Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Matius 24 >> 

1Waktu Yesus angkat ngantunkeun Bait Allah, murid-murid-Na nyalampeurkeun, terus nunjuk ka eta Bait supaya Anjeunna ningali adegan-adeganana.

2"Enya, eta kabeh ayeuna ku maraneh katenjo," saur Yesus. "Kami ngabejaan, engke mah sahiji ge batuna moal aya anu tetep nyusun dina tempatna ayeuna, bakal dirugrugkeun."

3Yesus ngareureuh di Gunung Jetun. Murid-murid nyalampeurkeun teu jeung sasaha deui. Tuluy miunjuk, "Mugi diwartoskeun, anu tadi disaurkeun teh iraha pijadieunana? Kitu deui perkawis pisumpingeun Bapa engke sareng ahir jaman, kumaha galagatna?"

4Waler Yesus, "Maraneh sing iyatna ulah beunang kaperdaya.

5Sabab engke bakal loba anu ngaku-ngaku, ‘Kami Kristus, Jurusalamet!’ Loba nu bakal katipu.

6Maraneh bakal ngadenge dur-derna perang di nu deukeut, ngadenge beja-beja perang di nu jarauh, tapi ulah sarieun. Pasti eta teh baris kajadian, tapi lain hartina geus kiamat.

7Bangsa-bangsa silih perangan, nagara-nagara silih tarajang. Bala kalaparan jeung lini di mana-mana.

8Eta kabeh kajadian kakarek ngamimitianana ibarat mimiti nyalingitna kanyeri anu rek ngajuru.

9Geus kitu maraneh bakal ditangkep, diserenkeun sangkan disiksa, dipaehan. Bakal dipikageuleuh ku unggal jelema dumeh anut ka Kami.

10Jaman eta bakal loba anu murtad, silih hianat, silih pikageuleuh.

11Nabi-nabi palsu barijil, loba anu bakal kasasarkeun.

12Ku nerekab-nerekabna kajahatan, jelema-jelema teh nepi ka leungit kanyaahna.

13Tapi sing saha anu tabah nepi ka panungtungan bakal dirahayukeun.

14Geus kitu ieu Injil Kasalametan anu mertelakeun hal Karajaan Sawarga bakal diuarkeun ka sakuliah dunya, kadenge ku unggal jelema, geus kitu kakara datang poe kiamat."

15"Maraneh bakal nenjo ‘Si Pikasieuneun’ anu baheula diucapkeun ku Nabi Daniel tea ngajega di tempat suci." (Para maos! Mangga manahan naon eta teh pihartoseunana!)

16"Lamun eta mangsa enggeus datang, nu araya di Yudea kudu lalumpat ka pagunungan.

17Nu keur aya di suhunan imah ulah nyokot nanaon heula ti jero imah.

18Nu keur aya di tegal ulah balik heula nyokot jubah.

19Pikeun awewe-awewe anu harita keur kakandungan jeung anu keur nyarusuan orok, poe-poe eta teh kacida matak paurna!

20Kudu neneda ka Allah, muga-muga waktu maraneh kabur teh ulah ninggang dina usum hujan atawa keur poe Sabat!

21Sabab eta mangsa cilaka teh ngabalangsakkeunana leuwih-leuwih ti jaman nu enggeus-enggeus ti barang dunya gumelar nepi ka ayeuna, tur moal aya deui anu saperti kitu.

22Tapi eta mangsa teh ku Allah disinggetkeun waktuna. Sabab lamun henteu, saurang ge moal aya nu salamet. Allah nyinggetkeun eta mangsa teh lantaran ngaraskeun ka umat pilihana-Na.

23Lamun harita aya anu nyebut, ‘Tah ieu Kristus!’ atawa, ‘Tuh itu Kristus!’ ulah percaya.

24Sabab bakal loba Kristus palsu jeung nabi-nabi palsu; maranehna bakal nyarieun kaahengan jeung kaajaiban pikeun nipu, lamun bisa mah ka umat pilihan Allah oge.

25Maraneh ku Kami geus dibejaan ti ayeuna, supaya iyatna.

26Atawa lamun aya nu ngomong, ‘Tuh! Di ditu Kristus teh di gurun keusik!’ — maraneh ulah ka ditu. Atawa lamun ceuk maranehna, ‘Tah, ieu di dieu Kristus teh keur nyumput!’ — ulah percaya.

27Putra Manusa mah pisumpingeuna-Na lir kilat meuntasan langit ngabaranyay ti wetan ka kulon.

28Di mana aya bangke, manuk bangke ngarubung di dinya."

29"Moal lila ti sabada kabalangsakan mangsa eta, panonpoe bakal poek, bulan henteu cahayaan, bentang-bentang ragragan ti langit, kakuatan-kakuatan langit malengpar tina jalanna.

30Geus kitu tembong di langit tanda Putra Manusa. Barang narenjo Putra Manusa sumping nitih mega di langit tur kawasa jeung kacida agungna, jelema-jelema bakal ear sasambat.

31Tarompet gede bakal disadakeun, sarta Putra Manusa bakal ngutus para malaikat-Na ka opat madhab bumi, ngumpulkeun umat pilihan Anjeunna ti sakuliah jagat, ti tungtung nepi ka tungtung."

32"Tenjo tangkal kondang, aya papatahna. Lamun regang-regangna geus ngahejoan, ngaleuleusan jeung sarirungan, eta tandana geus tereh usum panas.

33Nya kitu, lamun hal-hal anu bieu disebut geus kajadian, eta tandana yen geus tereh panungtungan, geus mimiti ahir jaman.

34Inget, eta sakabeh perkara bakal kajadian samemeh jelema-jelema anu harirup ayeuna paraeh kabeh.

35Langit jeung bumi bakal musna, tapi pangandika Kami mah moal musna."

36"Tapi iraha poena, iraha jamna, jelema taya nu nyaho, para malaikat henteu, Putra Manusa ge henteu. Ngan Rama anu uninga.

37Pisumpingeunana Putra Manusa teh bakal cara keur jaman Enoh.

38Memeh aya caah gede, jelema-jelema gawena nyatu, nginum, kawin, kitu bae nepi ka waktuna Enoh lebet kana kapal.

39Tapi jelema-jelema teh teu arengeuheun aya kajadian naon, nyaho-nyaho geus ger caah. Kaayaan dina waktu pisumpingeunana Putra Manusa oge bakal kitu.

40Dina mangsa eta, dua jelema anu keur digarawe di kebon, nu saurang bakal dibawa, nu saurang deui ditinggalkeun.

41Dua awewe anu keur ngagiling gandum, nu saurang bakal dibawa, nu saurang deui ditinggalkeun.

42Ku sabab eta sing iyatna, sabab maraneh teu nyaho iraha pisumpingeunana Gusti maraneh.

43Coba lamun nu boga imah nyahoeun iraha pidatangeunana bangsat, tangtu bakal taki-taki supaya ulah nepi ka kabongkaran.

44Jadi maraneh kudu caringcing salalawasna, sabab pisumpingeunana Putra Manusa teh ku maraneh moal kasangka-sangka."

45Saur Yesus deui, "Cik nu disebut gandek satia jeung bijaksana teh nu kumaha? Tangtu ku dununganana baris dipercaya ngurus dahar gandek-gandek lianna saban-saban geus waktuna.

46Untung eta gandek, lamun dununganana datang kasampak keur ngalakonan kawajibanana.

47Ku dununganana tangtu bakal dipercaya nguruskeun sagala harta bandana.

48Tapi lamun eta gandek teu satia, hatena bakal ngomong yen dununganana moal balik tereh-tereh,

49tuluy mimiti tanggal-teunggeul ka sasama gandek, sarta dahar nginum jeung tukang-tukang mabok.

50Geus kitu dununganana datang dina poe anu ku manehna teu kasangka-sangka, jeung teu diarep-arep.

51Geus tangtu ku dununganana disiksa bebeakan, terus dipiceun ka tempat paragi ngabuang jelema-jelema munapek, bati bisa ceurik nepi ka huntuna tingkereket."



 <<  Matius 24 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel