Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Matius 8 >> 

1Yesus lungsur ti gunung dituturkeun ku jalma rea.

2Jol aya jelema anu nandangan kasakit lepra datang ka Anjeunna, sujud ka payuneuna-Na tuluy unjukan kieu, "Juragan, manawi kersa Juragan iasa nyageurkeun abdi."

3Yesus ngantelkeun panangana-Na ka manehna, tuluy misaur, "Heug, geura cageur!" Harita keneh kasakit eta jelema teh cageur.

4Saur Yesus deui ka manehna, "Kade, ulah cacarita ka saha-saha! Terus ka imam bae menta dipariksa, tuluy nyanggakeun kurban anu diparentahkeun ku Musa, pikeun ngabuktikeun ka nu sejen yen maneh geus cageur."

5Barang Yesus sumping ka Kapernaum, aya hiji perwira bangsa Rum datang ka Anjeunna menta tulung, pokna,

6"Juragan, gandek sim kuring di rorompok udur repot, parantos teu tiasa walakaya, kalintang nandanganana."

7"Heug urang cageurkeun, Kaula rek ka ditu," waler Yesus.

8Tapi ceuk eta perwira, "Ulah ka ditu, Juragan! Isin temen abdi kasumpingan. Saurkeun ti dieu bae, tangtos pun gandek teh tiasa cageur.

9Abdi oge nu jadi bawahan saluhureun, upami nitah, ‘Indit!’ ka hiji prajurit, tangtos eta prajurit indit. Upami sanggem abdi, ‘Ka dieu!’ tangtos nyampeurkeun. Upami sanggem abdi ka gandek, ‘Ieu pigawe!’ tangtos dipigawe."

10Ngadangu kitu Yesus kacida katarikna, tuluy nyarios ka anu ngariring, "Ieu jelema kacida percayaeunana. Di Israil ge Kami can manggih nu kawas ieu.

11Kami bisa mastikeun, loba nu bakal daratang ti wetan ti kulon, milu pesta suka-suka di sawarga jeung Ibrahim, Ishak, jeung Yakub.

12Sabalikna jelema-jelema anu kuduna jaradi warga sawarga bakal dijarongklokkeun ka tempat nu poek, careurik di dinya sarta huntuna tingkereket."

13Ti dinya saurna ka eta perwira, "Geura mulang. Hal anu ku anjeun dipercaya tangtu laksana." Harita keneh ge gandekna nu keur gering di imah teh cageur.

14Yesus terus ka imah Petrus. Ibu mertua Petrus harita keur ngedeng bae di enggon, muriang.

15Ku Yesus dicepeng leungeunna, seug muriangna cageur tuluy hudang ngalalayanan ka Anjeunna.

16Ka sorenakeun loba anu marawa jelema-jelema anu kasurupan setan ka Yesus. Ngan ku sakecap roh-roh jahatna ku Yesus diusir kalaluar. Kitu deui anu garering kabeh dicalageurkeun.

17Pang Anjeunna midamel kitu teh ngalaksanakeun ucapan Nabi Yesaya baheula anu kieu, "Anjeunna ngangkat sagala panyakit jeung kasakit urang."

18Ku Yesus katingalieun di sakurilingeun Anjeunna loba jelema. Seug ngajak murid-murid meuntasan talaga ka peuntas ditu.

19Hol aya nu datang ka Anjeunna, hiji guru agama. "Pa Guru," carekna, "abdi bade ngiring ka mana bae Pa Guru angkat."

20Waler Yesus, "Careuh baroga liang, manuk baroga sayang, ari Putra Manusa mah teu boga tempat keur ngedeng-ngedeng acan."

21Tuluy salah saurang anu kaasup murid unjukan, "Pa, permios wangsul heula bade nguburkeun pun bapa."

22Tapi ku Yesus diwaler kieu, "Tuturkeun Kami terus. Keun nu maot mah sina nguburkeun nu maotna sorangan."

23Yesus tuluy naek kana parahu jeung murid-murid-Na.

24Sabot Yesus keur kulem, gelebug aya angin ribut nebak talaga, nepi ka parahu meh tibalik.

25Yesus ku murid-murid-Na digugahkeun, "Gusti tulungan! Abdi-abdi bade tiwas!"

26"Ku naon sarieun? Ku naon kurang percaya ka Kami?" saur Yesus. Anjeunna tuluy ngadeg, angin jeung ombak diparentah sina eureun. Jep bae eureun, talaga jadi kacida ayemna.

27Murid-murid-Na arolohok. "Jelema naon Guru urang teh?" ceuk maranehna. "Bet angin jeung ombak ge datang ka nurut ka Anjeunna!"

28Sumping ka peuntas ditu, di wewengkon Gadara, Yesus papapag jeung dua jelema anu diraksuk ku setan, jolna ti astana. Duanana kacida garalakna, nepi ka taya nu wani ngalanto ka lebah dinya.

29Eta dua jelema ngagorowok, "Rek naon ka kuring, eh Putra Allah? Naha geus rek nyiksa ka kuring samemeh cunduk waktu?"

30Teu jauh ti dinya aya babi sabubuhan keur nareangan hakaneun.

31Setan-setan teh nunuhun ka Yesus, pokna, "Lamun kuring sarerea rek diusir kaluar, idinan nyurup ka itu babi-babi."

32"Jig," waler Yesus. Ti dinya setan-setan teh nyarurup ka eta babi-babi. Seug babi-babi teh lalumpatan ka sisi gawir, brus laluncatan ka talaga tuluy tingkerelep.

33Tukang-tukang ngangonna lalumpatan ka jero kota, hariweusweus nyaritakeun kajadian anu kaalaman ku dua jelema anu diraksuk ku setan tea.

34Ti dinya urang kota eta budal manggihan ka Yesus, tuluy ngadesek supaya Anjeunna ngantunkeun daerah maranehna.



 <<  Matius 8 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel