Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 10 >> 

1Ti dinya kaula nenjo hiji deui malaikat anu gagah lungsur ti sawarga, salirana diharudum ku halimun, mastakana dikukudung kuwung-kuwung, rarayna lir panonpoe, sampeanana kawas tihang seuneu,

2nyepeng gulungan kitab leutik anu muka. Sampeanana nu katuhu napak ka laut, nu kenca napak ka darat.

3Anjeunna nyoara, ngagaur kawas gaurna singa, ditembalan ku gulugurna tujuh guludug.

4Barang gulugur, geuwat ku kaula rek dituliskeun. Tapi kaburu aya gentra ti sawarga, dawuhanana, "Anu diucapkeun ku eta tujuh guludug ulah dicatet, kudu dirasiahkeun!"

5Geus kitu malaikat anu ngadegna napak ka laut jeung napak ka darat teh ngacungkeun panangan katuhu ka langit,

6tuluy sumpah nyambat jenengan Allah anu jumeneng salalanggengna, anu ngajadikeun langit, bumi, jeung laut, katut sagala eusina. Saurna, "Geus teu bisa dilila-lila deui!

7Tapi lamun malaikat anu katujuh geus niup tarompetna, Allah bakal ngalaksanakeun pangrancang-Na anu rasiah keneh, sakumaha anu geus diandikakeun ka nabi-nabi, abdi-abdi Mantenna!"

8Gentra anu tadi kadenge ti sawarga teh ngagentra deui ka kaula, "Cokot itu gulungan kitab anu muka teh, anu keur dicekel ku malaikat anu napak ka laut jeung ka darat!"

9Kaula indit, nyuhunkeun eta kitab leutik ka eta malaikat. Ari saurna, "Heh tampanan terus hakan, dina sungut rasana amis asa madu, geus dina beuteung rasana haseum."

10Ku kaula ditampanan tuluy didahar. Enya amis asa madu, tapi barang geus di jero beuteung bet haseum.

11Ti dinya saurna ka kaula, "Embarkeun sakali deui amanat Allah perkara bangsa-bangsa, nagara-nagara, basa-basa, jeung raja-raja."



 <<  Wahyu 10 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel