Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 29 >> 

1Kaula nyuratan ka dulur-dulur anu ku Nebukadnesar diakut ti Yerusalem ka Babul, nya eta imam-imam, nabi-nabi, para pamingpin rahayat, jeung nu sejen-sejenna.

2Nyuratanana sanggeus Raja Yoyakin diboyong ka Babul jeung ibuna, jeung para pajabat karaton, para pamingpin Yuda jeung Yerusalem, ahli-ahli jeung tukang-tukang.

3Ngirimkeunana dipihapekeun ka Elasa bin Sapan jeung Gemarya bin Hilkia, utusan Raja Sidkia raja Yuda ka Babul, ka Raja Nebukadnesar. Eusina:

4"Kieu timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil, ka sakabeh boyongan, anu ku PANGERAN dikersakeun jaradi tawanan Nebukadnesar, diboyong ti Yerusalem ka Babul. Timbalana-Na:

5‘Maraneh kudu nyarieun imah, kudu bebetah. Kudu ngarebon, hasilna keur dahareun.

6Kudu karawin jeung baroga anak. Anak-anak maraneh oge kudu karawin, sina baroga anak. Kudu anak baranahan, kudu ngalobaan, ulah nepi ka mudedes.

7Kudu digarawe keur kamajuan kota-kota tempat maraneh ku Kami dibuang. Urang dinya pangmentakeun berkah ti Kami, sabab lamun maraneh sarenang, maraneh oge marilu senang.

8Kami, PANGERAN, Allah Israil, ngingetan ka maraneh, ulah beunang kabobodo ku nabi-nabi anu araya di maraneh, atawa ku saha bae anu ngaku-ngaku bisa norah pikahareupeun. Ulah palercaya kana impian-impianana.

9Bohong wungkul panorahna teh. Najan norahna mawa jenengan Kami oge Kami mah henteu ngutus. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.’

10Kieu deui timbalan PANGERAN, ‘Upama di Babul geus jejeg tujuh puluh taun, Kami tangtu ngalayad ka maraneh, baris ngabuktikeun jangji seja mulangkeun maraneh ka lemah cai.

11Kami henteu samar kana sagala pikersaeun ka maraneh. Nya eta seja nyenangkeun, lain rek nyilakakeun. Seja mere pijamugaeun ka hareup.

12Geus kitu maraneh, bakal daraek ngumaha ka Kami. Maraneh tangtu daratang mawa paneda, ku Kami ge tangtu dimakbul.

13Maraneh bakal nareangan Kami jeung tangtu kapanggih, sabab engke mah neanganana enya-enya terus jeung hate.

14Tangtu Kami teh pikapanggiheun, tuluy maraneh ku Kami dipulihkeun deui, dipulangkeun ka tanah sorangan. Rek dikumpulkeun ti saban kota, ti saban daerah tempat maraneh ku Kami dipaburencaykeun, baris dipulangkeun ka tanah urut maraneh diboyong ti dinya. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.’

15Ceuk aranjeun, di Babul teh boga nabi-nabi ti PANGERAN.

16Regepkeun ieu timbalan PANGERAN, hal raja anu marentah di karajaan anu bareto dirajaan ku Daud, jeung hal jelema-jelema di kota eta, nya eta dulur-dulur aranjeun anu henteu milu diakut ka pangbuangan.

17Kieu timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, ‘Maranehna ku Kami arek ditarajang ku perang, ku kalaparan, jeung ku sasalad, jeung dianggap lir buah kondang anu geus kacida barurukna, geus teu beunang didahar.

18Ku Kami sina diudag-udag ku perang, ku kalaparan, jeung ku pagebug, nepi ka bangsa-bangsa saalam dunya sarieuneun nenjona. Di mana bae, di unggal tempat Kami ngaburencaykeun maranehna, jalma-jalma bakal karaget jeung ngarasa sieun, nenjo kajadian anu karandapan ku maranehna. Maranehna bakal jadi pamoyokan batur, ngaran-ngaranna bakal diparake sasapaan.

19Pangna nepi ka dikitukeun teh lantaran teu narurut kana timbalan Kami. Sakitu pangandika Kami tara kendat diamanatkeun ka abdi-abdi Kami, nabi-nabi, tapi tetep teu ditarurut.

20Ari maraneh mah, anu ku Kami dibuang ka Babul, darengekeun ieu timbalan Kami, PANGERAN.’

21PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil, ngandika perkara Ahab bin Kolaya jeung Sidkia bin Maaseya, anu ka aranjeun mere panorah palsu bari mawa pajenengan Mantenna. Timbalana-Na: Eta dua jelema ku Kami rek diselehkeun kana kakawasaan Raja Nebukadnesar raja Babul, ku eta bakal dipaehan hareupeun maraneh.

22Ana geus kitu, upama ti maraneh anu diboyong ti Yerusalem ka Babul aya nu nyumpahan batur, nyumpahanana teh bakal kieu: ‘Muga-muga maneh ku PANGERAN dijieun kawas Sidkia jeung Ahab, anu dipanggang hirup-hirup ku raja Babul.’

23Kitu pinasibeun eta dua jelema, lantaran pohara dorakana, nyieun dosa anu kacida pikagirukeunana, jarinah jeung norah bohong make pajenengan Kami. Peta maranehanana teh ngalawan kana pangersa Kami. Kami uninga kalakuanana, sarta Kami anu jadi saksina. Kitu timbalan PANGERAN."

24(29:24-25) PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil, maparin timbalan ka kaula, anu kudu ditepikeun ka Semaya urang Nehalam. Eta jelema geus ngirim surat ka nu araya di Yerusalem, ka Imam Sepanya putra Maaseya, jeung ka imam-imam sejenna. Eusina pikiranana sorangan. Kieu eusi suratna ka Sepanya:

25(29:24)

26"Bapa ku PANGERAN parantos dijungjung jadi imam ngagentos Yoyada. Nya Bapa ayeuna nu jadi kapala di Bait Allah. Upami aya jelema burung ngaku-ngaku jadi nabi, Bapa anu wajib ngarante beuheungna ku belenggu beusi.

27Nanging, ku naon margina eta Yermia urang Anatot, ngomongan ka jalma rea kawas nabi ku Bapa diantep bae?

28Kikituanana kedah dieureunkeun, margi parantos ngomongan ka nu araya di Babul, carekna, arayana di pangbuangan teh bakal kacida lamina. Nu mawi carekna, kudu nyarieun imah, kudu bebetah, kudu ngarebon, hasilna keur dahareun."

29Eta surat dibacakeun ka kaula ku Sepanya.

30Geus kitu PANGERAN nimbalan ka kaula,

31miwarang ngirimkeun timbalana-Na ka para buangan di Babul, ngeunaan Semaya. Kieu timbalana-Na, "Kami, PANGERAN, baris nyiksa ka Semaya jeung ka turunanana. Eta jelema ku Kami henteu diutus, tapi geus ngawejang ka maraneh kawas nabi bae, nepi ka maraneh percaya kana bohongna.

32Ku sabab eta, di tengah maraneh moal aya saurang-urang acan turunanana. Eta jelema moal bisa hirup lila-lila, moal ngalaman sagala rupa pibagjaeun anu ku Kami keur disadiakeun keur umat Kami, sabab geus ngajak umat Kami ngaralawan ka Kami. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."



 <<  Yeremia 29 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel