Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Markus 14 >> 

1Pidua poeeun deui kana Pesta Paska jeung Pesta Roti Teu Diragian, imam-imam kapala jeung guru-guru agama nareangan akal rek nangkep Yesus, tapi hayang rikip.

2"Nangkepna ulah dina keur pesta," ceuk maranehna, "bisi rahayat rusuh."

3Yesus keur aya di Betania, di imah Simon anu baretona katerap ku kasakit lepra. Sabot keur tuang, datang hiji awewe mawa goci dieusi minyak seungit anu kacida mahalna, anu dijieunna tina akar wangi. Seug gocina ku manehna dipeupeuskeun, minyakna dikucurkeun kana mastaka Yesus.

4Ti antara jelema-jelema nu araya di dinya aya anu arambekeun jeung ngaromong pada batur, "Naon gawena eta minyak seungit dipiceunan kitu?

5Mun dijual bisa payu leuwih ti tilu ratus uang perak, duitna serenkeun ka pakir miskin!" Geus kitu maranehna nyararekan ka eta awewe kasar pisan.

6Tapi saur Yesus, "Ulah diopenan ieu awewe teh! Ku naon dicarekan? Manehna keur nembongkeun kalemesan jeung kamulyaan budina ka Kami.

7Nu mariskin mah salawasna ge aya bae jeung maraneh, mun maraneh hayang nulung iraha-iraha ge bisa. Ari Kami mah aya di maraneh teh moal salawasna.

8Ieu awewe geus sateka-teka upaya hayang ngaminyakan Kami ku minyak seungit, makelatkeun Kami waktu pamakaman Kami engke.

9Sing percaya ka ieu ucapan Kami: Di mana bae Injil diwawarkeun di sakuliah dunya, kahadean ieu awewe ka Kami geus tangtu bakal dicaritakeun pikeun pangeling-eling ka manehna."

10Geus kitu Yudas Iskariot, salah saurang ti dua welas murid, datang ka imam-imam kapala, maksudna rek nyerenkeun Yesus.

11Maranehna kacida aratoheunana ngadarenge kasanggupanana, sarta jangji rek mere duit ka manehna. Ti harita Yudas ngintip-ngintip kasempetan rek nyerenkeun Yesus.

12Dina poe kahiji Pesta Roti Teu Diragian, nya eta poean meuncit anak domba keur dahareun dina poe Paska, murid-murid arunjukan ka Yesus, "Bapa tuang jamuan Paska teh palay di mana disayagikeunana?"

13Anjeunna miwarang dua murid, saur-Na, "Maraneh kudu ka kota. Di ditu bakal papanggih jeung jelema mawa kendi eusi cai. Tuturkeun

14nepi ka asupna ka jero imah, tuluy tanyakeun ka nu boga eta imah kieu, ‘Saur Pa Guru, mana kamar jang Kami dahar Paska jeung murid-murid?’

15Engke maraneh dituduhan hiji kamar anu lega di loteng geus beunang ngatur lengkep jeung parabot daharna. Pek atur dahareunana."

16Bral nu dipiwarang teh arindit ka kota. Di dinya sagala hal anu disaurkeun ku Yesus tea bukti. Prak maranehna ngatur tuangeun keur jamuan Paska.

17Peutingna Yesus sumping ka dinya jeung murid-murid.

18Sabot tuang dina meja jeung murid-murid, Yesus nyarios kieu, "Kami ngabejaan, aya saurang ti maraneh anu ayeuna keur dahar jeung Kami, bakal ngahianat ka Kami."

19Murid-murid tingrarenjag, seug naranyakeun silihgenti pokna, "Nanging tangtos sanes abdi anu dimaksad ku Bapa teh?"

20Waler-Na, "Hiji ti nu dua welas, nya eta anu engke bantrok leungeun jeung Kami nyelupkeun roti kana mangkok.

21Putra Manusa memang geus pastina kudu dipaehan, luyu jeung eusi Kitab Suci. Tapi kacida bakal cilakana eta jelema anu ngahianat ka Putra Manusa teh! Leuwih hade lamun eta jelema henteu kungsi lahir ka dunya!"

22Tengah-tengah tuang Yesus nyandak roti hiji. Sanggeus muji sukur, rotina ku Anjeunna disemplekan tuluy diasongkeun ka murid-murid. "Ieu tampanan, dahar," saur-Na, "ieu teh daging awak Kami."

23Ti dinya Anjeunna nyandak lumur anggur. Sanggeus muji sukur, lumur diasongkeun ka murid-murid, tuluy diarinum.

24"Ieu teh getih Kami," saur Yesus, "anu dikucurkeun pikeun jalma rea. Ieu getih Kami teh neguhkeun perjangjian Allah.

25Kami ngabejaan, ti semet ieu Kami moal nginum deui anggur ieu, nepi ka waktu engke nginum anggur anu anyar di Karajaan Allah."

26Sanggeus kitu aranjeunna nganyanyikeun hiji lagu pupujian. Ti dinya terus kaluar, ngajugjug angkat ka Gunung Jetun.

27Yesus nyarios ka murid-murid, "Peuting ieu keneh maraneh bakal kalabur ti Kami. Sabab ceuk Kitab Suci, ‘Eta pangangon teh bakal tiwas ku Allah, baris dipaehan, dombana disina paburisat.’

28Tapi sanggeus Kami dihirupkeun deui, Kami rek miheulaan maraneh ka Galilea."

29Ceuk Petrus ka Anjeunna, "Sanaos nu sanes naringgalkeun ka Bapa, abdi mah moal!"

30Waler Yesus ka Petrus, "Kami ngingetan, peuting ieu memeh hayam kongkorongok dua kali, geus tilu kali maneh bakal nyebut teu wawuh ka Kami."

31Petrus beuki ngabantah, "Moal! Abdi mah moal nyebat kitu sanaos kedah paeh bareng sareng Bapa oge!" Nu sejen oge ngaromongna teh kitu.

32Sanggeus narepi ka hiji tempat ngaran Getsemane, Yesus sasauran kieu, "Maraneh dariuk di dieu sabot Kami neneda di ditu."

33Anjeunna terus angkatna, nyandak Petrus, Yakobus, jeung Yohanes. Manah-Na nalangsa jeung ngaraos ketir,

34tuluy ngalahir ka maranehna, "Hate Kami nalangsa taya papadana, nepi ka asa remuk. Daragoan di dieu, jeung sing terus nyaring."

35Anjeunna terus maju. Sanggeus rada jauh, bruk meubeutkeun anjeun kana taneuh terus neneda, mundut supaya lamun meunang mah eta waktu kasangsaraan teh ulah datang ka nyorang ka Anjeunna.

36"Ama!" saur-Na, "Ama! Kangge Ama mah teu aya anu mustahil. Candak ieu lumur kasangsaraan teh ti Abdi. Nanging ulah numutkeun kahoyong Abdi, kedah kumaha pangersa Ama bae."

37Geus kitu Anjeunna ngalongok heula ka murid nu tiluan. Kasampak keur sarare. Saurna ka Petrus, "Simon, sare maneh teh? Na teu kuat nyaring barang sajam?"

38Saur-Na deui ka tiluanana, "Kudu terus nyaring, neneda menta ulah keuna ku panggoda. Maraneh ari jiwa mah sumanget tapi badan lahir hengker."

39Geus kitu Anjeunna angkat neneda deui, eusina saperti tadi.

40Ti dinya ngalongok deui nu tiluan, kasampak sarare keneh, panonna teu bisa dibawa beunta, boro-boro ngajarawab dipariksa oge.

41Sanggeus ngalongok katilu kalina, Anjeunna ngalahir, "Rek tonggoy bae sarare jeung ngareureuh teh? Geus cukup! Tenjo, geus waktuna Putra Manusa teh diserenkeun kana kakawasaan manusa nu daroraka.

42Geura harudang, urang indit. Tenjo, anu rek ngahianat ka Kami teh geus datang!"

43Sabot Anjeunna sasauran keneh, Yudas, murid ti nu dua welas tea geus datang jeung jelema loba pisan, marawa pedang jeung gegendir, titahan imam-imam kapala, guru-guru agama, jeung para kokolot.

44Eta jelema hianat teh ti memehna geus mere isarat ka nu rea: "Anu engke ku kaula dicium, tah eta! Tangkep terus giring, jaga sing kuat."

45Datang-datang Yudas muru ka Yesus. "Pa Guru!" carekna bari terus nyium.

46Yesus terus ditangkep, dicarekelan pageuh pisan.

47Tapi ti nu narangtung di dinya aya anu nyabut pedang, dikadekkeun ka bujangna Imam Agung, beunang ceulina nepi ka rampung.

48Yesus ngalahir ka nu narangkep, saur-Na, "Maraneh marawa pedang jeung gegendir nangkep Kami, na Kami teh penjahat?

49Unggal poe Kami aya jeung maraneh, ngawuruk di Bait Allah, ku maraneh teu ditangkep. Tapi memang geus kieu mistina, sangkan laksana nu ditulis dina Kitab Suci."

50Ari murid-murid tuluy kalabur ti Anjeunna.

51Aya hiji jajaka anu nuturkeun ka Anjeunna, ngan make harudum bodas salembar. Eta jajaka rek ditangkep,

52tapi tuluy kabur ditaranjang, harudumna diporosotkeun.

53Yesus dibawa ka bumi Imam Agung. Di dinya geus karumpul imam-imam kapala, para kokolot, jeung guru-guru agama.

54Petrus nuturkeun ti kajauhan nepi ka milu asup ka buruan bumi Imam Agung, tuluy diuk jeung tukang-tukang jaga milu siduru.

55Imam-imam kapala jeung sakumna Mahkamah sakedah polah neangan bukti-bukti anu bisa dipake ngaragragkeun hukum pati ka Anjeunna, tapi sarupa ge teu manggih.

56Loba nu marere bukti palsu mah, tapi katerangan nu itu jeung katerangan nu ieu teu aya anu saluyu.

57Maju deui anu sejen-sejen mere bukti-bukti palsu perkara Yesus, kieu bohongna,

58"Ieu jelema kungsi kadenge nyebut kieu: ‘Ieu Bait Allah beunang nyieun jelema ku Kami rek diruag. Sanggeus tilu poe Kami rek ngadegkeun anu sejen anu lain buatan manusa.’"

59Tapi katerangan maranehna ge itu jeung ieu taya nu saluyu.

60Geus kitu Imam Agung ngadeg hareupeun sarerea tuluy mariksa ka Yesus, "Kumaha eta panuding-panuding teh ku Maneh moal dijawab?"

61Yesus teu ngawaler sakecap-kecap acan. Imam Agung mariksa deui, "Enya Maneh teh Kristus, Jurusalamet, Putra Allah Mahasuci?"

62Yesus ngawaler, "Leres! Sarta ku aranjeun bakal kataringali Putra Manusa calik di tengeneun Allah Nu Maha Kawasa, tuluy sumping ti langit di jero mega!"

63Imam Agung nyosoeh anggoanana sarta ngalahir, "Teu perlu deui urang make saksi!

64Geus kadarangu sorangan kumaha ngahina-Na ka Allah! Kumaha putusan aranjeun?" Maranehna kabeh mutuskeun yen Yesus salah sarta manjing dihukum pati.

65Jelema-jelema mimiti aya anu nyariduhan ka Yesus. Maranehna meungpeunan soca Yesus terus neunggeul bari ngaromong kieu, "Coba teguh, saha anu neunggeul ka Maneh?" Pangawal-pangawal oge milu nampiling ka Anjeunna.

66Sabot Petrus aya keneh di buruan, aya hiji awewe babuna Imam Agung ngaliwat ka dinya.

67Barang nenjoeun ka Petrus anu keur siduru, pok ngomong, "Maneh ge lain sok babarengan jeung Yesus urang Nasaret?"

68Petrus mungkir. "Ah, duka! Ngomong teh teu puguh, teu kaharti!" tembalna bari ngaleos ka lawang buruan. [Hayam kadenge kongkorongok.]

69Eta babu nenjo deui ka Petrus tuluy ngomong ka nu araya di dinya, "Ieu jelema teh baturna Yesus!"

70Petrus ngangles deui. Teu lila nu lian-lianna oge naruding ka Petrus, pokna, "Maneh moal bisa mungkir, maneh salah saurang batur-Na, da maneh oge ti Galilea!"

71Tembal Petrus, "Wani sumpah, kuring ngomong saenyana! Masing dihukum kuring ku Allah lamun henteu saenyana. Enyaan teu wawuh ka jelema anu disebut ku aranjeun teh!"

72Sapada harita keneh hayam kongkorongok deui kadua kalina. Ras Petrus ingeteun kana lahiran Yesus, "Memeh hayam kongkorongok dua kali, geus tilu kali maneh bakal nyebut teu wawuh ka Kami." Segruk bae Petrus ceurik.



 <<  Markus 14 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel