Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Keluaran 32 >> 

1Sanggeus sakitu lilana Musa henteu lungsur-lungsur ti gunung, jalma-jalma teh karumpul ka Harun sarta miunjuk kieu ka anjeunna, "Duka katarajang naon Juragan Musa anu nginditkeun kuring sadaya ti Mesir teh, teu lungsur-lungsur. Ku margi kitu kuring sadaya pangdamelkeun hiji allah anu bakal mingpin."

2Saur Harun ka maranehna, "Laanan anting-anting anu diparake ku pamajikan, ku anak lalaki, ku anak awewe, kumpulkeun terus bawa ka Bapa."

3Seug maranehna ngaralaanan anting emasna tuluy diserenkeun ka Harun.

4Ku Harun dicandak tuluy dilebur kabeh dicitak jadi hiji sasapian emas. Ceuk jalma-jalma teh, "Eh urang Israil, tah ieu allah urang, anu ngaluarkeun urang ti Mesir!"

5Harun tuluy ngadamel hiji altar, diadegkeun hareupeun eta sasapian emas, tuluy ngembarkeun kieu, "Isukan kudu pesta, ngagungkeun PANGERAN."

6Isukna isuk-isuk keneh jalma-jalma geus rabul marawa sasatoan, sawareh keur kurban beuleuman, sawareh deui keur dijieun dahareun pikeun kurban panarima. Brek jalma-jalma dariuk, tuluy pesta curak-curak nyaratu nginum, pestana robah jadi borak-borak jeung cabul.

7PANGERAN nimbalan ka Musa, "Geuwat turun ayeuna keneh. Jalma-jalma meunang maneh ngaluarkeun ti Mesir teh marigawe dosa, murtad ti Kami.

8Pituduh laku anu ceuk Kami kudu dilakonan geus teu diparake pisan. Malah geus nyarieun sasapian emas dicitak, disarembah, dibere kurban. Carekna eta teh allahna, anu ngaluarkeunana ti Mesir.

9Eta jalma-jalma teh saenyana kacida ngaralawanna.

10Ku Kami rek dibasmi, amarah Kami geus teu katahan. Maneh ulah nyoba-nyoba mondah Kami. Lamun maranehna geus dibasmi, maneh jeung turunan maneh rek dijieun hiji bangsa gede."

11Tapi Musa kacida muntang-muntangna ka PANGERAN Allahna, piunjukna, "Nun PANGERAN, naon damelna Gusti bendu dugi ka kitu ka eta jalmi-jalmi kenging Gusti ngajait ti Mesir, kenging ngarebut ku kawasa sareng kadigjayaan?

12Mana teuing piomongeun urang Mesir! Tangtos carekna mana eta umat kagungan ku Gusti dikaluarkeun ti Mesir teh bade ditumpes di pagunungan, bade dibasmi sama sakali. Mugi ulah kateterasan bendu. Sing hawatos ka maranehna, ulah dugi ka dicilakakeun.

13Mugi emut ka abdi-abdi Gusti, Ibrahim, Ishak, sareng Yakub. Gusti parantos ikrar kalayan hidmat bade ngajembarkeun turunan aranjeunna dugi ka seueurna sapertos bentang-bentang di langit, tur bade dipaparin tanah anu parantos dijangjikeun tea yen bade dimilikkeun ka maranehna salalanggengna."

14PANGERAN lemper, teu tulus ngancamna ka umat-Na.

15Musa lungsur ti gunung, nyandak dua papan batu anu dua beulahanana bulak-balik geus ditulisan papakon-papakon.

16Anu ngadamel eta papan batu jeung anu ngukur papakon-papakonna PANGERAN ku manten.

17Yosua ngareungeu sora anu surak, unjukan ka Musa, "Kakupingna di pasanggrahan teh sapertos keur perang."

18Saur Musa, "Eta lain sora surak unggul, lain sora jerit anu eleh. Eta mah sora anu ngarawih."

19Musa geus deukeut ka pasanggrahan. Katingalieun jalma-jalma keur ngarigel. Sasapian tea ge geus katingalieun. Anjeunna kacida benduna, nepi ka papan batu candakna teh dibeubeutkeun di dinya keneh, di suku gunung.

20Ti dinya sasapian teh ku anjeunna dicandak tuluy dilebur dijieun bubuk lembut, cur dicaian, tuluy sina diarinum ku urang Israil.

21Geus kitu anjeunna mariksa ka Harun, "Akang teh dikumahakeun ku eta jalmi-jalmi, dugi ka ngantep maranehna marigawe dosa sakitu dorakana?"

22Waler Harun, "Mugi rayi ulah bendu. Rayi langkung uninga, ieu jalmi-jalmi teh parantos bakatna kana awon.

23Kawitna maranehna nyanggem kieu ka Akang, ‘Duka katarajang naon Juragan Musa anu ngaluarkeun kuring ti Mesir teh, teu lungsur-lungsur. Mana kuring sadaya pangnyieunkeun hiji allah anu bakal mingpin.’

24Ku Akang dititah nyarerenkeun perhiasan-perhiasan emasna. Sakur anu garaduheun mah sadayana nyarerenkeun, seug ku Akang dilebur dina seuneu, nya jadi eta sasapian!"

25Geus kauninga ku Musa, yen pangna eta jelema-jelema jadi kawas kuda leupas ti gedogan teh lantaran dikencar kahayangna ku Harun, ngarerakeun maneh di hareupeun musuh.

26Ti dinya Musa ngadeg di lawang pasanggrahan, tuluy sasauran bedas, "Saha anu mihak ka PANGERAN, hiap nyampeurkeun!" Seug sakabeh urang Lewi nyalampeurkeun.

27Musa ngalahir ka maranehna, "Timbalan GUSTI Allah, Panutan Israil ka maraneh, soren pedang. Ideran pasanggrahan ti lawang ka lawang. Dulur, sobat, tatangga, paehan!"

28Prak urang Lewi ngajalankeun parentah Musa. Poe eta aya tilu rebu urang anu diparaehan.

29Saur Musa ka urang Lewi, "Poe ieu maraneh geus nyarucikeun diri sakumaha kuduna imam, ngalakonan gawe pikeun PANGERAN, geus rarido najan dititah maehan anak sorangan jeung baraya sorangan. Nu matak maraneh ku Mantenna diganjar ku berkah-Na."

30Poe isukna Musa ngalahir ka jalma rea, "Maraneh geus marigawe dosa anu doraka kabina-bina. Parandene kitu kami rek ka gunung deui ngadeuheus ka PANGERAN, sugan kami bisa mangmentakeun hampura pikeun maraneh."

31Sanggeus kitu Musa unggah deui marek ka PANGERAN. Piunjukna, "Jalmi-jalmi teh parantos midamel dosa kalintang ageungna, nyarieun aallahan tina emas sareng disarembah.

32Mugi dosana dihapunten. Upami Gusti teu kersa maparin hapunten ka maranehna, langkung sae ngaran abdi kenging Gusti nyeratkeun dina daptar ngaran-ngaran umat Gusti tea dipupus."

33PANGERAN ngawaler, "Anu rek dipupus ngaranna tina kitab Kami, nya anu geus marigawe dosa ka Kami.

34Ayeuna mah anteurkeun eta jelema-jelema teh ka tanah anu ku Kami geus diandikakeun tea. Jeung inget, maneh bakal dipingpin ku malaikat Kami. Tapi eta jelema-jelema teh tangtu ku Kami dihukum ku karana dosana."

35Ti dinya PANGERAN ngadatangkeun balahi ka eta jelema-jelema, anu geus maraksa ka Harun mangnyieunkeun sasapian emas.



 <<  Keluaran 32 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel