Allah emut ka Rahel. Paneda Rahel dikabul, dipaparin kasempetan kana puputra.

23Seug nyiram terus ngalahirkeun putra lalaki. Pok sasauran, "Allah geus ngajait aing tina kahinaan teu boga anak.

24Mugi-mugi Mantenna maparin deui anak ka aing." Seug putrana dingaranan Yusup.

25Sanggeus lahir Yusup, Yakub neda amit ka Laban, saurna, "Ama, abdi widian mulang ka bali geusan ngajadi.

26Pun bojo, anu dikengingkeunana ku jalan abdi ngawula ka Ama, kitu deui pun anak, sadayana bade dibantun. Ku Ama parantos kauninga, abdi digawe di Ama teh sakitu temen wekelna."

27Walon Laban, "Hidep sing karunya ka Ama, enya ku Ama ge karasa, pangna Ama sakieu diberkahanana ku PANGERAN teh nya hidep lantaranana.

28Bisi hidep hayang dibayar, sabaraha oge ku Ama tangtu dibayar."

29Walon Yakub, "Ku Ama tangtos karaos, kumaha suhudna abdi ngawula. Ingon-ingon Ama oge jadi sakitu gereyekna saparantos diurus ku abdi mah.

30Memeh ku abdi diurus mah mung saeutik, ayeuna parantos jadi mangpirang-pirang. Sajleg abdi aya di Ama, sakitu diberkahanana Ama ku PANGERAN. Meujeuhna ayeuna mah abdi ngemut-ngemut kapentingan rumah tangga pribadi."

31Saur Laban, "Mere naon atuh Ama ka hidep?" Walon Yakub, "Ama teu kedah maparin naon-naon. Heug abdi ngurus deui ingon-ingon Ama, upami Ama satuju sarat-saratna.

32Dinten ieu abdi bade mariksa ingon-ingon. Mana-mana domba anu bulu hideung, embe anu totol-totol sareng anu belang, bade dipisahkeun, keur buruhan abdi.

33Kitu teh supados ka payunna Ama gampil mariksana, bilih palay uninga abdi jujur henteuna. Jadi upami mendakan dinu bagian abdi aya embe anu buluna henteu belang atanapi totol-totol, atanapi domba anu sanes bulu hideung, tangtos eta kenging maling ti Ama."

34Walon Laban, "Ama akur. Kumaha hidep bae."

35Tapi poe eta keneh Laban buru-buru misah-misahkeun embe-embe badot anu kendit jeung anu belang, embe-embe bikang anu totol-totol jeung nu belang, kitu deui anu bodas. Jaba ti eta, domba-domba bulu hideung kabeh dipisah-pisahkeun. Geus kitu dipasrahkeun ka putra-putrana sina dijaga.

36Ti dinya anjeunna angkat ngajauhan Yakub, jauhna kira-kira lalakon tilu poe. Jadi ingon-ingon Laban anu diurus ku Yakub mah sasesana bae.

37Ti dinya Yakub mesekan dahan-dahan anu harejo, dahan kimenyan, dahan jarak jeung dahan caringin. Dipesekna dipontrang-pontrang sina tembong nu bodasna, jadi udat-udat belang.

38Eta dahan-dahan teh diteundeunna dina jolang-jolang paranti embe ngarinum. Ana embe dararatang rek ngarinum, sok ngaradon lakian di dinya.

39Ku lantaran keur waktu kituna narenjoeun kana dahan-dahan nu dibelang-belang tea, ana ngajaruru anakna teh tararotol, kararendit jeung barelang.

40Ari domba-domba jalu ku Yakub dipisahkeun, sina ngudag-ngudag bikang anu warna kendit jeung hideung anu Laban. Ku anjeunna dipisah-pisahkeun, henteu dihijikeun jeung anu Laban. Kitu carana Yakub nambahan ingon-ingonna, sarta henteu dihijikeun jeung anu Laban.

41Jeung ana embe domba anu barodas rek lakian, jolang-jolang paragi ngarinumna diteundeunan dahan-dahan beunang montrang. Atuh embe domba teh lakianana nyalanghareup kana dahan-dahan tea.

42Ari embe domba anu halengker mah henteu dikitukeun. Kajadianana, Laban kabagian nu halengkerna, ari Yakub meunang nu karuat tur sarehat.

43Atuh Yakub teh gancang naker jadi beunghar, embe dombana mangpirang-pirang, onta, kalde, jeung badega-badega teu kurang-kurang.



 <<  Kejadian 30 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel