Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 28 >> 

1Jabur Daud. Nun PANGERAN anu ngabela ka abdi, abdi sasambat ka Gusti, mugi dangukeun! Margi upami Gusti tetep teu kersa ngawaler, abdi teh moal beda ti nu geus dikubur.

2Mugi didangu upami abdi sasambat, nyuhunkeun pitulung, upami abdi nadahkeun leungeun ka Bait Gusti anu suci.

3Mugi abdi ulah dihukum sareng anu daroraka, sareng anu kalakuanana jarahat, jalmi-jalmi anu ucapna lumah-lameh nanging hatena pinuh ku dengki.

4Mugi kajahatan sareng kalakuan maranehna kitu teh dihukum. Hukum sagala paningkahna, satimpal sareng kajahatanana.

5Maranehna tara malire kana padamelan PANGERAN, kitu deui kana sagala anu ku Mantenna geus dipidamel. Maranehna ku Gusti tangtu dihukum, dimusnakeun salalawasna.

6Sagala puji sanggakeun ka PANGERAN, Mantenna kersa ngadangu panyambat panuhun kaula.

7PANGERAN anu ngabela jeung ngaraksa kaula, ka Mantenna kaula percaya. Mantenna nyukakeun kaula ku pitulung-Na, kaula pupujian, muji Mantenna.

8PANGERAN ngabela umat-Na, ngabela jeung ngaraksa raja kenging-Na milih.

9Jait umat Gusti, nun PANGERAN, sareng umat kagungan teh berkahan. Sing sapertos pangangon, kersa ngajagi ka maranehna salalamina.



 <<  Mazmur 28 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel