Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 97 >> 

1PANGERAN teh Raja! Bumi, masing gumbira! He pulo-pulo di lautan, masing suka!

2Mantenna dikubeng ku mendung jeung angkeub, marentahna adil, satemenna.

3Seuneu ngagedur saheulaeun Mantenna, ngahuru musuh-musuh sakurilingna.

4Kilat-kilat Mantenna nyaangan alam dunya, bumi ngadegdeg nenjo eta.

5Gunung-gunung laleyur kawas lilin di payuneun PANGERAN, di payuneun Gustina sakuliah jagat.

6Satungkebing langit ngutarakeun kaadilan Mantenna, sakumna bangsa-bangsa nyaraksian kamulyaana-Na.

7Nu maruhit ka arca-arca diera-era, ilah-ilah kabeh ngareluk di payuneun PANGERAN.

8Urang Sion galumbira, kitu deui kota-kota tanah Yuda, sararuka ku putusan Gusti, nun PANGERAN.

9Nun PANGERAN Nu Maha Kawasa, Gusti nyepeng sakuliah jagat. Gusti punjul ti sadaya ilah-ilah.

10PANGERAN asiheun ka jalma nu ngamusuh kagorengan. Mantenna nangtayungan hirup umat-Na, diluputkeun tina genggeman jalma jarahat.

11Cahya caang sumirat ka nu balener, kasenangan tumerap ka nu balageur.

12He jalma-jalma nu satemenna, masing saruka ku anu geus dipidamel ku PANGERAN, ingetkeun, sukurkeun, naon-naon anu geus dijalankeun ku Allah nu suci.



 <<  Mazmur 97 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel