Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 7 >> 

1Tangis Daud ku karana Kus, urang Binyamin; dinyanyikeun ka PANGERAN. (7-2) Nun PANGERAN, Allah abdi, abdi nyuhunkeun diraksa, luputkeun, salametkeun, leupaskeun ti nu ngudag-ngudag.

2(7-3) Ulah dugi ka maranehna lir singa ngagusur abdi, sarta abdi henteu aya nu nulungan, tangtos abdi disasaak.

3(7-4) (7:4-5) Nun PANGERAN, Allah abdi, upami abdi jahat upami kantos nipu babaturan upami kejem ka musuh tanpa lantaran, upami kantos ngalampahkeun anu sarupi kitu,

4(7:3)

5(7-6) sawios musuh sina nguber-nguber sarta abdi kacerek, sawios abdi sina ditigas, dipaehan, mayit abdi diantep ngalumbuk dina taneuh.

6(7-7) Gedurkeun amarah, nun PANGERAN! Musuh abdi anu ngamuk teh ayonan enggal singkil, abdi belaan, apan Gusti meredih kaadilan.

7(7-8) Kempelkeun bangsa-bangsa sina ngariung ka Gusti, kawasaan ku Gusti ti sawarga.

8(7-9) Gusti ngahakiman umat manusa, abdi nyuhunkeun kaadilan, nun PANGERAN; Gusti uninga yen abdi teu salah.

9(7-10) Gusti teh Allah nu adil, anu nilik pikiran jeung karep manusa. Eureunkeun kagorengan jalma jahat, ganjar jalmi anu balener.

10(7-11) Allah teh panyalindungan kaula, anu nyalametkeun jalma nu nurut ka Mantenna.

11(7-12) Allah teh Hakim nu adil, anu salawasna ngahukum jelema jahat.

12(7-13) Lamun maranehna teu daraek tobat, Allah baris ngasah pedang-Na. Mantenna ngawengkang gondewa tinggal ngalepas,

13(7-14) nyepeng pakarang nu matih ngecengkeun panah nu hurung.

14(7-15) Titenan, kumaha si jahat ngulik kajahatan, ngararancang huru-hara, ngajalankeun tipu daya.

15(7-16) Tapi pitapak beunangna masang keur batur keunana ka maranehna sorangan.

16(7-17) Kajuliganana malindes kana dirina, cilaka ku katelengesanana sorangan.

17(7-18) Kaula muji sukur reh PANGERAN teh adil, kaula ngamulyakeun jenengana-Na Nu Maha Agung.



 <<  Mazmur 7 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel