Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kisah Para Rasul 14 >> 

1Di Ikonium Paulus jeung Barnabas ngalaman deui kajadian kawas kitu. Aranjeunna sumping ka imah ibadah urang Yahudi, tuluy ngawulang. Piwulangna ngayakinkeun, nepi ka loba urang Yahudi jeung bangsa sejen jadi palercaya ka Yesus.

2Tapi maranehna diangsonan ku urang Yahudi anu arembungeun percaya, nepi ka maralik mikaijid ka anu geus palercaya.

3Rasul-rasul teh di dinyana rada lila, beuki ludeung ngawulangkeun hal Gusti, tur ku Gusti dipaparin kawasa ngadamel mujijat-mujijat aheng, anu ngabantu netelakeun yen sih kurnia Gusti anu diwulangkeun ku aranjeunna teh sayaktina.

4Urang dinya jadi pecah, aya nu biluk ka urang Yahudi, aya nu biluk ka rasul-rasul.

5Ti dinya urang Yahudi katut para pamingpinna jeung sawatara jelema bangsa sejen mupakat arek maledogan rasul-rasul ku batu.

6Tapi aranjeunna kaburu ngejat, terus sarumping ka Listra jeung Derbe di Likonia, jeung ka wewengkon-wewengkon sakurilingeunana,

7ngawulangkeun jalan kasalametan ti Allah.

8Di Listra aya hiji jelema anu lumpuh ti barang dijurukeun, teu bisaeun leumpang pisan,

9milu ngadengekeun kasauran Paulus. Ku Paulus diteuteup, katingali yen bisa dicageurkeun lantaran hatena percaya.

10"Geura nangtung sing ajeg!" lahiran Paulus tarik ka manehna. Korejat manehna nangtung tuluy leuleumpangan.

11Narenjo Paulus iasa midamel kitu jalma rea raong ngaromong dina basana, basa Likonia, "Dewa-dewa lungsur ka urang miraga jalma!"

12Barnabas ku maranehna disebut Dewa Zeus, Paulus anu dianggap jadi juru sabda disebut Dewa Hermes.

13Imam Dewa Zeus ti kuil pamujaanana di luar kota datang ka gapura kota, mawa kekembangan jeung sapi jalu sababaraha siki, rek ngajak urang kota ngahaturkeun kurban ka Barnabas jeung Paulus.

14Ngadangu pamaksudan maranehna kitu, Barnabas jeung Paulus nyoehkeun anggoanana tuluy muru bari ngagero ka maranehna,

15"Nanaonan, dulur-dulur? Kaula manusa cara aranjeun! Kaula rek ngembarkeun Injil Kasalametan, seja ngajak aranjeun tobat tina nyembah kana barang gaplah, kana nyembah ka Allah anu jumeneng, anu ngadamel langit, bumi, laut, jeung sakabeh eusina.

16Baheula-baheula manusa ku Mantenna diantep karep.

17Tapi Mantenna salawasna nyirikeun yen aya, tembong dina sagala padamelana-Na anu harade pikeun aranjeun, nya eta: nurunkeun hujan ti langit, maparin musim hasil bumi, maparin dahareun, jeung nyenangkeun hate aranjeun."

18Dibere katerangan kitu ge masih keneh seuseut nahanna supaya ulah tulus ngahaturanan kurban ka aranjeunna.

19Geus kitu daratang urang Yahudi ti Antioki, ti Pisidia, jeung ti Ikonium, mangaruhan. Urang dinya nepi ka pada bariluk ka maranehna. Paulus dibaledogan ku batu, tuluy digusur ka luar kota, cul ditaringgalkeun, samarukna geus pupus.

20Anjeunna cengkat deui sanggeus dirariung ku anu palercaya, tuluy lebet deui ka jero kota. Poe isukna anjeunna jeung Barnabas angkat ka Derbe.

21Di Derbe Paulus jeung Barnabas ngawartakeun Injil Kasalametan, jeung loba jelema anu datang ka palercaya ka Yesus. Ti dinya arangkat ka Listra, ka Ikonium, jeung ka Antioki di Pisidia,

22nguatkeun hate anu palercaya ka Yesus supaya mantep percayana. "Rek asup ka Karajaan Allah teh kudu nyorang heula rupa-rupa kasusahan," kitu saur aranjeunna.

23Di unggal jamaah aranjeunna ngangkat pamingpin; sanggeus dipuasaan jeung dipangnedakeun, eta pamingpin-pamingpin dititipkeun ka Gusti anu jadi pananggeuhanana.

24Paulus jeung Barnabas kebat ka Pampilia, jalanna ngalangkung wewengkon Pisidia.

25Di Perga ngawartakeun heula pangandika Allah, ti dinya kebat ka Atalia.

26Ti Atalia balayar ka Antioki deui, tempat aranjeunna bareto mimiti dipercaya ngemban rahmat Allah, nya eta kudu ngalakonan damel anu ayeuna geus anggeus.

27Di Antioki ngumpulkeun anggota jamaah, ngawartoskeun sagala perkara anu dipidamel ku Allah ku jalan aranjeunna, jeung perkara Allah geus muka jalan pikeun bangsa sejen, nepi ka maranehna oge jaradi jelema-jelema anu palercaya ka Yesus.

28Rada lila aranjeunna nganjrek di jelema-jelema anu palercaya di Antioki teh.



 <<  Kisah Para Rasul 14 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel