Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Lukas 6 >> 

1Dina hiji poe Sabat Yesus angkat, jalanna ngalangkung kebon gandum. Murid-murid-Na maripit gandum sababaraha ranggeuy, digarelang tuluy didalahar.

2Sawatara urang Parisi naranya, pokna, "Ku naon maraneh ngalanggar Hukum Agama urang, migawe anu dilarang dina poe Sabat?"

3Diwaler ku Yesus, "Tacan ngaos kitu carita Daud, kumaha waktu anjeunna jeung pangiringna lapar?

4Anjeunna lebet ka Bait Allah nyandak roti pangbakti ka Allah, sarta terus dituang pangiringna. Padahal nurutkeun Hukum Agama mah eta roti teu meunang didahar ku sambarang jelema, ngan imam bae anu meunang ngadahar."

5Geus kitu saur-Na deui, "Putra Manusa teh Gustina poe Sabat."

6Dina poe Sabat deui Yesus lebet ka imah ibadah, ngawulang. Di dinya aya hiji jelema, leungeun katuhuna kemper.

7Sawatara guru agama jeung urang Parisi kacida harayangeunana sangkan Yesus midamel kasalahan, ambeh bisa didakwakeun. Ku sabab kitu maranehna kacida ngarawaskeunana, sugan bae Anjeunna nyageurkeun dina poe Sabat.

8Tapi Yesus uninga kana palikiranana, tuluy ngalahir ka nu kemper tea, "Ka dieu, nangtung di hareup!" Eta jelema nangtung tuluy nyampeurkeun.

9Yesus mariksa ka maranehna, "Kaula rek nanya: Pagawean naon anu diidinan ku Hukum Agama urang dina poe Sabat? Nulungan atawa nyilakakeun? Ngarahayukeun nyawa jelema atawa ngabinasa?"

10Jalma-jalma ku Anjeunna diteuteup, soca-Na nguriling. Geus kitu ngalahir ka eta nu kemper, "Angkatkeun eta leungeun, lempengkeun!" Manehna nurut, sarta leungeunna tuluy cageur.

11Guru-guru agama jeung urang Parisi kacida arambekeunana, tuluy baradami kudu dikumahakeun Yesus teh.

12Ari Yesus terus angkat ka hiji pasir seja sembahyang. Sapeupeuting Anjeunna di eta pasir neneda ka Allah.

13Sanggeus bray beurang, murid-murid-Na disalaur, tuluy dipilih dua welas urang. Eta anu dua welas ku Anjeunna disebut rasul, nya eta:

14Simon (ku Anjeunna dilandi Petrus) jeung Andreas dulurna, Yakobus jeung Yohanes, Pilipus jeung Bartolomeus,

15Mateus jeung Tomas, Yakobus anak Alpeus, jeung Simon anu disarebut Selotes (anu disebut Patriot),

16Yudas anak Yakobus, jeung Yudas Iskariot anu engkena ngahianat.

17Yesus lungsur ti pasir jeung rasul-rasul, reg liren tuluy ngadeg di nu datar jeung murid-murid-Na anu loba. Jelema-jelema geus ngagimbung daratang ti sakuliah Yudea, ti Yerusalem, jeung ti kota-kota basisir Tirus jeung Sidon.

18Maksudna rek ngarupingkeun Anjeunna jeung harayangeun dicageurkeun kasakitna. Anu kasarurupan roh jahat oge daratang, tuluy dicalageurkeun.

19Jalma-jalma tingseleke rek nyarabak ka Anjeunna, sabab tina salira-Na mencar pangawasa anu matak cageur ka anu nyabak.

20Yesus neuteup ka murid-murid-Na, pok sasauran, "Bagja maraneh anu mariskin, sabab maraneh jadi anggota Karajaan Allah!

21Bagja maraneh anu ayeuna kalaparan, sabab bakal diseubeuhan. Bagja maraneh anu ayeuna ceurik, sabab engke bakal suka seuri!

22Bagja maraneh lamun ku karana Putra Manusa, maraneh ku jalma-jalma pada mikageuleuh, pada miceun, pada ngahina jeung pada nyebutkeun doraka.

23Nabi-nabi oge di jaman baheula ku karuhun maranehna dikitu-kitu. Jadi lamun maraneh ngalaman dikitu-kitu kudu atoh, kudu igel-igelan, sabab gede piganjaraneunana di sawarga.

24Sabalikna, cilaka anu ayeuna baleunghar, sabab senangna enggeus ayeuna.

25Cilaka anu ayeuna enggeus sareubeuh, sabab engke tinggal laparna! Cilaka anu ayeuna sareuri, sabab engke tinggal nguyungna jeung ceurikna!

26Cilaka maraneh lamun jelema-jelema pada maruji ka maraneh, sabab eta anu maruji teh teu beda ti karuhunna anu maruji ka nabi-nabi palsu."

27"Ka maraneh, anu ayeuna ngadarengekeun piwuruk Kami, Kami meupeujeuhan: Kudu nyaah ka musuh, kudu nyieun kahadean ka nu mikageuleuh.

28Kudu ngaberkahan ka nu nyumpahan, kudu mangnedakeun ka nu neungteuinganan.

29Lamun aya jalma nampiling pipi maraneh sabeulah, keun sina nampiling nu sabeulah deui; lamun jubah maraneh aya nu nyokot, bikeun jeung bajuna.

30Anu barang penta kudu dibere, jeung lamun kaboga maraneh naon bae aya nu nyokot, ulah dipenta deui.

31Pilampah ka batur lampah anu ku maraneh diharep malar batur oge milampah kitu ka maraneh.

32Sabab ari ngan mikanyaah ka nu nyaaheun deui ka maraneh mah naon jasa maraneh? Jelema dosa ge ari ka nu mikanyaah mah nyaaheun!

33Jeung ari nyieun kahadean ngan ka jelema anu nyieun kahadean ka maraneh bae mah, naon jasa maraneh? Jalma dosa ge osok kitu mah!

34Jeung lamun daek mere nginjeum ngan ka nu pibisaeun mulangkeun bae mah naon jasa maraneh? Jelema dosa ge ari nginjeumkeun ka jelema dosa deui teh bari ngarep-ngarep pulang sajinisna!

35Ulah kitu! Ka musuh kudu nyaah, kudu daek mere kahadean ka maranehna; ari mere nginjeum ulah bari ngarep-ngarep pulang deui. Lamun barisa kitu, gede piganjaraneun maraneh, tur bakal pijadieun putra-putra Allah Nu Maha Agung. Sabab Mantenna mah ka nu teu boga panarima jeung ka nu jahat oge tetep bae sae manah.

36Kudu boga sipat welas, sabab Rama maraneh oge sipat welas."

37"Ulah ngahukuman batur, supaya maraneh ulah dihukuman ku Allah; ulah nyapa ka batur, supaya maraneh oge ulah disapa ku Allah; kudu daek ngahampura ka batur, supaya maraneh oge dihampura ku Allah.

38Ka batur sing daek mere, supaya Allah ge kersaeun maparinan maraneh, tur maparin-Na teh sapinuhna takeran, diborolokeun sabisana maraneh nyangga. Ukuran maraneh ka batur, ku Allah bakal dianggo ngukur maraneh."

39Jeung Yesus maparin ibarat kieu ka maranehna: "Jelema lolong moal bisaeun nungtun anu lolong deui, sabab tangtu duanana bakal tigebrus ka solokan.

40Murid moal ngaleuwihan guruna, tapi lamun diajarna geus tamat bakal sarua jeung guruna.

41Ku naon ari tatal dina panon dulur diawas-awas, ari balok dina panon sorangan teu dirasa?

42Na bisa maraneh ngomong kieu ka dulur maraneh, ‘Cik, eta tatal dina panon teh urang pangnyabutkeun ku kuring,’ ari balok dina panon sorangan teu katenjo? Eh jelema munapek! Piceun heula balok tina panon sorangan, geus kitu kakara bisa awas kana tatal dina panon dulur jeung bisa mangnyabutkeun."

43"Tangkal anu sehat, buahanana moal goreng, nya kitu deui tangkal anu teu sehat, buahanana moal alus.

44Unggal tangkal bisa dikanyahokeunana teh tina buahna. Sabab pasti tangkal cucuk moal buahan kondang, rungkun cucuk moal buahan anggur.

45Jelema anu hade ngabijilkeun anu hade, sabab eusi hatena oge hararade; jelema jahat ngabijilkeun anu jahat, sabab eusi hatena oge jarahat. Sabab mudalna omongan tina sungut teh lantaran hate geus leber."

46"Naha nyambat ka Kami, ‘Gusti, Gusti,’ tapi piwuruk Kami teu dilampahkeun?

47Anu datang ka Kami terus nurut kana piwuruk Kami, ibaratna ku Kami rek dicaritakeun.

48Nya eta ibarat jalma nu nyieun imahna, galianana jero, masang pademenna dina luhur batu. Ana katarajang banjir, imahna henteu inggeung-inggeung acan lantaran pademenna weweg.

49Sabalikna anu ngan semet ngadengekeun piwuruk Kami tapi henteu jeung dilampahkeun, nu kitu mah ibarat nu nyieun imah henteu make pademen; ana katarajang banjir brug imahna runtuh, rugrug amburadul!"



 <<  Lukas 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel