Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 64 >> 

1(64-1) Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. (64-2) Nun Allah, dangukeun paneda abdi anu keur kasesahan! Abdi teh sieun musuh. Salametkeun nyawa abdi.

2(64-3) Amankeun abdi ti nu garaduh niat jahat, tina amarah para jahanam.

3(64-4) Maranehna ngasah letahna seukeut kawas pedang, mesat-mesatkeun omonganana anu garihal lir jamparing.

4(64-5) Maranehna karesit nyebarkeun bohong, taya kaera, nyilakakeun jalmi anu balener ku carana anu kecing.

5(64-6) Maranehna silih hatean ngararancang kajahatanana. Silih bejaan di mana neundeun pitapakna. Aromongna, "Buni, moal kaciri."

6(64-7) Maranehna nyarieun picilakaeun batur, sarta kieu aromongna, "Alus, sampurna ieu rarancang urang teh." Hate jeung pikiran manusa teh buni, teu bisa diteuleuman.

7(64-8) Tapi jamparing Allah tingbelesat ka maranehna. Maranehna ujug-ujug taratu.

8(64-9) Ku Allah disina cilaka ku ucap-ucapanana sorangan; sakur anu nyaraksian bati gogodeg.

9(64-10) Maranehna bakal galimir, bakal mikiran anu geus dipidamel ku Allah, tuluy nguar-nguar padamelana-Na.

10(64-11) Jalma anu balalener barungah ku sagala padamelan PANGERAN, maranehna tangtu aman nyalindung ka Mantenna; jalma-jalma nu balageur bakal maruji ka Mantenna.



 <<  Mazmur 64 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel