Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 74 >> 

1Lagu atikan ti Asap. Nun Allah, naon margina nilarkeun abdi sadaya? Bade salamina bendu ka umat teh?

2Mugi sing emut ka umat anu ku Gusti dipilih ti jaman kapungkur, kenging Gusti ngarebut ti pangbudakan, teras dijadikeun milik Gusti. Sing emut ka Sion, tempat Gusti kapungkur.

3Mangga ku Gusti tingalian ruruntukna, eusi Bait Gusti reksak urut digempur ku musuh.

4Di Bait Gusti musuh teh sarurak, nanjeurkeun banderana ciri unggulna.

5Pametana badis tukang nuar anu keur naluaran tatangkalan ku kampak.

6Ukir-ukiran kayu remuk ajur dikampakan sareng digedoran ku palu.

7Bait Gusti diburak-barik teras diduruk, tempat babakti ka Gusti teh dinistakeun.

8Karepna ngancurkeun abdi-abdi sama sakali; tempat-tempat ibadah di ieu tanah ku maranehna didurukan dugi ka seep.

9Lambang-lambang karamat sadayana sirna, nabi-nabi pon kitu deui, dugi ka iraha teras kituna teu aya nu terang.

10Sakumaha pilamieunana musuh-musuh nyeungseurikeun ka Gusti, nun Allah? Bade sina saterasna ngahinana ka Gusti?

11Naon margina Gusti teu kersa nulungan, anggur ngagandong panangan?

12Gusti teh, nun Allah, raja abdi sadaya ti awalna, anu parantos sering nyalametkeun abdi sadaya.

13Kalayan tanaga rongkah Gusti meulah laut sareng ngaremukkeun hulu naga-naga laut.

14Hulu-hulu mahluk Lewiatan oge ku Gusti diremukkeun, bangkena diparabkeun ka sato-sato gurun keusik.

15Cinyusu-cinyusu, susukan-susukan, ku Gusti sina ngalocor, walungan anu arageung sina saraat.

16Gusti ngayakeun beurang sareng peuting masangkeun panonpoe sareng bulan dina tempatna.

17Gusti nangtoskeun wawatesan bumi alam, sareng ngatur usum ngijih katut usum halodo.

18Sing emut, Gusti teh diseungseurikeun ku musuh, nun PANGERAN, eta bangsa tuna Allah teh nyacampah ka Gusti.

19Umat Gusti anu teu walakaya teh ulah diserenkeun ka musuh nu telenges; Gusti ulah lali ka maranehna anu keur balangsak!

20Masing emut kana jangji ka abdi-abdi. Jero nagri, saban pojok nu paroek jadi tempat kakerasan.

21Mugi anu nuju disangsara teh ulah dugi ka nyandang kaera, anu laip sareng walurat teh anggur sina maruji ka Gusti.

22Geura ngadeg, nun Allah, bela perkawis Gusti! Sing emut, Gusti teh sadinten jeput dihina-hina ku eta bangsa nu tuna Allah.

23Ulah lali kana panangtangna musuh, anu tinggorowok susumbar teu eureun-eureun.



 <<  Mazmur 74 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel