Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 2 >> 

1Gentra teh kieu ungelna, "Eh anak manusa, geura cengkat. Kami boga caritakeuneun."

2Sabot kitu sim kuring katerap ku Roh Allah, sarta deg sim kuring ditangtungkeun. Geus kitu ngeng gentra teh aya deui, ungelna,

3"Eh anak manusa, maneh ku Kami arek diutus ka urang Israil. Maranehna geus barontak ka Kami, ngaralawan. Barontakna nepi ka ayeuna. Karuhunna oge kitu,

4baredegong, ka Kami henteu ngajenan. Nya ku sabab kitu maneh ku Kami diutus ka ditu, ngemban timbalan anu baris diandikakeun ku Kami, PANGERAN Nu Maha Agung.

5Rek nurut rek henteu eta tukang barontak teh ka maneh, kumaha maranehna bae, asal nyarahoeun yen aya nabina.

6Maneh, eh anak manusa, teu kudu sieun ku maranehna. Teu kudu miris ku omonganana. Geus tangtu ngaralawan, ngahararina ka maneh. Hirup jeung maranehna sarua jeung dirubung-rubung ku langgir. Tapi poma ulah inggis ku eta tukang barontak, teu kudu paur ku omonganana.

7Tepikeun bae ka maranehna anu ku Kami baris diandikakeun ka maneh, rek ditarurut rek henteu, kawantu eta teh jalma-jalma anu baredegong pisan.

8Eh anak manusa, regepkeun sagala rupa anu ku Kami baris diandikakeun teh. Maneh mah ulah ngalawan, ulah kawas maranehna. Pek geura calangap, dahar ieu anu diasongkeun ku Kami."

9Sor aya panangan nyodorkeun hiji surat gulungan.

10Seug eta surat gulungan teh ku eta panangan dibuka, katembong dua beulahanana ditulisan, anu ungelna ucapan-ucapan ngagambarkeun jerit kapati-pati, haregung jeung humarurung.



 <<  Yehezkiel 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel