Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 18 >> 

1Geus kitu aya malaikat sejen turun ti sawarga, gagah rongkah. Cahayana sumirat minuhan jagat,

2tuluy nyabda handaruan, "Rugrug! Babul nu sohor geus rugrug! Ayeuna manehna geus jadi pangulinan setan-setan jeung roh-roh najis, padumukan manuk-manuk pikageuleuheun matak ceuceub.

3Sabab sagala bangsa geus nginum anggur keras manehna, anggur hawa napsu mesumna. Raja-raja di dunya ngalampahkeun sanggama mesum jeung manehna, sarta para padagang di dunya jadi baleunghar tina hawa napsu manehna anu teu bisa dikered."

4Aya deui sora ti sawarga, ngandika, "He umat Kami, geura budal ti dinya! Ulah kabawa ku dosana, ulah kabawa ku hukumanana.

5Sabab dosana geus jujul ka langit, kajahatanana geus aya dina emutan Allah.

6Bales sakumaha kalakuanana ka maraneh, bales dua kalieun sagala kalakuanana. Pinuhan lumurna ku inuman anu kerasna dua kalieun inuman nu diajangkeun keur maraneh.

7Bere sangsara, bere rasa nalangsa, sing satimpal lobana jeung kamulyaan jeung kamewahanana. Sabab keukeuh ngomong ka dirina sorangan, ‘Aing teh jeneng, aing ratu! Aing lain randa. Aing pamohalan ngalaman susah.’

8Ku sabab kitu rek ditinggangan ku pagebug, panyakit, kalaraan, kalaparan, disapoekeun. Rek digebruskeun kana seuneu, sabab Gusti Allah nu ngahukumna maha digjaya."

9Raja-raja di bumi anu geus marilu kana lampah cabulna, barang narenjo eta kota digulung ku haseup tina seuneu nu ngahuruna, kabeh careurik jeung midangdam.

10Tapi semet marelong ti kajauhan da sarieuneun kabawa balahi. Seug ngaromong, "Matak sieun kabina-bina! Hebat kabina-bina! Cilaka enya kota Babul anu gede jeung digjaya teh! Ngan di jero sajam anjeun geus musna ku hukuman."

11Para padagang di bumi ge careurik jeung midangdam ku hal manehna, lantaran barang-barangna moal aya nu meulian deui.

12Moal aya deui anu meuli ka maranehna emas, perak, batu-batu adi, mutiara; lawon linen, lawon wungu, lawon beureum kolot, lawon sutra, rupa-rupa kayu langka, rupa-rupa barang tina gading, tina kayu nu marahal, tina tambaga, beusi, marmer;

13kayu manis, bungbu-bungbu, setanggi, emur, dupa; anggur jeung minyak, tipung jeung gandum, sapi jeung domba, kuda jeung padati, abid-abid, malah nepi ka nyawa manusa pisan!

14Ceuk para padagang ka eta awewe, "Barang-barang aralus anu ku anjeun hayang kapiboga, kabeh geus musna, kitu deui kakayaan jeung kamenterangan anjeun geus sirna, sarta ku anjeun moal kapanggih deui!"

15Para padagang anu sok daragang di eta kota nepi ka baleunghar teh bakal marelong ti kajauhan, deukeut-deukeut mah sarieuneun kabawa balahi. Maranehna bakal careurik jeung sungkawa,

16jeung ngaromong kieu, "Matak sieun kabina-bina! Hebat kabina-bina cilakana kota anu sakitu gedena teh! Biasana mah sok ngadangdanan maneh make lawon linen, make nu wungu jeung nu beureum kolot, awakna katutup ku perhiasan-perhiasan tina emas, batu-batu adi, jeung mutiara!

17Kari-kari mani ngan di jero sajam kabeungharanana musna!" Nangkoda-nangkoda kapal, para panumpang, kalasi-kalasi, jeung sajaba ti eta nu nyaliar pangupa jiwa di laut, narangtung ti kajauhan.

18Barang narenjoeun haseup ngagelek ti eta kota anu keur diamuk ku seuneu mani tinggarero, "Can aya kota sejen anu saperti eta kota gede!"

19Maranehna mani ngawuran sirah ku lebu nyirikeun prihatin, careurik jeung midangdam, pokna, "Matak sieun kabina-bina! Hebat kabina-bina cilakana eta kota nu sakitu gedena teh! Eta kota teh geus ngabeungharkeun nu baroga kapal laut, kawantu kota beurat beunghar. Kari-kari mani ngan di jero sajam pisan kabeungharanana geus musna!"

20Sing bungah, sawarga! Eta kota geus binasa! Sing bungah umat Allah, rasul-rasul, jeung nabi-nabi! Sabab Allah geus ngahukum manehna, ngabales kalakuanana ka aranjeun!

21Geus kitu aya hiji malaikat anu rongkah tanagana ngangkat hiji batu gede naker sagede batu panggilingan, tuluy dibalangkeun ka laut. Ceuk eta malaikat, "Kieu kasarna engke kota Babul nu gede teh dibeubeutkeunana nepi ka moal tembong-tembong deui.

22Ti maneh moal kadenge-denge deui sora kacapi, sora kawih, sora suling, jeung sora tarompet. Di maneh moal aya deui patukangan naon bae nu digawe, moal aya deui sora panggilingan!

23Moal tembong deui cahaya lampu, moal aya deui sora panganten lalaki panganten awewe. Para padagang maneh pangkawasana di saalam dunya, sarta maneh nipu sagala bangsa ku elmu-elmu sihir maneh!"

24Babul dihukum, sabab di eta kota kanyahoan loba getih nabi-nabi, loba getih umat-umat Allah, cindekna getih jelema-jelema anu diparaehan di bumi.



 <<  Wahyu 18 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel