Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Keluaran 29 >> 

1"Pikeun kaperluan ngistrenan Harun jeung anak-anakna jadi imam, nya eta: Sapi jalu ngora hiji, domba jalu dua, kabeh ulah aya cacadna.

2Jeung tipung tarigu anu panglemesna tapi ulah diragian, sawareh jieun roti anu make minyak jetun, sawareh deui jieun kueh-kueh sejen anu diulasan minyak jetun,

3wadahan ku karanjang tuluy sanggakeun ka Kami jeung sapina jeung dombana.

4Harun saanak-anakna bawa ka lawang Kemah Tepangan Kami. Ku maneh kudu dikucuran ku cai, mandi suci.

5Dangdanan Harun ku pakean imam: kameja, epod, baju kurung epod, oto, beubeur.

6Dastarna terapkeun. Jamang suci anu make kalimah ‘Suci kangge PANGERAN’ gantelkeun dina dastarna.

7Sirahna kucuran minyak suci ciri yen diistrenan.

8Anak-anakna pakeanan kameja,

9solempang beulitkeun kana cangkengna, pakekeun kerepusna. Kitu petana maneh ngistrenan Harun jeung anak-anakna. Maranehna saturunanana kudu jaradi imam salalawasna, ngawulaan Kami.

10Sapi tungtun ka hareupeun Kemah Tepangan Kami. Harun jeung anak-anakna sina narumpangkeun leungeun kana sirah eta sapi.

11Eta sapi peuncit di payuneun Pangeran di hareupeun lawang Kemah.

12Getihna sawareh kepret-kepret ku maneh make ramo kana tatandukan altar. Getih sesana tamplokkeun kabeh kana dasar liang altar.

13Gajihna anu mulen jeroan laanan, kitu deui babagian ati anu panghadena jeung dua giginjelna katut gajihna, beuleum dina altar jadi kurban pikeun Kami.

14Dagingna, kulitna, jeung peujitna, duruk luareun pasanggrahan, jadi kurban pikeun nebus dosa imam.

15Domba cokot hiji, Harun jeung anak-anakna sina narumpangkeun leungeun kana sirah eta domba.

16Peuncit dombana, getihna sawareh kepret-kepret kana opat pongpok altar.

17Dagingna recah; jeroan jeung pingping tukang duanana kumbah, tuluy teundeun luhureun sirahna jeung babagian sejenna,

18beuleum kabeh dina altar jadi kurban kadaharan. Seungitna eta kurban baris kamanah ku Kami.

19Domba anu hiji deui, domba pangistrenan, cokot. Harun jeung anak-anakna sina numpangkeun leungeun kana sirah eta domba.

20Peuncit dombana, getihna ulaskeun saeutik kana daun ceuli Harun jeung kana daun ceuli anak-anakna, nu katuhu, kana indung leungeunna nu katuhu, jeung kana indung sukuna nu katuhu. Getih sesana siramkeun kana opat pongpok altar.

21Getih anu dina altar cokot saeutik, jeung minyak suci saeutik, kepretkeun ka Harun jeung kana papakeanana, kitu deui ka anak-anakna jeung kana pakeanana. Ku hal eta Harun, anak-anakna, katut papakeanana baris jadi suci pikeun Kami.

22Domba tea laanan gajihna, gajih buntut, gajih anu ngalampud jeroan, babagian ati anu panghadena, giginjelna duanana katut gajihna, jeung pingping tukang nu katuhu.

23Eusi karanjang anu geus dibaktikeun ka Kami tea cokot sarupa-sarupa hiji-hiji: roti anu make minyak jetun hiji, anu teu make minyak jetun hiji, kuehna hiji.

24Teundeun kana dampal leungeun Harun jeung anak-anakna, sarta ku maneh titah sanggakeun ka Kami, jadi pangbakti anu peryoga.

25Cokot deui tuluy beuleum dina altar dina luhur kurban beuleuman anu tadi, jadi kurban kadaharan pikeun Kami. Angseuna eta kurban bakal katarima ku Kami.

26Dada domba jalu tea cokot, sanggakeun ka Kami jadi pangbakti anu peryoga. Eta teh bagian pikeun maneh.

27Kitu petana hal ngabaktikeun dada jeung pingping domba anu dipake ngistrenan imam ka Kami, jadi pangbakti anu peryoga, geus kitu eta pangbakti teh jadi bagian imam.

28Hal ieu ku Kami geus dijieun pikukuh anu teu meunang dirobah, nya eta lamun umat Kami nyieun kurban panarima, dada jeung pingping sato kurban teh ajangkeun pikeun imam-imam, ngandung harti umat teh mere pangbakti ka Kami, PANGERAN.

29Lamun Harun geus tilar dunya, pakean imam kudu turun ka anak-anakna, sina dipake ana maranehna diistrenan jadi imam.

30Anak Harun anu diistrenan jadi imam gantina, anu baris baku asup ka Kemah Tepangan paranti Kami pikeun ngawulaan di Kamar Suci, kudu make eta pakean tujuh poe lilana.

31Daging domba anu dipake ngistrenan Harun jeung anak-anakna tea kudu dikulub di tempat anu suci.

32Tuluy didahar jeung roti anu aya keneh dina karanjang tea, didaharna kudu di lawang Kemah Tepangan Kami.

33Jadi anu dipake kurban panebus dosa waktu maranehna diistrenan teh kudu didalahar. Anu meunang ngadalahar ieu kadaharan ngan imam-imam wungkul, sabab eta kadaharan teh kaayaanana geus suci.

34Lamun daging atawa roti tea nyesa teu kadahar nepi ka isukna kudu diduruk, teu meunang didahar sabab geus disucikeun.

35Jalanna upacara ngistrenan Harun jeung anak-anakna, lilana kudu tujuh poe jejeg, sakumaha anu ku Kami geus diandikakeun ka maneh.

36Unggal poe maneh kudu ngurbankeun hiji sapi jalu pikeun panghampura dosa. Hal ieu bakal ngamurnikeun altar. Geus kitu altar teh minyakan ku minyak jetun sina jadi suci.

37Kitu bae saterusna nepi ka tujuh poe. Lamun geus kitu, altar teh kaayaanana jadi kacida sucina, nepi ka sing saha anu nyabak atawa antel kana eta tangtu cilaka kasamber ku pangaruh kasucianana."

38"Ka hareupna, saban poe kudu ngurbankeun dua anak domba umur sataun kana eta altar,

39isuk hiji sore hiji.

40Anu hiji dikurbankeunana kudu jeung tipung tarigu anu lemes sakilo beunang ngadonan ku minyak jetun anu herang saliter, jeung ditambah ku kurban cianggur saliter, kucurkeun.

41Nu hiji deui dikurbankeunana pabuburit, jeung tipung, minyak jetun, jeung cianggur, lobana sarua jeung anu dikurbankeun isuk-isuk. Ieu jadi kurban kadaharan pikeun Kami, anu angseuna bakal kamanah ku Kami, PANGERAN.

42Eta kurban beuleuman kudu dilampahkeun sapapanjangna ka Kami, di lawang Kemah Tepangan Kami, payuneun Kami. Nya di dinya Kami bakal nepungan umat Kami sarta ngandika ka maneh.

43Nya di dinya Kami bakal nepungan urang Israil, sarta gebrayna cahaya kamulyaan Kami bakal nyucikeun eta tempat.

44Kami bakal nyucikeun eta Kemah jeung altarna, sarta Harun jeung anak-anakna ku Kami rek dipisahkeun, dijadikeun imam purah ngawulaan Kami.

45Kami bakal cicing di urang Israil, baris jadi Allahna.

46Urang Israil kudu nyaraho yen Kami PANGERAN Allahna, anu ngaluarkeunana ti Mesir, kersa linggih jumeneng di maranehna. Kami teh PANGERAN Allahna."



 <<  Keluaran 29 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel