Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kidung Agung 6 >> 

1Wanoja-wanoja: Di lebah mana ngilesna panutan teh, leuh bentangna para wanoja? Ka lebah mana angkatna, kuring sadaya seja mantuan neangan.

2Wanoja: Angkatna mah ka kebonna, ka petakan wawangian, kersana sumeja ngangon bari metik kembang bakung.

3Nya anjeunna panutan ati, ieu kuring kakasihna. Ngangonna teh lebah dinya, di antara kembang bakung.

4Nonoman: Ku geulis enung jungjunan, sarupi jeung Yerusalem, sari rasmi sarupi jeung kota Tirsa, matak rumenghap nu ningal lir ningal eta dua kota anu agung.

5Gilerkeun soca enung ka palih ditu, paneuteupna ngabandang engkang. Rambut ombak-ombakan lir embe-embe keur tarurun ti pasir-pasir Gilad.

6Waos enung bodasna tinanding domba-domba anu nembe dimandian tas dicukuran, beres roes pepek jangkep, taya nu coceng.

7Damis enung ngalangkang jeroeun cindung.

8Keun bae raja mah rea geureuhana ge, prameswari genep puluh, parekan dalapan puluh, mojang herang pirang-pirang.

9Ari nu dipikacinta ku kuring mah ngan hiji, nu geulisna lir japati putra tunggal ibuna anu pang dipikanyaahna pamujian para istri, malah dialem ku prameswari, ku parekan kitu deui.

10Itu saha nu ngagebray tanding pajar, mani ngempray tanding bulan, mancurna tanding sang surya?

11Kuring datang ka kebon kanari, ngalanglang tutuwuhan anu keur marentik di lengkob, ngaroris sirung anggur, jeung ngilikan dalima nu karembangan.

12Engkang teh ngadegdeg, nataku sonona ka enung, lir kusir kareta perang nu hayang geura prung tarung.

13Wanoja-wanoja: Cobi ngibing, cobi ngigel, leuh mojang Sulam, bade ditongton ku kuring sadaya. (6-14) Wanoja: Naha bet harayang ningal kuring ngigel di antara barisan panongton?



 <<  Kidung Agung 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel