Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 119 >> 

1Bagja jalma anu hirupna taya celana, sarta ngalampahkeun hukum PANGERAN.

2Bagja jalma anu gumati kana parentah-Na, sarta ta’at ka Mantenna sagemblengna hate.

3Maranehna moal nyieun kajahatan, hirupna nurutkeun jalan PANGERAN.

4Gusti ka abdi-abdi maparin hukum-hukum, nun PANGERAN, sangkan diestokeun kalawan satia.

5Mugi abdi sing tiasa tigin satia ngalakonan aturan-aturan Gusti.

6Saupami abdi ngesto kana hukum-hukum Gusti, tangtos moal nandangan kaera.

7Waktos hukum-hukum Gusti nu adil tea diaji, abdi teh leres-leres muji ka Gusti.

8Abdi sumeja ta’at kana hukum-hukum Gusti, Gusti ulah ngantunkeun.

9Kuma kedahna malar hirupna budak ngora tetep beresih? Nya kedah tumut kana satimbalan Gusti.

10Hate abdi mantep bade ngabdi ka Gusti, mugi ulah dugi ka teu nurut kana timbalan Gusti.

11Hukum Gusti bade disimpen di jero hate, supados ulah dugi ka dosa ka Gusti.

12Abdi muji ka Gusti, nun PANGERAN, jalan Gusti wulangkeun ka abdi.

13Sadaya hukum paparin Gusti, ku abdi bade dibewarakeun deui.

14Ngalakonan timbalan-timbalan Gusti, bingahna lir gaduh rupi-rupi rajabrana.

15Pituduh-pituduh Gusti sumeja dilenyepan, piwulang-piwulang Gusti bade diaji.

16Abdi resep kana hukum-hukum Gusti, sareng moal hilap-hilap kana timbalan-timbalan Gusti.

17Abdi Gusti, nyuhunkeun piwelas, sangkan hirup sareng tiasa ngestokeun piwulang.

18Panon abdi beuntakeun, supados ningal kana kayaktian hukum Gusti anu narik ati.

19Abdi di dunya teh moal lami, hukum-hukum Gusti ulah dibuni-buni.

20Hate gering kabungbulengan, hoyong terang saban waktos kana pangadilan Gusti.

21Gusti negor ka jalmi nu adigung, nyapa ka nu ingkar tina parentah.

22Bebaskeun abdi tina panghina sareng pamoyok maranehna margi ngesto kana aturan-aturan Gusti.

23Para pangereh barempug ngalawan ka abdi, nanging abdi mah bade ngulik piwulang Gusti.

24Pituduh-pituduh Gusti pikaresepeun, sadayana lir jurunasehat abdi.

25Abdi ngagoler dina lebu, mugi dipulihkeun sakumaha jangji Gusti.

26Abdi parantos ngaku kalakuan, Gusti oge parantos ngawaler, ajar abdi hukum-hukum Gusti.

27Paparin abdi ngartos kana hukum-hukum Gusti, piwulang Gusti anu narik ati seja dilenyepan.

28Abdi parantos kateter ku kasusah, mugi ditegerkeun sakumaha jangji Gusti.

29Tebihkeun abdi tina jalan anu lepat, demi kasaean Gusti, abdi wulang hukum-hukum Gusti.

30Abdi parantos milih bade ta’at, bade mentingkeun pangadilan Gusti.

31Abdi parantos tumut kana piwulang-piwulang, nun PANGERAN, mugi ulah dugi ka nandangan kaera.

32Kalayan suka abdi bade tumut kana timbalan margi ku Gusti tangtos dikersakeun langkung ngarti.

33Nun PANGERAN, pihartoseun hukum-hukum Gusti teh wulangkeun, tangtos ku abdi ditumutkeun salamina.

34Hukum Gusti teh terangkeun, tangtos ku abdi diturut, bade dilakonan leres-leres.

35Mugi abdi tiasa junun kana hukum Gusti, margi nya ku eta abdi ngarasa bagja.

36Mugi abdi gaduh kahayang kana ngalampahkeun hukum Gusti sing langkung ti hayang beunghar.

37Mugi abdi ulah dugi ka mikahayang anu taya pigunaeunana, paparin kasaean, sakumaha jangji Gusti.

38Teguhkeun jangji Gusti ka abdi, jangji anu dijangjikeun ka sakur anu nurut ka Gusti.

39Raksa abdi tina panghina kasieun abdi, estu aheng pangadilan Gusti!

40Abdi seja ta’at kana timbalan-timbalan, paparin hirup anyar, margi Gusti teh adil.

41Tembongkeun kaasih Gusti ka abdi, nun PANGERAN, abdi salametkeun sakumaha jangji Gusti.

42Sangkan abdi tiasa ngajawab ka anu ngahina pedah abdi percaya kana dawuhan Gusti.

43Sing tiasa abdi teh ngucapkeun hal anu leres, margi ngaharep kana pangadilan Gusti.

44Abdi bade ngestokeun hukum Gusti, teras-tumeras, sapapaosna.

45Tangtos hirup abdi tiasa bebas lugina, margi parantos ihtiar seja tumut kana piwulang Gusti.

46Aturan-aturan Gusti bade diembarkeun ka raja-raja, abdi moal era-era ngembarkeunana.

47Abdi malah resep ngalakonan eta aturan-aturan, tur kalintang mikacintana.

48Abdi hormat sareng cinta kana eta aturan-aturan, pituduh-pituduhna bade dilenyepan.

49Mugi Gusti emut kana jangji ka abdi Gusti, eta jangji teh ngahudang harepan abdi,

50anu jadi pangbeberah nalika abdi sangsara, nya jangji eta jadi lantaran abdi hirup.

51Sakumaha dihinana ge ku anu aradigung, abdi teu lesot-lesot ti hukum Gusti.

52Abdi emut kana eta hukum anu parantos aya ti kapungkur, sarta kalilipur ku eta, nun PANGERAN.

53Abdi sok geregeteun ka anu jarahat, lantaran maranehna ngalanggar hukum Gusti.

54Sapanjang hirup abdi anu pondok di dunya, aturan-aturan Gusti ku abdi didamel lalaguan.

55Ari wengi abdi sok emut ka Gusti, nun PANGERAN, sareng sok mikiran hukum Gusti.

56Tumut kana aturan-aturan Gusti, karaos bagjana ku abdi.

57Mung Gusti nu jadi kahayang abdi, nun PANGERAN, abdi jangji bade ngestokeun hukum Gusti.

58Sanget-sanget abdi nyuhunkeun piwelas, sakumaha jangji Gusti tea.

59Abdi parantos mikiran kalakuan, sareng jangji bade tumut kana aturan Gusti.

60Moal diengkekeun deui, gilig bade ngesto kana aturan Gusti.

61Anu jarahat masangan pitapak, nanging abdi teu hilap kana hukum Gusti.

62Tengah wengi abdi sok nyaring, teras muji hukum-hukum Gusti nu adil.

63Abdi teh batur jalmi-jalmi anu ngabdi ka Gusti, anu narurut kana hukum Gusti.

64Nun PANGERAN, bumi teh pinuh ku satia asih Gusti, aturan-aturan Gusti wulangkeun ka abdi.

65Gusti parantos nedunan jangji, nun PANGERAN, sakitu saena ka abdi Gusti.

66Mugi abdi dipaparin hikmat sareng pangarti, margi gilig percanten kana timbalan Gusti.

67Memeh kenging hukuman abdi teh sasab, nanging ayeuna mah ngesto kana pangandika.

68Gusti teh bageur, sakitu saena! Katangtosan-katangtosan Gusti wulangkeun ka abdi.

69Nu arangkuh ka abdi mitenah, nanging abdi sakuat-kuat nurut kana aturan Gusti.

70Maranehna teu ngalartieun kana hukum Gusti, nanging abdi mah malah bagja ku eta.

71Abdi dihukum teh sae jadina, jadi diajar perkawis aturan-aturan Gusti.

72Keur abdi mah hukum-hukum Gusti teh langkung utami ti batan harta di dunya.

73Gusti anu ngajadikeun abdi kalayan nyalametkeunana, mugi maparin pangarti, sangkan abdi tiasa diajar hukum-hukum Gusti.

74Anu alajrih ka Gusti, naringal kalakuan abdi teh tangtos sarenangeun, dumeh abdi percaya kana jangji Gusti.

75Nun PANGERAN, abdi terang, putusan Gusti teh adil, pangna ngahukum ka abdi teh ku margi Gusti sipat satia.

76Eta welas asih Gusti teh mugia jadi panglipur, luyu sakumaha jangji ka abdi Gusti.

77Sing hawatos, supados abdi hirup, margi abdi resep kana hukum Gusti.

78Mugi nu aradigung teh sing areraeun ku lantaran pitenahna ka abdi; sawangsulna abdi mah bade ngalenyepan hukum Gusti.

79Mugi sugri nu alajrih ka Gusti, sareng nu tarerangeun kana aturan Gusti, darongkap ka abdi.

80Mugi abdi leres-leres nurut kana aturan-aturan Gusti, sareng ulah dugi ka nandangan erana kasoran.

81Abdi parantos lungse ngantos-ngantos disalametkeun, nun PANGERAN, jangji Gusti kalintang diarep-arepna.

82Panon parantos cape nyileuk jangji Gusti bari tumanya, "Iraha Gusti bade nulungan teh?"

83Diri abdi taya gunana, sapertos kirbat butut, nanging kana aturan-aturan Gusti mah teu hilap-hilap.

84Sabaraha lamina deui abdi kedah ngarep-ngarep? Iraha bade dihukumna anu nyangsara abdi?

85Nu aradigung, nu teu narurut kana hukum Gusti, parantos ngali lombang jero naheunan abdi.

86Sadaya aturan Gusti kenging diandelkeun; dupi abdi ku maranehna disangsara, digogoreng, mugi ditulungan!

87Karep maranehna maehan abdi parantos meh hasil, nanging abdi tetep henteu ngalesotkeun parentah Gusti.

88Demi satia asih Gusti, sing hawatos ka abdi sangkan abdi tiasa ngestokeun hukum Gusti.

89Nun PANGERAN, pangandika Gusti teguh salalamina, langgeng abadi di sawarga.

90Kasatiaan Gusti lumangsung sapanjang jaman. Gusti parantos ngadegkeun bumi, eta tetep aya.

91Saniskara ge sadayana aya dugi ka kiwari, margi ku timbalan Gusti, margi sadayana ge eta teh abdi-abdi Gusti.

92Upami sanes hukum Gusti nu jadi sumber kabagjaan abdi, tangtos abdi parantos tiwas ku kasangsaraan.

93Abdi hamo lesot nyekel hukum Gusti, margi nya ku eta Gusti ngahirupan abdi.

94Abdi teh kagungan Gusti, mugi disalametkeun, margi parantos satiasa-tiasa ta’at kana parentah Gusti.

95Abdi diarah ku nu jarahat bade dipaehan, nanging tetep bade ngalenyepan hukum-hukum Gusti.

96Abdi terang yen sagala rupi aya watesna, nanging aturan-aturan Gusti mah sampurna.

97Kumaha cintana abdi kana hukum Gusti, sadinten jeput kaemut-emut.

98Parentah Gusti salamina aya dina pikiran, ngalantarankeun abdi jadi leuwih bijaksana ti batan musuh.

99Pangarti abdi ngalangkungan guru-guru sorangan, margi sok ngaji aturan-aturan Gusti.

100Abdi gaduh hikmat anu langkung ti batan jalmi karolot, margi nurut kana parentah-parentah Gusti.

101Hirup abdi pantrang kana lampah jahat, margi hayang nurut kana pangandika Gusti.

102Abdi henteu ingkar tina parentah-parentah Gusti, margi nya Gusti anu jadi guru abdi.

103Dawuhan Gusti amis karaosna, langkung amis batan madu.

104Tina hukum-hukum Gusti abdi kenging hikmah, sareng jadi ceuceub kana sagala kalakuan awon.

105Pangandika Gusti teh lampu pikeun abdi, sinar caang nu nyaangan jalan abdi.

106Abdi bade satia nyekel ikrar jangji yen bade nurut kana parentah-parentah Gusti.

107Kasangsaraan abdi, nun PANGERAN, pikasieuneun, raksa hirup abdi, sakumaha jangji Gusti.

108Tampi paneda pamuji sukur abdi, nun PANGERAN, sareng wulangkeun ka abdi parentah-parentah Gusti.

109Abdi salamina naruhkeun nyawa; nanging kana hukum Gusti tara hilap.

110Abdi ditaheunan ku jalma-jalma jahat, nanging henteu ingkar tina parentah Gusti.

111Timbalan-timbalan Gusti teh milik abdi anu langgeng, anu jadi kabagjaan hate.

112Tekad abdi bade tumut kana hukum-hukum dugi ka dintenan maot.

113Abdi cinta kana hukum Gusti, sareng ceuceub ka anu kirang satia ka Gusti.

114Gusti teh papayung sareng panyalindungan abdi, jangji Gusti jadi pangharepan abdi.

115Nyalingkir ka ditu, he anu jarahat! Sabab kami rek ta’at kana parentah Allah kami.

116Abdi pasihan kakiatan sakumaha jangji Gusti, tangtos abdi bakal hirup, pangharepan abdi ulah dugi ka gaplah.

117Cepeng abdi sangkan salamet, sareng tiasa merhatikeun parentah Gusti sapapaosna.

118Gusti nolak sakur anu nyimpang tina hukum Gusti, tipu daya maranehna mo aya paedahna.

119Nu jarahat ku gusti didamel sapertos runtah, kitu margina abdi cinta kana aturan-aturan Gusti.

120Abdi ngarasa sieun ku Gusti, ngarasa gimir ku putusan-putusan Gusti.

121Abdi parantos ngalampahkeun anu bener sareng nu sae, mugi ulah diselehkeun ka musuh!

122Mugi jangji yen bade nulungan ka abdi Gusti, ulah dugi ka nu arangkuh teh ngagencet ka abdi.

123Cape panon balas ngantos pitulung pisalameteun ti Gusti, ngantos dibebaskeun sakumaha jangji Gusti.

124Mugi abdi dipidamel anu luyu sareng satia asih Gusti, sareng mugi diwulang hal parentah Gusti.

125Abdi teh gandek Gusti, mugi dipaparin pangarti, sangkan paham kana piwulang Gusti.

126Parantos dongkap mangsana Gusti nindak jalmi-jalmi anu ngarempak hukum-hukum Gusti.

127Abdi cinta kana parentah-parentah Gusti langkung ti batan ka emas, ti batan ka emas nu pangkolotna.

128Eta margina pangna abdi nyepeng aturan-aturan Gusti, mikaijid kalakuan anu serong.

129Piwulang-piwulang Gusti narik ati, kitu margina bade leres-leres diestokeun.

130Katerangan piwulang Gusti teh mere caang, ku anu bodo ge kahartos.

131Bawaning kangen kana parentah Gusti, ambekan abdi dugi ka ngangseg.

132Lieuk abdi, mugi aya piwelas, sakumaha Gusti parantos miwelas ka nu cinta ka Gusti.

133Tegerkeun abdi ulah dugi ka rubuh, sakumaha jangji Gusti, ulah dugi ka eleh ku kajahatan.

134Luputkeun abdi ti nu ngagencet, sangkan tiasa ngestokeun parentah Gusti.

135Berkahan abdi, sarengan sareng wurukan hal hukum-hukum Gusti.

136Abdi ceurik banjir cipanon, ningal jalmi-jalmi teu ngestokeun hukum Gusti.

137Gusti teh adil, nun PANGERAN, hukum-hukum Gusti sadayana saestu.

138Aturan-aturan anu dipaparinkeun teh, estu adil tur sayakti.

139Amarah abdi lir seuneu ngagedur, lantaran musuh-musuh nyapirakeun parentah-parentah Gusti.

140Jangji-jangji Gusti teh estu pasti, ka eta abdi teh cinta.

141Abdi teh nya hina nya laip, nanging teu nyapirakeun piwulang-piwulang Gusti.

142Kaadilan Gusti nanjeur salamina hukum-hukum Gusti bener sapapaosna.

143Abdi pinuh ku kasusah sareng kapaur, nanging jadi janglar ku parentah-parentah Gusti.

144Aturan-aturan Gusti salamina adil, mugi sing kahartos ku abdi, sangkan abdi hirup.

145Kalayan hate gembleng abdi sasambat, waleran, nun PANGERAN! Parentah Gusti tangtos ku abdi diestokeun.

146Abdi sasambat, salametkeun, abdi tangtos mupusti hukum Gusti.

147Ti memeh pajar meletek, abdi nyambat pitulung, ngarep-ngarep laksanana jangji Gusti.

148Sawewengi abdi teu weleh nyaring, napakuran aturan-aturan Gusti.

149Demi satia asih Gusti, dangukeun abdi, nun PANGERAN, sing aya piwelas, tangtayungan nyawa abdi.

150Jalmi-jalmi telenges anu ngagencet ka abdi, anu tara malire kana hukum Gusti, sakedap deui ge darongkap, beuki deukeut.

151Nanging Gusti aya caket abdi, nun PANGERAN, sarta parentah-parentah Gusti tetep ayana.

152Parantos lami abdi diajar aturan-aturan Gusti, eta sadayana diayakeunana ku Gusti keur salalanggengna.

153Tingali kabalangsakan abdi, mugi abdi disalametkeun margi teu ingkar tina hukum Gusti.

154Mugi perkawis abdi dibela, mugi abdi dibebaskeun, salametkeun, sakumaha jangji Gusti.

155Nu daroraka tangtos moal disalametkeun, margi henteu ngestokeun hukum Gusti.

156Welas asih Gusti ageung pisan, nun PANGERAN, mugi welas ka abdi, mugi abdi disalametkeun.

157Musuh sareng anu ngagencet ka abdi teh seueur pisan, nanging abdi teu weleh ta’at kana hukum-hukum Gusti.

158Kacida geuleuhna abdi ka eta nu harianat teh? lantaran maranehna henteu ngalampahkeun parentah Gusti.

159Tingali, kumaha cintana abdi kana aturan-aturan Gusti, tulungan abdi, nun PANGERAN, demi welas asih Gusti anu tara gingsir.

160Jiwa hukum-hukum Gusti nya eta kayaktian, sarta kaadilan putusan-putusan Gusti sadayana langgeng.

161Jalmi-jalmi anu karawasa narajang abdi tanpa sabab, nanging kasieun abdi mah hukum Gusti.

162Abdi kacida ngarasa bagjana ku jangji Gusti, atoh sapertos jalmi anu manggih pependeman.

163Abdi ceuceub sareng geuleuh kana bohong, sawangsulna cinta kana hukum Gusti.

164Tujuh kali sadintenna abdi muji sukur ka Gusti, ku adilna putusan-putusan Gusti.

165Anu cinta kana hukum Gusti, kaamanana reugreug, moal aya naon-naon anu bisa ngabahyakeun maranehna.

166Abdi ngantos disalametkeun, nun PANGERAN, parentah-parentah Gusti parantos dilampahkeun.

167Abdi ta’at kana piwulang-piwulang Gusti, leres-leres abdi cinta ka eta.

168Parentah sareng aturan Gusti parantos dilampahkeun; sagala kalakuan abdi tangtos ku Gusti katingali.

169Mugi panyambat abdi dongkap ka Gusti, nun PANGERAN, abdi nyuhunkeun pangarti, sakumaha jangji Gusti.

170Dangukeun paneda abdi, salametkeun abdi, sakumaha jangji Gusti.

171Salamina abdi bade muji ka Gusti, lantaran parantos diwulang perkawis hukum-hukum Gusti.

172Abdi seja nganyanyikeun hukum Gusti, margi parentah-parentah Gusti teh adil.

173Gusti salamina tangtos kersa nulungan abdi, margi abdi ngestokeun parentah Gusti.

174Abdi kumejot hayang salamet ku pitulung Gusti, nun PANGERAN, tur ngaraos bagja hirup dina hukum Gusti.

175Pasihan abdi hirup, supados muji ka Gusti mugi aturan-aturan Gusti teh sing nulung ka abdi.

176Abdi sapertos domba sasab apruk-aprukan, mugi abdi Gusti teh pilarian, ku margi tara ingkar tina hukum-hukum Gusti.



 <<  Mazmur 119 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel