Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 146 >> 

1Puji PANGERAN! Puji PANGERAN, he nyawa.

2Kaula seja muji ka Mantenna saumur hirup, mo petot-petot pupujian ka Allah kaula sapanjang gumelar.

3Ulah ngaharep ka para pamingpin nu sipat manusa, da moal bisaeun nyalametkeun.

4Jalma mah ari geus paraeh jaradi deui lebu, sagala pamaksudanana ge harita musna.

5Jamuga jalma anu boga Allahna Yakub anu baris nulungan anu muntangna ka PANGERAN, nu jadi Allahna,

6nu ngadamel langit jeung bumi, laut katut saeusina, sabab Mantenna tetep satia kana jangji-Na.

7Mantenna ngabela hak jalma-jalma anu dikaniaya, maparin dahareun ka jalma nu lapar. PANGERAN ngabebaskeun para sakitan,

8ngabeuntakeun anu lalolong, ngahudangkeun anu lalabuh, miasih ka jalma nu jujur.

9PANGERAN rumaksa ka nu ngumbara, di nagri urang, nulungan ka randa-randa jeung para pahatu, sabalikna rarancang jalma jahat mah ku Mantenna disina gagal.

10PANGERAN jumeneng Raja salalanggengna, eh Sion! Allah anjeun baris marentah salalanggengna. Puji PANGERAN!



 <<  Mazmur 146 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel