Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Matius 21 >> 

1Yesus jeung murid-murid geus dareukeut ka Yerusalem, geus aya di Betpage di Gunung Jetun. Ti dinya Yesus miwarang dua murid sina ti heula,

2sarta dilahiran kieu, "Maraneh kudu ka kampung itu di hareup. Engke bakal manggih kalde keur dicangcang jeung anakna. Buka talina, bawa ka dieu duanana.

3Mun aya anu ngomong kitu kieu bejakeun, ‘Rek dianggo heula ku Gusti,’ harita keneh ge tangtu mikeun eta kalde dibawa."

4Hal ieu teh supaya laksana ucapan nabi anu kieu:

5"Bejakeun ka Sion, Itu Raja maneh sumping! Ngarendahkeun anjeun nitih kalde, kaldena anakna keneh."

6Dua murid indit ngalakonan piwarangan.

7Kalde geus dibawa jeung anakna. Nu anakna disasarapan tonggongna ku jubah maranehna, Yesus terus nitihan eta kalde.

8Jalma-jalma loba anu ngalamparkeun jubahna di jalan, sawareh deui ngampar-ngamparkeun dangdaunan beunang ngala harita,

9tuluy ngaleut di payuneun jeung di pungkureun Anjeunna. Nu di tukang tinggarero, "Wilujeng Putra Daud! Mugia anu sumping kalawan pajenengan Pangeran dirahmat ku Allah! Puji Allah!"

10Barang Yesus lebet ka Yerusalem, sakuliah kota geunjleung. "Saha eta?" urang Yerusalem tingtaranya.

11Tembal nu ngarak, "Nabi Yesus ti Nasaret di Galilea!"

12Yesus lebet ka Bait Allah. Anu keur jual beuli di dinya diusiran. Meja-meja tukang nalukeuran duit jeung bangku-bangku tukang dagang japati dibalik-balikkeun.

13Saur-Na, "Dina Kitab Suci disebut, kieu dawuhan Allah: ‘Bait Kami bakal disarebut tempat paranti sembahyang.’ Ari ku maraneh dijieun sayang begal!"

14Jelema-jelema anu lolong jeung nu cingked daratang ka Anjeunna di Bait Suci, ku Anjeunna dicalageurkeun.

15Imam-imam kapala jeung guru-guru agama narenjo Anjeunna midamel kaahengan teh arambekeun, turug-turug barudak salusurakan di jero Bait Allah, "Wilujeng Putra Daud!"

16Tuluy maranehna negor ka Yesus, "Kadenge ku Anjeun kecapna eta barudak?" "Puguh bae," waler-Na. "Na aranjeun tacan maraca ayat Kitab Suci anu kieu: ‘Barudak sareng orok ku Gusti diajar ngucapkeun pamuji anu sampurna.’"

17Geus kitu maranehna dikantun. Anjeunna terus ka Betania, ngawengi di dinya.

18Poe isukna isuk-isuk keneh, waktu keur angkat deui ka kota, Yesus ngaraos lapar.

19Di sisi jalan aya tangkal kondang tuluy dicaketan. Tapi teu aya buahna, daun wungkul. Ti dinya saur-Na ka eta tangkal, "Maneh moal buahan-buahan deui!" Dadak sakala eta tangkal teh jadi garing.

20Murid-murid mani arolohok. "Ku naon enggal-enggal teuing garing eta tangkal teh?" ceuk maranehna.

21Waler Yesus, "Maraneh ge, asal percaya jeung henteu cangcaya, bisa nyieun kitu cara Kami bieu ka eta tangkal kondang. Malah leuwih ti kitu. Pek ieu gunung titah kieu, ‘Geura ngangkat, terus nyeburkeun maneh ka laut,’ tangtu bukti.

22Nya kitu deui, neneda menta naon bae, asal hate percaya, tangtu dikabul."

23Yesus lebet deui ka Bait Allah. Sabot keur ngawulang, jol imam-imam kapala jeung para kokolot daratang ka dinya tuluy nanya, "Naon hak Anjeun migawe kitu? Meunang hak kitu ti saha?"

24Waler Yesus, "Kaula ge rek nanya ka aranjeun saperkara. Lamun kajawab, kakara pertanyaan aranjeun perkara hak Kaula dijawab.

25Ari Yohanes kagungan hak ngabaptis ti saha? Ti Allah atawa ti manusa?" Maranehna jadi patanya-tanya pada batur, "Kudu kumaha jawabna? Lamun dijawab, ‘Ti Allah,’ tangtu ceuk Manehna, ‘Ku naon aranjeun teu percaya ka Yohanes?’

26Lamun dijawab ‘Ti manusa,’ sieun ku rahayat, sabab rahayat yakin Yohanes teh nabi."

27Tungtungna ngajawabna teh, "Duka teuing!" Saur Yesus, "Ari kitu mah Kaula moal ngabejakeun make hak naon Kaula migawe kieu."

28"Ayeuna kumaha ieu ceuk aranjeun. Aya hiji jelema boga anak lalaki dua. Ngomong ka anakna nu kolotan, ‘Ujang, poe ieu kudu digawe di kebon anggur.’

29Jawabna, ‘Ah, alim!’ tapi lila-lila kaduhungeun, tuluy bae digawe.

30Bapana tuluy nitah ka anakna nu ngoraan cara tadi. Jawabna, ‘Mangga, Bapa,’ tapi henteu digawe.

31Tah, nu mana anu ngalampahkeun parentah bapana?" "Nu kolot," walon maranehna. Saur Yesus, "Aranjeun bakal kapiheulaan asup ka Karajaan Sawarga ku tukang-tukang mulung pajeg jeung ku awewe tuna susila.

32Sabab aranjeun heunteu palercaya ka Yohanes Jurubaptis anu nuduhkeun jalan bener. Sabalikna tukang-tukang mulung pajeg jeung awewe-awewe tuna susila mah percayaeun. Ari aranjeun sakitu geus nenjo hal eta, pikiran teu robah-robah, ka anjeunna teu palercaya."

33"Aya deui misil. Aya tuan tanah muka kebon anggur, sakurilingna dipager, nyieun bak pameresanana jeung munara jaga. Tuluy disewakeun sina digarap ku nu sejen, ari manehna terus nyaba.

34Dina usum metik manehna nitahan bujang-bujangna sina narik hasil sewa kebonna ti nu nyarewa.

35Tapi bujang-bujangna teh ku anu nyarewa kebonna dipahala, diparaehan, aya nu diteunggeulan, aya nu dibaledogan ku batu.

36Tuan tanah nitahan bujang-bujang sejen leuwih loba, tapi sarua nasibna jeung nu ti heula.

37Tungtungna nu dititah teh anakna, pamikirna, ‘Ku anak aing mah tangtu sarieuneun.’

38Tapi barang eta datang, nu nyarewa kebon teh baradami, pokna, ‘Ieu mah anakna. Urang paehan, warisanana jang urang!’

39Tuluy dicerek, dijongklokkeun ka luaran kebon, tuluy dipaehan.

40Cik, lamun eta tuan tanah datang sorangan, bakal dikumahakeun eta nu nyarewa kebonna teh?"

41Tembalna, "Eta jelema-jelema jahat teh tangtu ditumpes, kebonna disewakeun deui ka nu sejen, anu pibenereun mere hasil sewa kebonna dina waktuna."

42Saur Yesus, "Kumaha aranjeun geus maraca ayat Kitab Suci anu kieu? ‘Batu anu teu kapake ku tukang ngadegkeun, ngajadi batu anu pangutamana. Kitu dipidamelna ku Pangeran, endahna kabina-bina!’"

43Saur Yesus deui, "Ku sabab kitu Kaula ngabejaan, hak aranjeun kana Karajaan Sawarga bakal dicabut, dibikeun ka bangsa sejen anu daraekeun ngajalankeun pangersa Allah.

44[Anu ninggang kana eta batu tangtu remuk, anu katinggang tangtu bubuk.]"

45Karasaeun ku imam-imam kapala jeung ku urang Parisi yen eta misil teh ku Yesus dianggo nyindiran maranehna.

46Seug maranehna alihtiar rek nangkep Yesus. Tapi teu waranieun prak, sarieuneun ku jalma rea anu nganggap Yesus teh nabi.



 <<  Matius 21 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel