Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 116 >> 

1Kaula nyaah ka PANGERAN, sabab kersaeun ngadangu ka kaula, kersaeun ngagalih paneda kaula.

2Saban kaula sasambat, ku Mantenna didangukeun.

3Kaula dikepung ku bahya maot, diriung ku seremna kubur, sararieun jeung palaur.

4Seug kaula sasambat ka PANGERAN, "Aduh Gusti, salametkeun abdi!"

5PANGERAN teh sipat hampura jeung murah manah, Allah urang sipat welas.

6PANGERAN ngaraksa ka jalma anu teu walakaya; waktu kaula nyorang bahaya, ku Mantenna disalametkeun.

7He hate, sing yakin, sabab PANGERAN hade ka kami.

8PANGERAN geus ngajait kaula tina ajal, cipanon kaula ku Mantenna dipepet, kaula dicegah tina kasoran.

9Jadi kaula aya keneh di dunyana nu harirup, kumelendang di payuneun PANGERAN.

10Kaula tetep percaya, sanajan sok ngomong, "Aing diancurkeun sama sakali."

11Sanajan ari keur kasieunan sok ngomong, "Euweuh anu bisa dipercaya."

12Naon atuh pamulang kaula ka PANGERAN kana sagala kasaeana-Na ka kaula?

13Kaula rek ngahaturkeun anggur ka PANGERAN, nganuhunkeun kana pitulung-Na.

14Kaula rek nyumponan nadar ka Mantenna dina pagempungan sakabeh umat-Na.

15PANGERAN ngaraos kacida nyerina mun aya umat-Na anu maot!

16Abdi teh abdi Gusti, nun PANGERAN. Abdi ngabdi ka Gusti teh sapertos ngabdina pun biang. Gusti nyalametkeun abdi tina maot.

17Abdi bade ngahaturkeun kurban panarima, sareng nyanggakeun paneda ka Gusti.

18(116:18-19) Dina pagempungan sadaya umat Gusti, di tempat suci, di Bait Allah di Yerusalem, abdi bade ngalaksanakeun jangji. Puji PANGERAN!

19(116:18)



 <<  Mazmur 116 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel