Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Matius 11 >> 

1Sabada maparin wejangan ka murid-murid anu dua welas, Yesus terus angkat ngantunkeun eta tempat, seja ngawulang jeung nguarkeun amanat Allah di kota-kota anu dareukeut ka dinya.

2Yohanes anu keur di jero panjara meunang warta hal anu dipidamel ku Kristus, seug anjeunna ngutus murid-muridna ka Yesus, menta katerangan,

3"Naha leres Juragan teh anu bade sumping numutkeun jangji Allah tea sakumaha disaurkeun ku Yohanes? Atanapi abdi-abdi kedah ngantosan keneh anu sanes?"

4Yesus ngawaler, "Jig ka Yohanes deui, caritakeun ka anjeunna sakur anu ku maraneh kadenge jeung katenjo di dieu:

5Nu lolong jadi bisa nenjo, nu lumpuh jadi bisa leumpang, nu lepra jadi setra, nu torek jadi bisa ngadenge, nu paeh dihirupkeun deui, nu mariskin diwawaran Injil Kasalametan ti Allah.

6Bagja jamuga sing saha anu henteu cangcaya ka Kami!"

7Sanggeus utusan-utusan Yohanes baralik, Yesus nyaurkeun Yohanes ka jalma rea, saurna, "Basa aranjeun daratang ka Yohanes di gurun keusik teh rek naraon? Rek narenjo daun eurih anu tingarulang ku angin?

8Cik rek naraon? Rek lalajo jelema anu pakeanana ginding? Jalma anu pakeanana ginding mah ayana di karaton-karaton!

9Jadi rek narenjo naon ka daritu teh? Rek narenjo nabi? Bener, tapi anu katarenjo ku maraneh teh leuwih ti nabi.

10Sabab Yohanes teh nya anu ku Kitab Suci disebut kieu tea: ‘Allah ngandika, Kami rek ngajurung utusan heulaeun Hidep, sina naratas jalan keur Hidep.’

11Sing percaya, di dunya ieu can aya anu leuwih agung ti batan Yohanes Jurubaptis. Tapi di Karajaan Sawarga mah anu panglaipna ge leuwih agung ti batan Yohanes.

12Ti mimiti Yohanes nyiarkeun amanatna nepi ka ayeuna, Karajaan Sawarga teh geus nandangan panggempur hebat, sarta arek dibekuk ku jelema-jelema lalim.

13Eta Karajaan teh geus diramalkeun ku Kitab Nabi-nabi jeung ku Hukum Musa tug nepi ka jaman Yohanes.

14Mun daraek percaya, Yohanes teh nya eta Elias, anu pisumpingeunana geus diramalkeun.

15Ku sabab eta, lamun baroga ceuli, dengekeun!

16Ari jelema-jelema jaman kiwari ku Kami bisa diupamakeun kawas naon? Kawas barudak anu keur dariuk di pasar. Nu sarombongan ngagero ka rombongan sejenna, pokna,

17‘Kami maen musik paranti kawinan, maraneh teu ngarigel! Kami mangnyanyikeun lagu kapapatenan, maraneh teu careurik!’

18Yohanes sumping, puasa, tara ngaleueut anggur, pada nyebutkeun, ‘Jelema kasurupan roh jahat!’

19Anak Manusa datang, biasa sok dahar sok nginum, ceuk maraneh, ‘Tenjo ieu jelema! Tukang nyatu, tukang nginum anggur, sobat tukang-tukang mulung pajeg jeung jelema-jelema doraka!’ Sanajan kitu, kawijaksanaan Allah mah katembong tina hasil-hasilna."

20Aya kota-kota anu jelemana teu daraek tobat, padahal di dinya Anjeunna pangseringna nembongkeun mujijat-mujijat. Eta kota-kota ku Anjeunna diseukseukan.

21"Cilaka maneh Korasin! Cilaka maneh oge, Betsaida! Lamun heug mujijat-mujijat anu ditembongkeun ka maraneh teh ditembongkeunana ka urang Tirus jeung Sidon, tangtu geus lila deui maranehna mah bakal marake baju karung jeung ngawuran awakna ku lebu, nyirikeun tobat tina dosa-dosana.

22Kami yakin, dina Poe Kiamat urang Tirus jeung Sidon bakal leuwih dipikawelas ku Allah ti batan maraneh!

23Kitu deui maneh, Kapernaum! Baruk rek ngangkat maneh ka sawarga? Hamo bisa! Maneh bakal ditotogkeun ka naraka! Upama heug mujijat-mujijat anu ditembongkeun ka maneh baheula ditembongkeun ka urang Sadumu, eta nagara tangtu nepi ka ayeuna aya keneh!

24Sing percaya, dina Poe Kiamat urang Sadumu bakal leuwih dipikawelas ku Allah ti batan maraneh!"

25Harita Yesus terus sasauran, "Nun Ama, Gustina langit sareng bumi! Abdi ngahaturkeun nuhun, reh perkawis ieu ku Ama dirasiahkeun ka anu palinter sareng garaduh elmu, dupi ka anu teu garaduh katerang mah parantos ditembrakkeun.

26Leres, ieu anu nyukakeun manah Ama teh!"

27Saur-Na deui, "Sakabeh hal ku Rama Kami geus diserenkeun ka Kami. Taya nu nyaho ka Putra, ngan Rama anu uninga. Taya nu nyaho ka Rama salian ti Putra jeung jalma-jalma anu ku Putra kapilih diwawuhkeun ka Rama.

28Hiap datang ka Kami, sakur nu maropo jeung nu kalempohan sarta nu ngarasa beurat ku momotan, ku Kami rek direureuhkeun.

29Turut parentah Kami sarta diajar ka Kami. Kami teh lemah lembut jeung rendah hate, sarta maraneh bakal ngarasa reureuh.

30Sabab parentah-parentah Kami mah gampang, sarta momotan ti Kami hampang."



 <<  Matius 11 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel