Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 43 >> 

1Nun Allah, saurkeun yen abdi teu gaduh kalepatan, belaan perkawis abdi ti eta nu daroraka, luputkeun abdi ti jalmi-jalmi palsu tur jarahat!

2Gusti teh panyalindungan abdi, ku naon margina tega? Ku naon abdi kedah sangsara, kedah dikaniaya ku musuh?

3Sumiratkeun cahaya sareng kayaktian Gusti, sina nungtun ka abdi, sina mulangkeun abdi ka Sion, gunung Gusti nu suci, ka Bait Allah panglinggihan Gusti.

4Tangtos abdi dongkap ka altar Gusti, nun Allah; Gusti teh sumber kabagjaan abdi. Abdi seja ngacapi sareng nyanyi muji ka Gusti, nun Allah, Allah abdi!

5Ku naon kaula sakieu nalangsana? Ku naon nepi ka sakieu sedihna? Kaula neundeun harepan ka Allah, jeung sakali deui rek muji ka Mantenna, jurusalamet jeung Allah kaula.



 <<  Mazmur 43 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel