Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kidung Agung 8 >> 

1Leuh, mun seug engkang teh lanceuk teges, anu sami-sami nginang ka pun biang! Meureun saban patepang di jalan najan ku abdi dirangkul, moal aya nu nyela.

2Heug ku abdi teh dipontel, diajak mulih, ngarah abdi ku engkang diwulang perkawis cinta. Engkang dihaturanan leueuteun, manisan anggur sareng cai dalima.

3Bari engkang nanggeuy sirah abdi ku tangan kiwa, tangan nu tengen ngusapan.

4Wanoja-wanoja Yerusalem, aranjeun kudu jarangji, ulah rek ganggu, kana kacinta kuring duaan.

5Wanoja-wanoja: Saha ieu wanoja nu sumping ti gurun keusik, pakaleng-kaleng jeung kageugeutna? Wanoja: Di handapeun tangkal apel, tilas engkang kapungkur dibabarkeun, engkang ku abdi digeuingkeun.

6Hate engkang ulah dibuka iwal pikeun abdi. Tong kantos ngarangkul wanita lian, iwal ti ka diri abdi. Cinta teh bedas lir malakalmaot, geter birahi teh rosa lir ajal pati. Ana eta parantos hurung, nguntab-nguntab lir muntabna seuneu.

7Geus hamo kalis ku cai, mo kaceot ku walungan. Jalma nu wani-wani meuli cinta ku dunyabarana, geus tangtu dilelewean.

8Dulur-dulur nyi mojang anu lalaki: Adi urang lanjang leutik budak keneh, susuna ge acan ngeusi. Rek kumaha peta urang ka manehna, samangsa aya nu ngalamar?

9Upama eta teh kuta, urang adegan munara perak, upama eta teh panto, urang tulakan make tulak kai kiputri.

10Wanoja: Ieu kuring teh kuta, susu kuring lir munarana. Panutan kuring yakin, yen lamun jeung anjeunna, tangtu kuring bakal bagja.

11Nonoman: Suleman kagungan kebon anggur di Baal Hamon. Disewakeun ka para patani, sewaanana masing-masing sarebu uang perak.

12Suleman nampa uang sewa sarebu-sarebu, kacoceng ku mere untung ka nu nyarewa masing-masing dua ratus. Kebon anggur kuring mah kuring sorangan anu ngurus.

13Enung, ieu rerencangan engkang, ceulina mani rarancung, pada-pada hayang nguping sora enung ti jero taman.

14Wanoja: Enggal engkang, geura gasik-gasik sumping, masing rikat tinanding uncal bikang, gancang cara uncal jalu ngora, lungsur ti gunung nu pinuh ku tangkal samara.



 <<  Kidung Agung 8 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel