Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 8 >> 

1Barang segel anu katujuh dibuka, sawarga jempling kira-kira satengah jam lilana.

2Geus kitu kaula nenjo aya tujuh malaikat narangtung di hadirat Allah, tuluy diserenan tujuh tarompet.

3Aya hiji malaikat deui datang mawa parukuyan emas tuluy nangtung deukeut altar. Seug diasongan dupa loba pisan, kukuskeuneun dina altar emas hareupeun tahta, dicampurkeun jeung paneda-paneda umat Allah.

4Haseup kukus dupa anu dicampur jeung paneda-paneda umat Allah teh ngelun tina leungeun eta malaikat anu nangtung di hadirat Allah.

5Geus kitu parukuyanana ku eta malaikat dicokot, dieusian ruhak tina altar, tuluy diawurkeun ka bumi. Guludug disada ngagulugur, kilat tingjorelat, sarta aya lini di bumi.

6Malaikat nu tujuhan tea sadia-sadia rek nariup tarompet.

7Malaikat kahiji niup tarompetna. Ti dinya bumi katinggang ku hujan es jeung seuneu campur getih. Sapertilu bumi, sapertilu tatangkalan, dangdaunan jeung jujukutan anu harejo musna kahuru.

8Malaikat kadua niup tarompetna. Ti dinya aya anu siga gunung ngagedur ku seuneu dikunclungkeun ka laut. Sapertilu laut jadi laut getih.

9Sapertilu mahluk laut paraeh, sapertilu kapal-kapal barejad.

10Malaikat katilu niup tarompetna. Seug aya hiji bentang kacida gedena ragrag ti langit, hurung kawas obor, ninggang ka sapertilu walungan jeung sumber-sumber cai salian ti eta.

11(Ngaran ieu bentang teh "Pait".) Sapertiluna cai jadi pait. Jalma-jalma loba anu paraeh, sabab sakur anu nginum eta cai tuluy paeh ku paitna.

12Malaikat kaopat niup tarompetna. Sapertilu panonpoe, sapertilu bulan, sapertilu bentang-bentang, kateumbrag ku sorana. Sapertilu cahayana masing-masing pareum. Sapertilu beurang jeung sapertilu peuting teu kabagian caang.

13Geus kitu kaula nenjo hiji manuk rajawali hiber luhur di awang-awang, sarta kadenge disada tarik jeung aya unina: "Balahi! Balahi! Balahi pangeusi bumi lamun tarompet anu tilu deui geus ditiup ku malaikat!"



 <<  Wahyu 8 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel