Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 14 >> 

1PANGERAN bakal hawatoseun deui ka Israil umat-Na. Israil bakal diangken deui jadi kagungana-Na. Bakal diwidian nyaricingan deui tanahna, bareng jeung bangsa asing anu marilu hirup di dinya.

2Loba bangsa anu bakal ngabantu urang Israil mulang ka tanahna, tanah paparin PANGERAN. Di nagrina sorangan urang Israil bakal dikaulaan ku bangsa-bangsa sejen. Anu bareto nangkep Israil bakal ditangkep ku Israil, anu bareto ka Israil nyangsara bakal diparentah ku Israil.

3Kasangsaraan urang Israil ku PANGERAN bakal dienggeuskeun, kanyerina bakal dileungitkeun, dijait tina kerja paksana.

4Sanggeus kitu maranehna bakal nyieun popoyokan pikeun Babul, kieu: "Kutan raja lalim teh geus tiguling! Atuh moal bisaeun nyiksa deui!

5(14:5-6) Eta pangawasa-pangawasa nu jarahat, anu marentahna bari amarah, anu tara eureun-eureun nyiksa bangsa-bangsa patalukanana, kakawasaanana geus ditilas ku PANGERAN.

6(14:5)

7Ayeuna jagat geus tengtrem, geus aman, jalma-jalma saruka bungah.

8Kayu kijamuju jeung kiputri di Libanon jaligrah da eta raja geus tiguling, maranehna moal aya nu nuaran deui, da tukang nuaranana geus euweuh!

9Dunya anu maraot geus gugupay, ngagupayan raja Babul. Arwah jalma-jalma anu keur hirupna karawasa teh bakal digiring ka dinya. Arwah raja-raja tingjuringkang tina tahta-tahtana,

10nyaralukan ka raja Babul, ‘Nah, maneh ge geus apes, teu beda ti kami, bakal ngabaturan kami.

11Bareto geus biasa dikawihan, dipangnabeuhkeun kacapi, biasa ngamulyakeun maneh, ayeuna kudu ngagoler di dunya anu maraot, disimbut ku cacing-cacing, dikasur bilatung-bilatung.’"

12Eh raja Babul, bentang pajar nu moncorong! Maneh enggeus ngagebut ragrag ti langit! Bareto sok nalukkeun bangsa-bangsa, ayeuna geus digejretkeun kana taneuh.

13Bareto maneh geus ujub arek mancal langit, rek nagenkeun tahta saluhureun bentang anu pangluhurna. Geus boga pikir rek anegleng jadi raja di puncak gunung di kaler, tempat kumpul dewa-dewa.

14Majar teh rek naek ka puncak mega, rek nyaruaan ka Nu Maha Kawasa.

15Tapi geuning bet digebruskeun ka handap nu pangjerona, ka dunyana nu maraot!

16Nu geus maraot ka maneh malencrong jeung nareuteup semu heran. Tuluy ngaromong, "Kutan eta jelema anu ngoyagkeun jagat ngendagkeun karajaan-karajaan teh?

17Baruk eta anu ngaburak-barik nagri-nagri jeung malikkeun jagat jadi gurun keusik teh? Kutan eta jelemana anu tara ngaleupaskeun sakitanana sangkan mulang teh?"

18Urut raja-raja sejen kabeh baroga kuburan jeung aralus,

19ari maneh mah teu boga. Bangke maneh bakal dialungkeun tuluy buruk, kaurugan ku bangke-bangke serdadu anu tariwas di pangperangan, tuluy bareng digurubagkeun kana liang cadas, kaleyek-leyek kawas bangke.

20Mayit maneh moal aya nu nguburkeun cara raja-raja sejen, da nagri maneh geus ruksak ku maneh sorangan, rahayat maneh paraeh ku maneh keneh. Kulawarga maneh anu jarahat tea saurang ge moal aya anu salamet.

21Geura prak peuncitan! Anak ieu raja bakal maraot nanggung dosa karuhunna, saurang ge moal aya anu kawasa di ieu jagat, moal aya anu minuhan jagat ku nyieunan kota-kota.

22PANGERAN Nu Maha Kawasa ngadawuh, "Babul ku Kami rek ditarajang diburak-barik. Moal disesakeun, saurang ge moal aya anu dihirupan, kaasup barudakna. Kami, PANGERAN, anu nimbalan kitu.

23Babul rek dijieun ranca, jadi enggon bueuk. Babul ku Kami rek disapu, sagala rupana tangtu beak disapukeun. Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa anu nimbalan."

24PANGERAN Nu Maha Kawasa geus ikrar, "Naon bae sakersa Kami bakal ngajadi. Putusan Kami kabeh tangtu bukti.

25Kami rek ngabasmi urang Asur di tanah Israil kagungan Kami, sarta ngaleyek maranehna di gunung-gunung Kami. Kami rek mecat pasangan ti umat Kami anu diterapkeun ku maranehna, jeung nurunkeun momotanana.

26Kitu pangersa Kami anu bakal tumiba ka alam dunya. Leungeun Kami geus ngangkang rek ngahukum bangsa-bangsa."

27PANGERAN Nu Maha Kawasa geus mastikeun kitu. Panangana-Na geus sadia baris ngahukum, moal aya nu bisa ngahalang-halang.

28Ieu pangandika anu diembarkeunana dina taun pupusna Raja Ahas.

29Eh urang Pelisti, panggitik anu dipake ngagitik ka maneh geus bubuk. Tapi maneh taya alesan pikeun bungah. Oray nu hiji geus paeh, tapi aya gantina nu leuwih bahaya. Aya hiji endog oray, ana megar jadi naga hiber.

30PANGERAN bakal ngarawat umat-Na anu sangsara, ngaraksa sangkan maranehna salamet. Sabalikna maraneh, eh urang Pelisti, bakal ditarajang ku bahaya kalaparan! Maraneh saurang ge moal aya nu hirup.

31Eh kota-kota nagri Pelisti, geura sasambat tulung-tulungan! Kabeh geura tingdaregdeg kasieunan! Aya nu ngebul meledug ti beulah kaler: Hiji balad bakal narajang ka maneh, jalma-jalmana saurang ge taya nu kecing.

32Kudu kumaha jawaban urang ka utusan-utusan nu daratang ka urang ti Pelisti? Rek ditembal, yen PANGERAN geus nguatkeun Sion, sarta umat Mantenna anu sangsara bakal aman di dinya.



 <<  Yesaya 14 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel