Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 6 >> 

1Ti dinya segel anu kahiji ku Anak Domba dibuka. Mahluk hirup anu hiji ngucap, tarik sada gelap, "Hiap!"

2Kaula nenjo hiji kuda bodas. Anu tumpakna nyekel gondewa, tuluy diserenan makuta, semprung maju jadi nu unggul tukang naluk-nalukkeun.

3Anak Domba muka segel anu kadua. Mahluk hirup anu kadua ngucap, "Hiap!"

4Kaula nenjo hiji kuda beureum. Nu tumpakna diserenan pedang gede jeung dibere kawasa ngayakeun peperangan di bumi supaya manusa silih paehan.

5Anak Domba muka segel nu katilu. Mahluk hirup nu katilu ngucap, "Hiap!" Kaula nenjo hiji kuda hideung. Nu tumpakna nyekel taraju sapasang.

6Ti lebah mahluk hirup anu opat tea bijil soara, pokna, "Gandum saliter keur upah sapoe, hanjeli tilu liter keur upah sapoe. Tapi tangkal jetun jeung kebon anggur ulah diruksak!"

7Anak Domba muka segel nu kaopat. Mahluk hirup nu katilu ngucap, "Hiap!"

8Kaula nenjo hiji kuda warna pias. Anu tumpakna dingaranan Paeh, dibarengan ku Alam Paeh anu nuturkeun deukeut pisan ti tukangeunana; duanana diserenan kawasa pikeun maehan manusa saparapat dunya ku perang, ku kalaparan, ku pagebug jeung ku sato-sato galak.

9Anak Domba muka segel nu kalima. Breh di handapeun altar katenjo aya nyawa para sahid, anu diparaehan lantaran nguarkeun sabda Allah jeung saratia nerangkeun hal kayaktianana.

10Nyawa para sahid teh nyoara tarik pisan, pokna, "Nun Gusti Nu Maha Kawasa, anu suci sareng sipat saestu! Iraha Gusti bade mariksa sareng ngahukum jalmi-jalmi nu di bumi, nu parantos maehan ka abdi-abdi?"

11Seug maranehna masing-masing dileler jubah warna bodas jeung ditimbalan reureuh heula sakeudeung, ngadago sasamana ngabdi anu oge bakal diparaehan kawas maranehna, supaya jangkep kabeh.

12Anak Domba muka segel anu kagenep. Tuluy aya lini kacida rongkahna, reup panonpoe pareum, ngabelegbeg kawas cita hideung kasar, bulan robah jadi beureum kawas getih,

13bentang-bentang ragragan ka bumi kawas buah kondang tacan asak geus murubut digedang ku angin gede.

14Langit leungit lir digulungkeun, gunung-gunung jeung pulo-pulo ngaleser tina tempatna.

15Nu aya di bumi, raja-raja, kapala-kapala, panglima-panglima perang, nu baleunghar jeung jugala jeung salianna, nu karumawula, nu lalugina, marubus ka guha-guha jeung ka handapeun-handapeun cadas di gunung-gunung.

16Maranehna ngaromong ka eta gunung-gunung jeung cadas-cadas bari tingjarerit, "Kuring urugan! Bunikeun ti soca anu linggih dina tahta! Sumputkeun ti Anak Domba anu keur amarah!

17Poe pikasieuneun anu pinuh ku amarah maranehna geus datang, saha nu tahan?"



 <<  Wahyu 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel