Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 24 >> 

1PANGERAN ka kaula nembongkeun dua karanjang dieusi buah kondang, diteundeun di hareupeun Bait Allah. Harita Raja Yoyakin bin Yoyakim raja Yuda geus ditawan ku Raja Nebukadnesar, ti Yerusalem diboyong ka Babul, bareng jeung pamingpin-pamingpin Yuda katut ahli-ahli jeung tukang-tukang.

2Karanjang anu hiji, eusina buah kondang anu harade pisan, anu asakna pangheulana; anu hiji deui eusina garoreng pisan, nepi ka moal beunang didahar.

3PANGERAN mariksa ka kaula, "Yermia, naon eta nu katenjo?" Piunjuk kaula, "Buah kondang. Anu sae, sae pisan, anu awon, awon pisan dugi ka moal tiasa kateda."

4Timbalana-Na ka kaula,

5"Ceuk timbangan Kami, PANGERAN, Allahna Israil, jalma-jalma anu diboyong ka Babul teh lir eta buah kondang anu harade, ku Kami rek diangken deui.

6Rek diurus jeung dipulangkeun deui ka ieu tanah. Rek diadegkeun, moal diruksak deui. Rek dipelak, moal dirabut.

7Rek sina nyongsrong ku hayangna nyaho yen Kami teh PANGERAN. Ku sabab geus enya-enya tarobat ka Kami, bakal jaradi deui umat Kami, Kami Allahna.

8Ari Raja Sidkia, raja Yuda, jeung ahli-ahli politikna, kitu deui sesa-sesa urang Yerusalem anu araya keneh di ieu tanah, atawa anu parindah ka Mesir, ku Kami, PANGERAN, disaruakeun jeung eta buah kondang anu garoreng nepi ka teu bisa didahar ku goreng-gorengna.

9Rek ditinggang ku hiji balahi anu bakal nimbulkeun kasieun ka sakabeh bangsa di sadunya. Sina diparoyok, dihihina jeung digogoreng ku sakabeh jalma, sarta ngaran-ngaranna bakal diparake sasapaan di unggal tempat paburencayna.

10Ku Kami rek sina ditarajang ku perang, ku kalaparan jeung pagebug, nepi ka moal aya nu nyesa saurang-urang acan di ieu tanah anu ku Kami geus dibikeun ka maranehna jeung ka karuhunna."



 <<  Yeremia 24 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel