Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Keluaran 37 >> 

1Besalel nyieun Peti Perjangjian tina kayu pilang, panjangna 110 sentimeter, rubakna 66 sentimeter, jangkungna 66 sentimeter.

2Luar jerona dilapis ku emas, sarta sakurilingna diwengkuan ku emas.

3Opat sukuna kenca katuhu make geugeulangan emas paranti ngagotong, sabeulahna dua-dua.

4Tuluy nyieun rancatanana tina kayu pilang disaput emas,

5seug dicorokkeun kana geugeulanganana kenca katuhu.

6Ti dinya nyieun tutupna tina emas tulen, panjangna 110 sentimeter, rubakna 66 sentimeter.

7Geus kitu nyieun dua mukarabin tina emas ketokan,

8dipasang dihijikeun kana tutup peti tungtung pada tungtung,

9disina pahareup-hareup tarungkul kana tutup peti, jangjangna maleber mayungan.

10Geus kitu Besalel nyieun meja tina kayu pilang, panjangna 88 sentimeter, rubakna 44 sentimeter, jangkungna 66 sentimeter,

11saluluarna dilapis ku emas, sisi-sisina dielis ku emas,

12sarta sakurilingna make titimbir rubakna 75 milimeter, terus diwengku ku emas.

13Dina opat popojok lebah sukuna make geugeulangan emas paranti ngagotong.

14Eta geugeulangan paranti nyorokkeun rancatan supaya mejana bisa digotong, diterapkeunana deukeut kana garis sisi.

15Tuluy nyieun rancatanana tina kayu pilang dilapis ku emas.

16Paparabotan pikeun eta meja kabeh tina emas: piring, cangkir, kendi, jeung bokor-bokor paranti ngahaturkeun cianggur.

17Geus kitu Besalel nyieun suku palita tina emas tulen. Dadampar jeung tihangna tina emas ketokan. Papaesna direkakeun kembang-kembang, lengkep katut kuncup jeung daun kembangna, ngahiji kana badanna.

18Cabangna kenca katuhu aya genep, sabeulahna tilu-tilu.

19Unggal cabang genepanana make tilu papaes direkakeun kembang kanari, lengkep katut kuncup jeung daun kembangna.

20Tihangna make opat papaes anu direkakeun kembang kanari, lengkep katut kuncup jeung daun kembangna.

21Handapeun unggal cabang kenca katuhu, masing-masing diheuleutan ku papaes anu direkakeun kembang sapentol.

22Pentol-pentol kembangna, cabang-cabangna, jeung tihangna, kabeh emas ketokan anu ngajadi sahiji bagian.

23Sanggeus kitu tuluy nyieun palitana tujuh pasangkeuneun dina eta suku palita. Ti dinya nyieun cacapitna jeung tatadahna tina emas tulen.

24Emas tulen anu dipake nyieun eta suku palita lengkep jeung parabotna, beuratna 35 kilo.

25Geus kitu Besalel nyieun altar tina kayu pilang pikeun pangukusan. Ukuranana pasagi, panjangna 45 sentimeter, rubakna 45 sentimeter, jangkungna 90 sentimeter, tatandukanana dihijikeun ka dinya di opat juruna.

26Beungeutna, badanna sakurilingna jeung tatandukanana disaput ku emas, biwirna sakurilingna diwengku ku emas.

27Tuluy diceulian kenca katuhu handapeun wengkuna paranti ngagotong, dicorok ku rancatan.

28Rancatanana tina kayu pilang dilapis ku emas.

29Geus kitu Besalel nyieun minyak suci paranti ngistrenan, kitu deui seuseungitan anu arum anu tulen dicampur cara buatan tukang wawangian.



 <<  Keluaran 37 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel