Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 8 >> 

1(8-1) Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun lagu Gitit. Jabur Daud. (8-2) Nun PANGERAN, Gusti abdi sadaya, kaagungan Gusti tembong di sakuliah jagat! Kamulyaan Gusti maratan langit;

2(8-3) dinyanyikeun ku barudak sareng orok. Gusti reugreug, aman ti sadaya musuh, sing sakur anu ngalawan ku Gusti dibungkem.

3(8-4) Ana abdi narawang langit, damelan Gusti, bulan sareng bentang-bentang kenging Gusti merenahkeun,

4(8-5) manusa teh naon, ku Gusti dugi ka dipikaemut; naon manusa teh, ku Gusti dugi ka dipirosea?

5(8-6) Dipidamelna ku Gusti meh nyaruaan Gusti ku manten, dimakutaan ku kamulyaan sareng kahormatan,

6(8-7) sina murba ka sugri dadamelan Gusti, sina marentah sadaya mahluk;

7(8-8) domba sareng sapi, katut sasatoan pangeusi leuweung,

8(8-9) manuk-manuk sareng lauk sareng saniskanten mahluk di laut.

9(8-10) Nun PANGERAN, Gusti abdi sadaya, kaagungan Gusti tembong di sakuliah jagat!



 <<  Mazmur 8 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel